Seputar Islam

Contoh Khutbah Jumat Bahasa Sunda Tema Bulan Syawal Edisi 11 April 2025, Khidmat dan Ada LINK PDF

Berikut akan disajikan cotoh Teks Khutbah Jumat Bahasa Sunda bertemakan Bulan Syawal 1446 Hijriyah edisi 11 April 2025 penuh khidmat dan menyentuh hat

Tribunsumsel.com
ILUSTRASI MASJID - Inilah Contoh Khutbah Jumat Bahasa Sunda Tema Bulan Syawal Edisi 11 April 2025, Khidmat dan Ada LINK PDF 

TRIBUNSUMSEL.COM - Berikut akan disajikan cotoh Teks Khutbah Jumat Bahasa Sunda bertemakan Bulan Syawal 1446 Hijriyah edisi 11 April 2025 penuh khidmat dan menyentuh hati. Tersedia juga dalam format PDF yang bisa Anda unduh melalui link tautan dibawah ini.

  • Unduh PDF Naskah Khutbah Jumat Terbaru >> [Disini:]

____

Khutbah Jumat Bahasa Sunda

"Kautamaan Puasa Sunat Dina Bulan Syawal"

Khutbah I

اَلْحَمْدُالله الَّذِيْ جَعَلَ الْيَوْمَ عِيْدًا لِعِبَادِهِ الْمُؤْمِنِيْنَ وَخَتَمَ بِهِ شَهْرَ الصِّيَامِ لِلْمُخْلِصِيْنَ, وَجَعَلَ فِى طَاعَتِه عِزَّالدُّنْيَا وَاْلاخِرَةِ لِلطَّائِعِيْنَ وَفِى مَعْصِيَتِهِ دُلَّ الدَّارَيْنِ لِلْعَاصِيْنَ. اَشْهَدُ اَنْ لاَاِلَهَ اِلاَّاللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ شَهَادَةً بِهَاتَطْهُرُ الْقُلُوْبُ مِنَ الْغِشِّ اللَّعِيْنَ. وَاَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ اَطْوَعُ الْخَلْقِ لِرَبِّ الْعَالَمِيْنَ. اَللّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّم وَبَارِكْ عَلَى سَيْدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى الِهِ وَأَصْحَابِهِ الْمُجَاهِدِيْنَ .(اَمَّابَعْدُ): فَيَااَيُّهَا النَاسُ اِتَّقُوْ اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنَّ اِلاَّ وَاَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ . اَعُوْذُ بِااللهِ مِنَ الشَيْطَانِ الرَّجِيْمِ. بِسْمِ اللهِ الرَّحْمَنِ الرَّحِيْم.  قَدۡ أَفۡلَحَ مَن زَكَّىٰهَا.  

Hadirin jamaah jum’ah rohimakumullah !

Sadaya puji urang sanggakeun ka Allah dzat anu maha suci, anu parantos ngawajibkeun ka urang sadaya shaum sasasih dina sasih ramadhon. Shalawat miwah salam mugi didugikeun ka gusti Nabi  anu pinilih nyaeta kangjeng Nabi Muhammad s.a.w, ka kulawargina, para sahabatna sareng sakumna ummat muslimin-muslimat.

Dina danget ieu, di bulan syawal urang sadayana dipasihan nikmat ku Allah swt. Nikmat  kasucian jiwa ladang riyadhoh, mujahahadah jeung tazkiyatunnufus (latihan, berjuang jeung ngabersihkeun hate) dina sasih ramadhon. Sangkan jiwa jeung raga urang ningkat kana darajat takwa ka Allah subhanahu wata’ala.

Asa sakolebat pisan urang ngadegkeun shalat iedul fithri, gumuruhna sora takbir,tahlil sareng tahmid anu diucapkeun  rebuan malih jutaan ummat Islam sa-alam dunya di marcapada, satungkebing langit satangkaraking jagat, ti rupa-rupa bangsa jeung tingkatan. 

Pujian jeung syukur  

kana sagala nikmat Allah rehna parantos ngalaksanakeun ibadah anu mulya nyaeta puasa, nahan lapar jeung dahaga, nahan nafsu amaroh (jiwa anu hina), tur ngajauhan ma’siat jeung kajahatan pikeun ngahontal kabagjaan dunya jeung akherat nyaeta ku kasucian jiwa.

Pidawuh Allah SWT:

 قَدۡ أَفۡلَحَ مَن زَكَّىٰهَا ٩ وَقَدۡ خَابَ مَن دَسَّىٰهَا

Hartosna: “Saestuna bagja jalma anu nyucikeun jiwana, Jeung cilaka pisan jalma anu ngotoran jiwana.” (as-syams: 9-10)

Hadirin Rohimakumulloh !

Sapantesna dina poean lebaran dibulan syawal di antara urang aya rasa kagumbiraan jeung kabagjaan anu dirasakeun sahingga nimbulkeun dorongan kahayang sangkan indit ka kadang wargi leumpang ka sobat-sobat. Kalayan bari ngucapkeun ”Taqabbalallahu Minna Wa Minkum Shiyamana Washiamakum”. Mugi-mugi Allah nampi shaum urang sadayana sareng shaum aranjeuna.

Halaman
12
Berita Terkait
Ikuti kami di
AA

Berita Terkini

© 2025 TRIBUNnews.com Network,a subsidiary of KG Media.
All Right Reserved