Seputar Islam
Isi Naskah Khutbah Jumat Jelang Ramadhan dalam Bahasa Sunda, Penuh Makna dan Berkesan, Ada PDF
Berikut ini akan disajikan naskah Khutbah Jum'at menyambut bulan suci Ramadhan edisi 1 Maret 2024, dalam Bahasa Sunda yang khidmat dan penuh makna.
Penulis: Putri Kusuma Rinjani | Editor: Putri Kusuma Rinjani
Kirang langkung samingon deui urang baris lebet bulan suci Romadon. Ku hal sakitu, hayu urang sambut kalayan suka cita jeung gumbira, urang siapkeun sagala rupina, jiwa raga urang, jasmani jeung rohani, fisik jeung mentalna, kanggo mayunan ibadah puasa.
Sabab, moal sampurna urang ngalebetan bulan puasa, nalika jasmani urang kuat, tapi rohani teu kuat, fisik kuat tapi mental teu kuat.
Janten kedah sagala rupina ku urang dipersiapkeun ngarah urang soson-soson ibadah ka Alloh. Estu teu galideur jeung teu aya halangan harungan.
Salajengna, saupamina nitenan ayat anu parantos diaoskeun ku khotib dina muqodimah tadi, Alloh parantos ngunikeun yen parentah puasa teh lain keur urang hungkul.
Tapi geus diwajibkeun ka umat-umat sateuacan urang, sateuacan umat Kangjeng Rosul saw. Ngandung harti, ieu parentah puasa lain parenah anyar ka Kangjeng Rosul oge umatna, tapi geus dijalankeun ku umat-umat anu sejenna sateuacan urang
Kitu pisan unggelna ayat Al-Quran dina surat Al-Baqorah.
أَعُوذُ بِاللَّهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيمِ، يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا كُتِبَ عَلَيْكُمُ الصِّيَامُ كَمَا كُتِبَ عَلَى الَّذِينَ مِنْ قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُونَ، صَدَقَ اللهُ الْعَظِيْمُ
Hartina, “He jalma-jalma anu iman, geus diwajibkeun keur aranjeun ibadah puasa, sakumaha geus diwajibkeun ka jalma-jalma samemeh aranjeun, supaya aranjeun tarakwa,” (QS. Al-Baqorah [2]: 183).
Dina eta ayat ditetelakeun, yen Alloh parantos ngawajibkeun ibadah puasa ka umat-umat anu sanes salian ti umat Kangjeng Nabi Muhammad.
Ngutip katerangan Abu Ja‘far, Imam Ath-Thabari nguningakeun yen para ulama tafsir nyalira beda pandangan perkawis maksad harti ayat “sakumaha geus diwajibkeun ka jalma-jalma samemeh aranjeun.”
Sabagian ulama aya anu nyebatkeun, yen anu ditekenkeun kawajiban puasana. Sabagian aya anu nekenkeun umat-umat atanapi jalmi-jalmi anu puasa zaman baheula. Sok sanaos kitu, dua katerangan eta ngagaduhan dasar masing-masing. (Tingal: Tafsir Imam Ath-Thabari Jilid 3, halaman 410).
Lamun anu ditekenkeun ibadah puasana, maka urang tiasa ngalacak prak-prakan umat baheula ngajalankeun puasa. Sapertos umat Yahudi anu parantos biasa ngajalankeun puasa Asyuro, nyaeta puasa dina kaping 10 sasih Muharrom, sakumaha anu sok dipidamel ku Kangjeng Rosul.
Ibnu ‘Abbas parantos ngariwayatkeun, “Sawaktos dongkap ka Madinah, Rosululloh saw. ningal kaum Yahudi nuju paruasa dina poe ‘Asyura. Mantenna tumaros, ‘Dinten naon ieu teh?’ Kaum Yahudi ngawaler, ‘Ieu teh poe anu agung dimana Alloh parantos nyalametkeun Musa sareng neuleumkeun bala tentara Fir‘aun. Maka kaum Yahudi ngalaksanakeun puasa nunjukkeun rasa syukur.”
Anjeuna teras ngadawuh, ‘Kaula tangtu leuwih utama ka Musa jeung lebih hak ngajalankeun puasa ieu tibatan aranjeun.’ Maka teras Kangjeng Rosul ngalaksanakeun puasa sareng miwarang para sahabat kanggo ngajankeun puasa Asyuro.”
Nyakitu keneh umat Nasrani. Maranehna parantos dipiwarang ngalaksanakeun ibadah puasa. Malih lamina oge sabulan. Mung hanjakal maranehna teu patuh dina ngajalankeunnana. Malahan, lamun bulan puasa pareng jeung usum panas, sok dipindahkeun ka umum tiris, sabari ditambah 20 poe.
Naskah Khutbah Jumat Bulan Ramadhan
Kumpulan Naskah Khutbah Jumat Bahasa Sunda
Isi Teks Khutbah Jumat
Naskah Khutbah Jumat Terbaru
Kumpulan Teks Khutbah Jumat Tahun 2024
Tribunsumsel.com
Jadwal Puasa Ayyamul Bidh Bulan Agustus 2025 - Safar 1447 H Beserta Bacaan Niatnya |
![]() |
---|
Lafal Doa Sebelum dan Sesudah Baca Surat Yasin Malam Jumat, Lengkap Mudah Diamalkan |
![]() |
---|
Bacaan Surat Yasin Latin Mudah Dibaca Lengkap Artinya PDF, Ayat 1- 83 |
![]() |
---|
Teks Khutbah Jumat Bahasa Jawa Tentang Hari Kemerdekaan, Tersedia File PDF |
![]() |
---|
Teks Sholawat Hayyul Hadi Lengkap Tulisan Arab, Latin dan Bahasa Indonesia |
![]() |
---|
Isi komentar sepenuhnya adalah tanggung jawab pengguna dan diatur dalam UU ITE.