Seputar Islam

Isi Naskah Khutbah Jumat Jelang Ramadhan dalam Bahasa Sunda, Penuh Makna dan Berkesan, Ada PDF

Berikut ini akan disajikan naskah Khutbah Jum'at menyambut bulan suci Ramadhan edisi 1 Maret 2024, dalam Bahasa Sunda yang khidmat dan penuh makna.

Tribunsumsel.com
Isi Naskah Khutbah Jumat Jelang Ramadhan dalam Bahasa Sunda, Penuh Makna dan Berkesan, Ada PDF 

Jadi maranehna puasa 50 poe kabehna. Kitu numutkeun katerangan Imam Ath-Thabari anu ditampi ti Musa bin Harun, ti Amr bin Hammad, ti Asbath, ti As-Suddi.

Nu leuwih dipake beurat ku umat Nasrani nyaeta puasana kudu dilaksanakeun dina waktu anu lila. Malahn saparantos sare atawa waktu isya, maranehna teu meunang barang dahar jeung teu meunang kumpul salaki-pamajikan.

Hal sarupa kitu oge terjadi ka kaum Muslimin dina mimiti kenging parentah puasa Romadon. Salah sawiosna sahabat Abu Qais ibn Shirmah sareng Sayidina Umar bin Al-Khathab. Kacaturkeun, dina hiji peuting, Sayyidina ‘Umar bin Al-Khathab nyarengan Kangjeng Rosul saw. dugika uih wengi ka bumina, malihan ningal istrina parantos kulem.

Rupina dina waktos harita, Sayyidina ‘Umar hoyong campur sareng istrina. Tapi, ditolak ku istrina, “Kaula parantos sare!” Sanaos kitu, peuting harita, Sayidina Umar gaul sareng istrina.

Dina wanci isukna, Sayyidina ‘Umar nepangan Kangjeng Rosul, sareng ngadugikan kajantenan peuting tadi. Maka Allah ngalungsurkeun ayat:

أُحِلَّ لَكُمْ لَيْلَةَ الصِّيَامِ الرَّفَثُ إِلَى نِسَائِكُمْ

Hartina, “Dihalalkan keur aranjeun dina peuting bulan puasa campur gaul jeung istri-istri aranjeun,” (QS. al-Baqarah [2] 187). Dina Tafsir Ats-Tsa‘labi oge disebatkeun yen Nabi Adam as. kantos ngajalankeun puasa tilu dinten. Sawaktos diturunkan ti surga ka bumi, salirana kaduruk ku panonpoe, sahingga awakna hideung. Teras, anjeuna puasa tilu poe, nyaeta 13, 14, sareng 15.”

Puasa ieu disebat puasa “ayyamul bidh” atawa “poe-poe bodas” sakumaha anu ku Kangjeng Rosul dipidamel oge disunahkeun ka umatna.

Dina Tafsir Ath-Thabari oge diuningakeun, puasa ‘Asyura kantos deui dilaksanakeun ku Nabi Nuh a.s. sawaktos lungsur kalayan salamet tina kapal anu ditumpakannana.

Teu hilap, anjeuna marentah ka para panumpang sanesna, kanggo ngiringan puasa keur nunjukkeun rasa syukur ka Alloh swt.

Saterasna, puasa umat-umat baheula tiasa dilacak ngalangkungan pidawuh Kangjeng Rosul saw. sawaktos ditaros ku hiji pameget,

“Kumaha numutkeun salira, perkawis jalmi anu puasa sadinten sareng buka sadinten?” Mantenna ngawaler, “Eta puasana dulur kaula, Dawud as.”

Dina hadis sanesna, anjeuna ngadawuh:

أَفْضَلُ الصَّوْمِ صَوْمُ أَخِي دَاوُدَ، كَانَ يَصُومُ يَوْمًا وَيُفْطِرُ يَوْمًا

Hartosna, “Pang hade-hadena puasa nyaeta puasa dulur kaula, Dawud as. Anjeuna puasa sapoe jeung buka sapoe, (H.R. Ahmad).

Halaman
1234
Berita Terkait
  • Ikuti kami di
    AA

    Berita Terkini

    © 2025 TRIBUNnews.com Network,a subsidiary of KG Media.
    All Right Reserved