Seputar Islam
Contoh Khutbah Jumat Bahasa Sunda Tema Bulan Syawal Edisi 11 April 2025, Khidmat dan Ada LINK PDF
Berikut akan disajikan cotoh Teks Khutbah Jumat Bahasa Sunda bertemakan Bulan Syawal 1446 Hijriyah edisi 11 April 2025 penuh khidmat dan menyentuh hat
Penulis: Putri Kusuma Rinjani | Editor: Putri Kusuma Rinjani
TRIBUNSUMSEL.COM - Berikut akan disajikan cotoh Teks Khutbah Jumat Bahasa Sunda bertemakan Bulan Syawal 1446 Hijriyah edisi 11 April 2025 penuh khidmat dan menyentuh hati. Tersedia juga dalam format PDF yang bisa Anda unduh melalui link tautan dibawah ini.
- Unduh PDF Naskah Khutbah Jumat Terbaru >> [Disini:]
____
Khutbah Jumat Bahasa Sunda
"Kautamaan Puasa Sunat Dina Bulan Syawal"
Khutbah I
اَلْحَمْدُالله الَّذِيْ جَعَلَ الْيَوْمَ عِيْدًا لِعِبَادِهِ الْمُؤْمِنِيْنَ وَخَتَمَ بِهِ شَهْرَ الصِّيَامِ لِلْمُخْلِصِيْنَ, وَجَعَلَ فِى طَاعَتِه عِزَّالدُّنْيَا وَاْلاخِرَةِ لِلطَّائِعِيْنَ وَفِى مَعْصِيَتِهِ دُلَّ الدَّارَيْنِ لِلْعَاصِيْنَ. اَشْهَدُ اَنْ لاَاِلَهَ اِلاَّاللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ شَهَادَةً بِهَاتَطْهُرُ الْقُلُوْبُ مِنَ الْغِشِّ اللَّعِيْنَ. وَاَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ اَطْوَعُ الْخَلْقِ لِرَبِّ الْعَالَمِيْنَ. اَللّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّم وَبَارِكْ عَلَى سَيْدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى الِهِ وَأَصْحَابِهِ الْمُجَاهِدِيْنَ .(اَمَّابَعْدُ): فَيَااَيُّهَا النَاسُ اِتَّقُوْ اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنَّ اِلاَّ وَاَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ . اَعُوْذُ بِااللهِ مِنَ الشَيْطَانِ الرَّجِيْمِ. بِسْمِ اللهِ الرَّحْمَنِ الرَّحِيْم. قَدۡ أَفۡلَحَ مَن زَكَّىٰهَا.
Hadirin jamaah jum’ah rohimakumullah !
Sadaya puji urang sanggakeun ka Allah dzat anu maha suci, anu parantos ngawajibkeun ka urang sadaya shaum sasasih dina sasih ramadhon. Shalawat miwah salam mugi didugikeun ka gusti Nabi anu pinilih nyaeta kangjeng Nabi Muhammad s.a.w, ka kulawargina, para sahabatna sareng sakumna ummat muslimin-muslimat.
Dina danget ieu, di bulan syawal urang sadayana dipasihan nikmat ku Allah swt. Nikmat kasucian jiwa ladang riyadhoh, mujahahadah jeung tazkiyatunnufus (latihan, berjuang jeung ngabersihkeun hate) dina sasih ramadhon. Sangkan jiwa jeung raga urang ningkat kana darajat takwa ka Allah subhanahu wata’ala.
Asa sakolebat pisan urang ngadegkeun shalat iedul fithri, gumuruhna sora takbir,tahlil sareng tahmid anu diucapkeun rebuan malih jutaan ummat Islam sa-alam dunya di marcapada, satungkebing langit satangkaraking jagat, ti rupa-rupa bangsa jeung tingkatan.
