Seputar Islam
Contoh Khutbah Jumat Bahasa Sunda Edisi 2 Agustus 2024, Tentang Penyakit Hati, Khidmat dan Berkesan
Berikut ini akan disajikan contoh Khutbah Jumat singkat dalam Bahasa Sunda edisi 2 Agustus 2024, bertemakan penyakit hati, menyentuh dan khidmat untuk
Penulis: Putri Kusuma Rinjani | Editor: Putri Kusuma Rinjani
Ku hal sakitu, hate janten bagian penting dina awak urang. Naha janten bagian anu penting? Margi hate anu nangtukeun hade sareng gorengnya anggahota badan anu sejen, sakaligus anu nangtukeun berharga sareng henteuna amal jalma anu gaduhna. Kalih ti eta, hate jadi anggahota badan anu gampang kapangaruhan, gampang robah, gampang gering, sareng hese diubarannana nalika tos gering.
Dumasar sadaya hal eta, para ulama tasawuf ngagaduhan perhatosan anu luar biasa kana urusan hate. Imam al-Ghazali salah sawiosna. Numutkeun pandangan anjeuna, sing saha anu hayang memeres amalna sareng tingkah polah dohirna, maka pek mimitian ku meresan hate.
Nanging, urang moal tiasa memeres hate kalayan bener-bener, samemeh uninga kana lima perkara penting nu patali sareng eta hate. Kahiji, Allah maha uninga kana sagala hal anu disimpen, anu kabayang, oge anu dirusiahkeun dina hate hamba-hamba-Na. Hal ieu dumasar kana pidawuh Mantenna dina Al-Quran.
وَاللَّهُ يَعْلَمُ مَا فِي قُلُوبِكُمْ
Hartosna, “Jeung Alloh uninga kana sagala perkara anu (disimpen) dina hate aranjeun,” QS al-Ahzab [33]: 51).
Ayat-ayat anu sarupi oge parantos nyebatkeun, “Anjeuna uningan (pandangan) mata anu khianat sareng naon anu disumputkeun ku hate,” (QS al-Mukmin [40]: 19);
“Jeung Alloh uninga kana sagala perkara anu ku aranjeun dirahasiakeun sareng perkara anu dizohirkeun,” (QS al-Nahl [16]:19);
“Kawajiban Rosul teh teu aya sanes ukur ngadugikeun, sareng Alloh uninga kana sagala anu ku aranjeun dizohirkeun sareng perkara anu ku aranjeun disumputkeun,” (QS al-Maidah [5]: 99).
Sareng masih keneh seueur ayat anu sajalan sareng kandungan ayat di luhur. Namung, intina saha wae anu tos dugi kana hakekat eta, moal wani nyimpan atanapi ngarahasiakeun perkara anu teu hade dina hatena. Sabab, sadayana bakal kauninga ku Alloh swt.
Hadirin sidang Jumah anu mulya,
Kadua, Alloh teu mandang rupa, wajah, sareng kulit hamba-Na. Anu dipandang tina dirina iwal hate. Hal ieu dumasar ka dawuhan Kangjeng Rosul:
إِنَّ اللَّهَ تَعَالَى لَا يَنْظُرُ إِلَى صُوَرِكُمْ، وَلَا إِلَى أَمْوَالِكُمْ، وَلَكِنْ يَنْظُرُ إِلَى قُلُوبِكُمْ وَأَعْمَالِكُمْ، فَمَنْ كَانَ لَهُ قَلْبٌ صَالِحٌ تَحَنَّنَ اللَّهُ عَزَّ وَجَلَّ عَلَيْهِ، وَإِنَّمَا أَنْتُمْ بَنِي آدَمَ أَكْرَمُكُمْ عِنْدَ اللَّهِ أَتْقَاكُمْ
Hartosna, “Saenya-enyana Alloh moal ningal rupa sareng harta aranjeun, tapi ningal kana hate sareng pagawean aranjeun. Sing saha-saha anu ngabogaan hate anu beresih, maka Alloh nyimpen simpati ka manehna. Aranjeun ukur anak incu Adam. Maka anu paling mulya di antara aranjeun di payuneun Allah teh nyaeta anu pang takwana,” (HR. Al-Thabrani).
Katilu, hate ibarat raja, sedengkeun anggahota badan anu sejen ibarat rahayatna anu tunduk ka rajana. Lamun anu dituturkeunna hade, maka anu nuturkeun nana oge bakal hade. Lamun pemimpinna alus, maka rahayatna oge bakal alus.
Ayakalana, pamimpin lempeng oge, rahayatna mah sok teu lempeng, komo deui upami pamingpinna teu lempeng. Sing emut kana dawuhan Kangjeng Rosul anu nganyatakeun:
Kumpulan Naskah Khutbah Jumat Bahasa Sunda
Materi Khutbah Jumat Bahasa Sunda
Khutbah Jumat Bahasa Sunda
Naskah Khutbah Jumat Bahasa Sunda
Kumpulan Teks Khutbah Jumat Tahun 2024
Teks Khutbah Jumat Menyentuh Hati
Isi Teks Khutbah Jumat
Tribunsumsel.com
Doa Mohon Ampunan dan Kesembuhan, Teks Arab, Latin dan Terjemahan |
![]() |
---|
Tangan di Atas Lebih Baik dari Tangan di Bawah, Makna Hadits dan Contoh dalam Kehidupan Sehari-hari |
![]() |
---|
Maksud Fitnah Lebih Berbahaya dari Pembunuhan, Al Baqarah Ayat 191, Wal Fitnatu Asyaddu Minal Qatli |
![]() |
---|
Arti Inna Akthara Khataya Ibni Adam Fi Lisanihi, Hadits Kebanyakan Dosa Manusia Disebabkan Lidahnya |
![]() |
---|
Contoh Doa Acara Ulang Tahun Perusahaan, Bisa Dijadikan Referensi |
![]() |
---|
Isi komentar sepenuhnya adalah tanggung jawab pengguna dan diatur dalam UU ITE.