Seputar Islam
Materi Khutbah Jumat dalam Bahasa Sunda: Islam Agama Nu Nanjeurkeun Kadameyan, Lengkap LINK PDF
Berikut akan disajikan materi Khutbah Jumat dalam Bahasa Sunda berjudul "Islam Agama Nu Nanjeurkeun Kadameyan jeung Kamanusaan", yang menyentuh hati d
Penulis: Putri Kusuma Rinjani | Editor: Putri Kusuma Rinjani
Peryogi kauninga, salian ti ngabogaan makna ‘pasrah’ sareng ‘tumarima’, islam mah ngabogaan makna ‘damey’, ‘salamet’, ‘aman’, tur ‘tengtrem’. Anu sadayana ieu ngacu kana kaaayan anu didambakeun ku satiap jalma.
Lain ukur ku umat Islam, tapi ku sadayana umat manusia di mana wae ayana, sareng sadayana makhluk kaasup hewan jeung tutuwuhan.
Salajengna, secara konsep, Islam mangrupakeun agama anu ngajarkeun monoteisme tauhid anu kudu diwujudkeun dina bentuk kepasrahan diri sareng kataatan ka Allah sareng rosul-Na salaku utusan anu nyandak rohmat keur ngaraih kabagjaan jeung kaselamatan, dunya katut akheratna.
Nanging, kabagjaan eta moal tiasa ngawujud tanpa kadameyan sareng kaasih di antara sasama. Intina, ngalangkungan misi kadameyan sareng kaasih, risalah Islam diturunkeun ka sadayana alam.
Jauh jeung agama sejen, Islam mah pinuh ku ajaran kadameyan. Salami ieu, damey masih dipahami ku hirup rukun dampingan antara dua pihak atawa dua kakuatan gede anu mumusuhan. Padahal, nyatanya henteu kitu.
Dina Islam mah, jiwa jeung individu umat teh diciptakan keur damey jeung tengteram, anu duanana mangrupakan kabutuhan dasar.
Cobi tingal ku urang, sarengkak saparipolah, kalebet dina ibadah, urang diparentah rintih, tartib, khusyu’ sareng tenang. Teu meunang buru-buru, salian cara buru-buru jeung gurunggusuh teh datangna ti setan.
Dina muamalah sareng Allah atanapi hablum minallah, misalna, urang diparentah zikir ka Mantenna, anu salah sahiji tujuanna nyaeta nyiptakeun jiwa anu damey jeung tengtrem, sakumaha anu diuningakeun dina Al-Quran surah Ar Ra’du ayat 28:
الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَتَطْمَىِٕنُّ قُلُوْبُهُمْ بِذِكْرِ اللّٰهِۗ اَلَا بِذِكْرِ اللّٰهِ تَطْمَىِٕنُّ الْقُلُوْبُۗ
Hartosna: “Nyaeta jalma-jalma nu iman jeung hate maranehna jadi tengtrem ku emut ka Allah. Inget yen mung ku emut ka Allah hate bakalan tengtrem,”
Teras deui, nalika midamel shalat, urang diwajibkeun ngalaksanakeunnana dibarengan ku tuma’ninah alias tenang sareng teu buru-buru. Di akhir shalat, urang diwajibkeun ngaos salam anu maknana teu aya deui anging kadameyan sareng kasalametan.
Saatos solat, urang dianjurkeun ngadua, di antara doa ku urang dilantunkeun nyaeta doa selamet sareng doa kasalametan, allahumma antassalam waminkassalam....
Oge masih seueur deui tradisi anu teu bisa dileupaskan tina sumangat kadameyan sareng keselamatan. Malahan, engke di akhirat, anu bakal dipanggil ku Allah lebet surga teh nyaeta kelompok hamba anu jiwa-jiwana damai jeung tenang, sakumaha anu diuningakeun dina surah al-Fajr ayat 27 dugika ayat 30.
يَا أَيَّتُهَا النَّفْسُ الْمُطْمَئِنَّةُ ارْجِعِي إِلَىٰ رَبِّكِ رَاضِيَةً مَرْضِيَّةً
Hartosn: “He jiwa anu tenang, balik anjeun ka pangeran anjeun kalawan nyandak hate anu rido jeung dipika rido,” (QS. Al-Fajr [89]: 27-30).
Kumpulan Naskah Khutbah Jumat Bahasa Sunda
Materi Khutbah Jumat Bahasa Sunda
Naskah Khutbah Jumat Bahasa Sunda
Naskah Khutbah Jumat Terbaru
Isi Teks Khutbah Jumat
PDF Naskah Khutbah Jumat Terbaru
Kumpulan Teks Khutbah Jumat Tahun 2024
Teks Khutbah Jumat Menyentuh Hati
Tribunsumsel.com
Jadwal Puasa Ayyamul Bidh September 2025 , Berikut Bacaan Niatnya Digabung Puasa Senin |
![]() |
---|
Bulan Rabiul Awal, Rajab, Syawal, Muharram dan Safar, Bulan Baik untuk Menikah, Lengkap Dalil |
![]() |
---|
Sebentar Lagi Masuk Bulan Maulid Nabi, inilah 10 Keutamaan dan Amalan yang Dianjurkan |
![]() |
---|
Amalan dan Keutamaan Bulan Rabiul Awal, Bulan Maulid Nabi Muhammad SAW |
![]() |
---|
Teks Bacaan Sayyidul Istighfar Lengkap Tulisan Arab, Latin dan Terjemahannya |
![]() |
---|
Isi komentar sepenuhnya adalah tanggung jawab pengguna dan diatur dalam UU ITE.