Pujian jeung syukur
kana sagala nikmat Allah rehna parantos ngalaksanakeun ibadah anu mulya nyaeta puasa, nahan lapar jeung dahaga, nahan nafsu amaroh (jiwa anu hina), tur ngajauhan ma’siat jeung kajahatan pikeun ngahontal kabagjaan dunya jeung akherat nyaeta ku kasucian jiwa.
Pidawuh Allah SWT:
قَدۡ أَفۡلَحَ مَن زَكَّىٰهَا ٩ وَقَدۡ خَابَ مَن دَسَّىٰهَا
Hartosna: “Saestuna bagja jalma anu nyucikeun jiwana, Jeung cilaka pisan jalma anu ngotoran jiwana.” (as-syams: 9-10)
Hadirin Rohimakumulloh !
Sapantesna dina poean lebaran dibulan syawal di antara urang aya rasa kagumbiraan jeung kabagjaan anu dirasakeun sahingga nimbulkeun dorongan kahayang sangkan indit ka kadang wargi leumpang ka sobat-sobat. Kalayan bari ngucapkeun ”Taqabbalallahu Minna Wa Minkum Shiyamana Washiamakum”. Mugi-mugi Allah nampi shaum urang sadayana sareng shaum aranjeuna.
Saterasna Rosul masihan conto amaliah, anu ieu padamelan teh kacida ageung pisan ganjaranna, nalika sabadana rengse shaum sasih ramadhan di sunatkeun shaum genep dinten di bulan syawal. Rasulullah SAW ngadawuh :
مَنْ صَامَ رَمَضَانَ وَأَتْبَعَهُ سِتَّا مِنْ شَوَّلٍ, كَانَ كَصَوْمِ الدَّهْرِ
Hartosna: ”Sing saha jalma anu puasa di bulan romadhan sareng neraskeun genep dinten tina bulan syawal, kaya-kaya saperti anu puasa sataun lamina”. (HR. Muslim)
Dumasar kana katerangan ieu hadits, sabab dina satahun teh aya 360 dinten jeung puasa ramadhan 30 dinten kali 10 jadi 300 dinten ditambih genep dinten puasa di sasih syawal kali 10 sami sareng genep puluh dinten, jadi jumlah sadayana sami sareng satahun lamina.
Hijrah Jeung Muhasabah Sangkan Berkah
Syukur Sangkan Dina Kajayaan..
Sabagian ulama aya anu ngamakruhkeun puasa dibulan syawal anu tujuanna pikeun nyegah kajadianna, tasyabbuh (nyarupaan) sareng ahli kitab anu sok nambah-nambah fardlu, atanapi ku ayana poean lebaran iedul fithri, tiasa misahkeun / ngabedakeun puasa ramadhan tina puasa sasih syawal, mangka leungit bentuk tasyabbuh anu dipikasieun teh, kumargi anu kahiji puasa ramadhan ngarupakeun puasa wajib sedengkeun puasa syawal ngarupakeun puasa sunah.
Numutkeun Abdul Wahab, rahasiahna disunatkeun puasa genep dinteun di bulan syawal, kusabab aya kamungkinan hawa nafsu jalma-jalma baralik deui kana perkara-perkara anu dilarang dicarek ku Allah SWT., anu akibatna eta jalma bakal lalei sareng teu sadar kana prilaku anu teu luyu sareng ajaran agama / pendidikan anu tos dibina dina sasih ramadhan. Maka puasa genep dinteun ieu ngarupakeun prisai atanapi tameng tina kakurangan ngalakonan puasa dina bulan ramadhan.
Hadirin jamaah jum’ah Rohimakumullah !
Ngalangkungan khutbah ieu hayu urang sami-sami ningkatkeun ka taqwaan ka Allah SWT, nyalindung ka mantenna supados tiasa nguatkeun kaimanan urang kanggo nglaksanakeun ibadah ka mantenna sangkan kenging kabagjaan dunya rawuh akherat.
Mudah-mudahan urang digolongkeun jalmi-jalmi anu kenging ridho mantena. Amin ya robbal ’Alamin.
