Seputar Islam

Naskah Khutbah Jumat Bulan Safar Edisi 23 Agustus 2024 dalam Bahasa Sunda, Singkat dan Ada PDFnya

Berikut ini akan Tribunsumsel sajikan contoh Khutbah Jumat tentang bulan Safar edisi 23 Agustus 2024 dalam Bahasa Sunda beserta link PDF yang bisa And

Tribunsumsel.com
Naskah Khutbah Jumat Bulan Safar Edisi 23 Agustus 2024 dalam Bahasa Sunda, Singkat dan Ada PDFnya 

Para hadirin sadaya,

Peryogi di perhatoskeun, yen:

1. Calon ahli naraka teh ti sarebu urang aya 999 urang

2. Jalma anu jahat leuwih bahaya ti batan sato. Hal ieu tiasa dibuktikeun dina kajadian sadidinteun anu tumiba ka sapalihna jalma anu jahat, anu ingkar kana hukum Allah.

Mangpirang-pirang jalma anu carilaka, anu sangsara ku lampahna sorangan, kadang kala maotna oge tara aya anu ngurus. Malah masyarakat aratoheun ku maotna.

Tapi sato hewan anu galak, terus dipeuncit, aya keneh manfaatna, boh dagingna, kulitna jeung sajabana ti eta.

Para hadirin sadaya,

Sangkan manusa tiasa tetep aya dina kamulyaan boh di dunya sumawona di aherat, Gusti Allah kalawan rohmat-na anu agung parantos masihan pituduh kieu:

لَيْسَ الْبِرَّاَنْ تُوَلُّوْاوُجُوْهَكُمْ قِبَلَ الْمَشْرِقِ وَالْمَغْرِبِ وَلَكِنَّ الْبِرَّمَنْ اَمَنَ بِاللهِ وَاليَوْمِ اْلاَخِرِوَالْمَلَئِكَةِوَالْكِتَبِ وَالنَّبِيِّنَ وَاَتَى الْمَالَ عَلَى حُبِّهِ ذَوِى الْقُرْبَ وَالْيَتَمَى وَالْمَسَكِيْنِ وَابْنِ السَّبِيْلِ،وَالْمَسَّائِلِيْنَ وَفِى الرِّقَابْ،وَاَقاَمَ الصَّلَوةَوَاَتَى اَتَى اَلزَّكَوةَوَالْمُوفُوْنَ بِعَهْدِهِمْ اِذَاعَهَدُوْا،وَالصَّبِرِيْنَ فِى الْبَأْسَاءِوَالضَّرَّاءِوَحِيْنَ الْبَأْسِ،اُوْلَئِكَ الَّذِيْنَ صَدَقُوْا،وَاُوْلَئِكَ هُمُ الْمُتَّقُوْنَ.(البقرة:177)

Hartosna: “henteu hade pagawean maraneh sakapeung nyanghareupan beungeut (jiwa) maraneh ka beulah  weta jeung sakapeung ka kulon, tapi anu hade mah nyaeta kalakuan jalma mu’min ka Allah jeung ka poe Ahir jeung Malaikat jeung kana Kitab jeung ka para Nabi Allah jeung sok daek nyideukahkeun harta bandana sanajan maranehanana oge reusepeun ( lebareun), ka karabatna, ka barudak yatim, ka pakir miskin ka barudak anu keur nyaraba, ka nu baramaen  jeung ka abid anu mayar nyicil ka dununganana jeung sok ngalobakeun solat, ngaluarkeun zakat jeung nu sok nyumponan kana janjina dimana manehanana jarangji jeung anu salabar  nalika meunang kasusah atawa kamiskinan, nalika gering jeung keur nalika perang campuh. Tah anu karitu the jalma-jalma tarakwa ka Allah.”

Para hadirin sadaya,

Perlu diemutkeun yen ku ayana percaya kana ayana Allah sareng sipat-sipat kasampurnaannana, urang bakal tiasa:

1. Ngagaduhan jiwa anu kuat, tabah mayunan sagala rupa kajadian, sarta katenangan anu memang pohara pentingna pikeun hirup di dunya teh.  Umpama jalma jiwana henteu tenang, pikiranna kalang kabut, padamelanana oge moal beres. Bandanna gampil kaserang panyakit jeung sajabina.

2. Cahaya hate anu caang ku nur ilahi anu bakal ngajurung kana katakwaan ka Allah swt. Serta salamina kenging panangtayungan ti mantenna sareng rea-rea deui.

Ku ayana iman kana poe aherat, hartina bakal aya pangwales kana sadaya amal urang, tinangtu mangrupikeun panahan napsu anu angkara murka, sadaya tingkah laku urang tiasa tambih sae, moal wanton jail kaniaya, atawa ngarogahala ka papada manusa, malah ka sasatoan oge wantun nyiksa, malah timbul rasa nyaah. Tah kitu hikmahna iman kana poe aherat.

Halaman
123
Berita Terkait
  • Ikuti kami di
    AA

    Berita Terkini

    © 2025 TRIBUNnews.com Network,a subsidiary of KG Media.
    All Right Reserved