Seputar Islam

Contoh Khutbah Jumat Bahasa Sunda Tema Bulan Syawal Edisi 11 April 2025, Khidmat dan Ada LINK PDF

Berikut akan disajikan cotoh Teks Khutbah Jumat Bahasa Sunda bertemakan Bulan Syawal 1446 Hijriyah edisi 11 April 2025 penuh khidmat dan menyentuh hat

Tribunsumsel.com
ILUSTRASI MASJID - Inilah Contoh Khutbah Jumat Bahasa Sunda Tema Bulan Syawal Edisi 11 April 2025, Khidmat dan Ada LINK PDF 

Saterasna Rosul masihan conto amaliah, anu ieu padamelan teh kacida ageung pisan ganjaranna, nalika sabadana rengse shaum sasih ramadhan di sunatkeun shaum genep dinten di bulan syawal. Rasulullah SAW ngadawuh :

مَنْ صَامَ رَمَضَانَ وَأَتْبَعَهُ سِتَّا مِنْ شَوَّلٍ, كَانَ كَصَوْمِ الدَّهْرِ

Hartosna: ”Sing saha jalma anu puasa di bulan romadhan sareng neraskeun genep dinten tina bulan syawal, kaya-kaya saperti anu puasa sataun lamina”. (HR. Muslim)

Dumasar kana katerangan ieu hadits, sabab dina satahun teh aya 360 dinten jeung puasa ramadhan 30 dinten kali 10 jadi 300 dinten ditambih genep dinten puasa di sasih syawal kali 10 sami sareng genep puluh dinten, jadi jumlah sadayana sami sareng satahun lamina.

Hijrah Jeung Muhasabah Sangkan Berkah

Syukur Sangkan Dina Kajayaan..

Sabagian  ulama aya anu  ngamakruhkeun puasa dibulan syawal anu tujuanna pikeun nyegah kajadianna, tasyabbuh (nyarupaan) sareng ahli kitab anu sok nambah-nambah fardlu, atanapi ku ayana poean lebaran iedul fithri, tiasa misahkeun / ngabedakeun puasa ramadhan tina puasa sasih syawal, mangka leungit bentuk tasyabbuh anu dipikasieun teh, kumargi anu kahiji puasa ramadhan ngarupakeun puasa wajib sedengkeun puasa syawal ngarupakeun puasa sunah.

Numutkeun Abdul Wahab, rahasiahna disunatkeun puasa genep dinteun di bulan syawal, kusabab aya kamungkinan hawa nafsu jalma-jalma baralik deui kana perkara-perkara anu dilarang dicarek ku Allah SWT., anu akibatna eta jalma bakal lalei sareng teu sadar kana prilaku anu teu luyu sareng ajaran agama / pendidikan anu tos dibina dina sasih ramadhan.  Maka puasa genep dinteun ieu ngarupakeun prisai atanapi tameng tina kakurangan ngalakonan puasa dina bulan ramadhan.

Hadirin jamaah jum’ah Rohimakumullah !

Ngalangkungan  khutbah ieu hayu urang sami-sami ningkatkeun ka taqwaan ka Allah SWT, nyalindung ka mantenna supados tiasa nguatkeun kaimanan  urang kanggo nglaksanakeun ibadah ka mantenna sangkan kenging kabagjaan dunya rawuh akherat.

Mudah-mudahan urang digolongkeun  jalmi-jalmi anu kenging ridho mantena. Amin ya robbal ’Alamin.

بَارَكَ اللهُ لِىْ وَلَكُمْ فِى الْقُرْانِ الْعَظِيْمِ, وَنَفَعَنِيْ مِنَ اْلايَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ اِنَّهُ هُوَالسَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ

Khutbah II

 اَلْحَمْـدُ للهِ رَبِّ الْعَـالَمِيْـنَ، وَبِـهِ نَسْتَعِيْـنَ عَلى اُمُـوْرِ الدُّنْـيَا وَالدِّيـنِ، وَالصَّـلاَة وَالسَّـلاَمُ عَلى اَشْرَفِ الاَنْـبِيَاءِ وَالْمُرْسَلِيْـنَ، وَعَلى الِهِ وَصَحْـبِهِ اَجْمَعِيْـنَ، اَشْهَـدُ اَنْ لاَاِلهَ اِلاَّاللهُ الْمَلِكُ الْحَقُّ الْمُبِيْـنَ، وَاَشْهَـدُ اَنَّ مُحَمَّـدًا عَبْـدُه وَرَسُـوْلُهُ صَادِقُ الْوَعْـدِ الاَمِيْـنِ، اَللّـهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلى سَيِّـدِنَا مُحَمَّـدٍ وَعَلى الِهِ وَاَصْـحَابِـهِ اَجْمَعِيْـنَ.

اَمَّابَعْـدُ: فَـيَااَيُّـهَا النَّـاسُ اتَّقُـوْا اللهَ حَقَّ تُقَـاتِـهِ وَلاَتَمُـوْتُـنَّ اِلاَّ وَاَنْـتُمْ مُسْـلِمُـوْنَ. اَللّـهُمَّ اغْـفِرْ لِلْمُسْلِمِيْـنَ وَالْمُسْـلِمَاتِ وَالْمُؤْمِنِيْـنَ وَالْمُؤْمِنَـاتِ اَلاَحْياءِ مِنْـهُمْ وَالاَمْـوَاتِ، اَللّـهُمَّ اجْـعَلْ اِجْـتِمَاعَنَا اِجْـتِمَاعًا مَرْحُـوْمًا وَتَفَرَّقَـنَا مِنْ بَعْـدِهِ تَفَرُّقًا مَعْصُـوْمًا،. رَبَّنَا اَنْزِلْنَا مُنْزَلًا مُّبَاَرَكً وَّاَنْتَ خَيْرُ الْمُنْزِلِيْن, رَبَّنَا اَفْرِغْ عَلَيْنَا صَبْرًا ثَبِّتْ اَقْدَاَمَنَا وَاْنصُرْنَا عَلَى اْلقَوْمِ اْلكَافِرِيْن. رَبَّـنَا اتِـنَا فِى الدُّنْـيَا حَسَنَـةً وَفِى الْاخِرَةِ حَسَنَـةً وَقِنَاعَـذَابَ الـنَّارِ. وَالْحَمْـدُ للهِ رَبِّ الْعَـالَمِيْـنَ

***

Berita Terkait
Ikuti kami di
AA

Berita Terkini

© 2025 TRIBUNnews.com Network,a subsidiary of KG Media.
All Right Reserved