بَارَكَ اللهُ لِىْ وَلَكُمْ فِى الْقُرْانِ الْعَظِيْمِ, وَنَفَعَنِيْ مِنَ اْلايَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ اِنَّهُ هُوَالسَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ
Khutbah II
اَلْحَمْـدُ للهِ رَبِّ الْعَـالَمِيْـنَ، وَبِـهِ نَسْتَعِيْـنَ عَلى اُمُـوْرِ الدُّنْـيَا وَالدِّيـنِ، وَالصَّـلاَة وَالسَّـلاَمُ عَلى اَشْرَفِ الاَنْـبِيَاءِ وَالْمُرْسَلِيْـنَ، وَعَلى الِهِ وَصَحْـبِهِ اَجْمَعِيْـنَ، اَشْهَـدُ اَنْ لاَاِلهَ اِلاَّاللهُ الْمَلِكُ الْحَقُّ الْمُبِيْـنَ، وَاَشْهَـدُ اَنَّ مُحَمَّـدًا عَبْـدُه وَرَسُـوْلُهُ صَادِقُ الْوَعْـدِ الاَمِيْـنِ، اَللّـهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلى سَيِّـدِنَا مُحَمَّـدٍ وَعَلى الِهِ وَاَصْـحَابِـهِ اَجْمَعِيْـنَ.
اَمَّابَعْـدُ: فَـيَااَيُّـهَا النَّـاسُ اتَّقُـوْا اللهَ حَقَّ تُقَـاتِـهِ وَلاَتَمُـوْتُـنَّ اِلاَّ وَاَنْـتُمْ مُسْـلِمُـوْنَ. اَللّـهُمَّ اغْـفِرْ لِلْمُسْلِمِيْـنَ وَالْمُسْـلِمَاتِ وَالْمُؤْمِنِيْـنَ وَالْمُؤْمِنَـاتِ اَلاَحْياءِ مِنْـهُمْ وَالاَمْـوَاتِ، اَللّـهُمَّ اجْـعَلْ اِجْـتِمَاعَنَا اِجْـتِمَاعًا مَرْحُـوْمًا وَتَفَرَّقَـنَا مِنْ بَعْـدِهِ تَفَرُّقًا مَعْصُـوْمًا،. رَبَّنَا اَنْزِلْنَا مُنْزَلًا مُّبَاَرَكً وَّاَنْتَ خَيْرُ الْمُنْزِلِيْن, رَبَّنَا اَفْرِغْ عَلَيْنَا صَبْرًا ثَبِّتْ اَقْدَاَمَنَا وَاْنصُرْنَا عَلَى اْلقَوْمِ اْلكَافِرِيْن. رَبَّـنَا اتِـنَا فِى الدُّنْـيَا حَسَنَـةً وَفِى الْاخِرَةِ حَسَنَـةً وَقِنَاعَـذَابَ الـنَّارِ. وَالْحَمْـدُ للهِ رَبِّ الْعَـالَمِيْـنَ
***
Doa Agar Dijauhkan dari Pemimpin yang Zalim, Lengkap Tulisan Arab, Latin dan Artinya |
![]() |
---|
Arti Ayat Ya Ayyuhalladzina Amanu Shollu Alaihi Wa Sallimu Taslima, Perintah Allah untuk Bershalawat |
![]() |
---|
Hadits Keutamaan Shalawat Baca 1x Dibalas 10x, Man Shalla Alayya Sholatan Wahidatan |
![]() |
---|
Khutbah Jumat Rabiul Awal Bahasa Sunda Edisi 29 Agustus 2025, Menyentuh dan Penuh Makna |
![]() |
---|
Teks Khutbah Jumat Bahasa Jawa Maulid Nabi Muhammad SAW, Khidmat dan Menyentuh, Ada LINK PDF |
![]() |
---|
Isi komentar sepenuhnya adalah tanggung jawab pengguna dan diatur dalam UU ITE.