Seputar Islam

Naskah Khutbah Jumat Bulan Safar Edisi 23 Agustus 2024 dalam Bahasa Sunda, Singkat dan Ada PDFnya

Berikut ini akan Tribunsumsel sajikan contoh Khutbah Jumat tentang bulan Safar edisi 23 Agustus 2024 dalam Bahasa Sunda beserta link PDF yang bisa And

Tribunsumsel.com
Naskah Khutbah Jumat Bulan Safar Edisi 23 Agustus 2024 dalam Bahasa Sunda, Singkat dan Ada PDFnya 

TRIBUNSUMSEL.COM - Berikut ini akan Tribunsumsel sajikan contoh Khutbah Jumat tentang bulan Safar edisi 23 Agustus 2024 dalam Bahasa Sunda beserta link PDF yang bisa Anda unduh melalui tautan dibawah ini.

___

KHUTBAH JUMAT BAHASA SUNDA

"Sipat Jalma Anu Sampurna"

Khutbah I

السَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُاللهِ وَبَرَكَاتُهُ،،

اَلْحَمْدُلِلهِ الَّذِي خَلَقَنَابِاَحْسَنِ تَقْوِيْمٍ،وَهَدَانَااِلَى صِرَاطِهِ الْمُسْتَقِيْمِ،وَااِلَى دِيْنِهِ الْقَدِيْمِ.
اَشْهَدُاَنْ لاَاِلَهَ اِلاَّاللهُ الْمَلِكُ الْحَقُّ الْمُبِيْنُ،وَاَشْهَدُاَنَّ مُحَمَّدَارَسُوْاللهِ الصَّادِقُ الْوَعْدُاْلاَمِيْنْ.وَاُصَلِّى وَاُسَلِّمُ عَلَى خَيْرِخَلْقِ اللهِ فِى اْلاَوَّلِيْنَ وَاْلاَخِرِيْنَ مُحَمَّدِبْنِ عَبْدِاللهِ الدَاعِى اِلَى سَبِيْلِ الْمُهْتَدِيْنَ وَعَلَى اَلِهِ وَصَحْبِهِ الَّذِيْنَ جَاهَدُوْااَنْفُسَهُمْ لَيَدْخُلُوْافِى جُمْرَةِالْمُفْلِهِنَ،فَيَااَيُّهَاالنَّاسُ اتَّقُ االلهَ فِى جَمِيْعِ الْحَالاَتِ وَالْحَرَكَاتِ وَزَيِّنُوااَنْفُسَكُمْ بِالصِفَاتِ الْمَهْمُوْدَاتِ وَاتْرُكُوْاالْفَاحِشَاتِ وَالْمَعْصِيَاتِ.
اَعُوْذُبِاللهِ مِنَالشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ.

قَدْافْلَحَ الْمُؤْمِنُوْنَ(1) اَلَّذِيْنَ هُمْ فِصَلاَتِهِمْ خَسِعُوْنَ(2)وَالّذِيْنَ هُم عَنِ الَّلغْوِمُعْرِضُوْنَ,وَالَّذِيْنَ هُم لِلزَّكَاةِفَاعِلُوْنَ(3) (المؤمنون:1-3)

Para hadirin sadaya,

Sadaya puja sareng puji disanggakeun ka Gusti Allah anu parantos ngadamel manusa ku pangsaena adegan sarta pangkumplitna parabot hirupna, nya eta anggahota anu rupa-rupa gunana serta di pasihan akal serta mikir dina ngatur hirup kumbuhna, beda sareng mahluk-mahluk sanesna.

Kumargi kitu, manusa the pangmulya-mulyana mahluk Allah lamun maranehnana tiasa ngamangpaatkeun eta parabot nhirupna mahluk anu panghina-hinana, langkung hina tibatan sato.

Pidawuh Allah:

وَلَقَدْكَرَمْنَابَنِ اَدَمَ وَحَمَلنَهُمْ فِى الْبَرِّوَاالْبَحْرِوَرَزَقْنَهُمْ مِّنَ الطَيْبَتِ  وَفَضَّلْنَهُمْ عَلَى كَشِيْرٍمِّمَّنْ خَلَقْنَاتَفْضِيْلاً.(الاسراء.70)

Hartosna: “Jeung satemen-temena kaula geus ngamulyakeun ka anak incu Nabi Adam. Kaula geus ngangkut maranehanana di daratan (make tutumpakan) jeung lautan (make parahu atawa kapal). Kaula geus mere rejeki anu aralus/ngareunah ka maranehanana jeung kaula geus ngalewihkeun ka maranehanana anu sampurna pisan, anu ngalewihan ti kalolobaan mahluk kaula.” (Q.S Al-Isro:70).

Sareng dawuhanana:

وَلَقَدْذَرَأَنَالجِهَنَّمَ كَشِيْرًامِّنَ الْجِنِّ وَاْلاِنْسِ لَهُمْ قُلُوْبٌ لاَّيَفْقَهُوْن بِهَاوَلَهُمْ اَعْيُنٌ لاَيُبْصِرُوْنَ بِهَاوَلَهُمْ اَذَانٌ لاَّيَسْمَعُوْنَ بِهَااُلَئِكَ كَاْلاَنْعَامِ بَلْ هُمْ اَضَلُّ وَاُلَئِكَ هُمُ اْلغَفِلُوْنَ(الاعراف .179)

Hartosna: “jeung demi satemenna kaula geus nyieun pikeun eusi Naraka Jahanam the nyaeta ti kalolobaan jin jeung manusa anu maranehanana ngabarogaan hate tapi heunteu dipake  ngahartikeun kana ayat-ayat allah, maranehanana ngabogaan panon tapi henteu dipkae nempo kana tanda-tanda kakawasaan Allah, maranehanana ngabogaan ceuli tapi henteu diparake ngadengekeun kana ayat-ayat Allah. Ka Ayaan maranehanana teh lir ibarat sato hewan, tapi hakekatnamah leuwih ngaco ti batan sato. Maranehanana jalma-jalma anu mopohokeun atawa anu ngalalaworakeun kana parentah Allah. ( Q.S Al-A’rof: 179).

Halaman
123
Berita Terkait
  • Ikuti kami di
    AA

    Berita Terkini

    © 2025 TRIBUNnews.com Network,a subsidiary of KG Media.
    All Right Reserved