Nyakitu deui Imam Al-Qosimi nyebutkeun syukur teh nyaéta: “Hiji kalimat nu bisa ngahimpun sakabéh urusan nu digiring pikeun kabagjaan di dunya jeung akherat, jeung ngerahkeun sagala nikmat nu tos di anugrahkeun kahiji hamba-Na pikeun ibadah’.
Hadirin rahimakumullah
Dina tafsir Al-Qosimi disebutkeun yén syukur teh diadegkeun atawa diwangun dina lima dasar, nyaeta:
Tundukna hiji jalma ka dzat anu disyukurana, lamun jalma ngaku yen dirina syukur ka Allah tapi teu aya rasa tunduk ka dzat nu disyukuranna, maka syukurna bohong.
Mikacinta ka dzat nu disyukuranna, sagala parentah nu datangna ti Allah rek beurat, rek masyakat, sakabehna dijalankeun. Nyakitu deui sagala panyegahna sok sanajan pikabitaeun, ngeunah karasana, eta sakabehna kudu di jauhan sarta disinglarkeun.
Ngaku kana sagala kanikmatan anu dipasihkeun ku manténna, moal aya hiji kanikmatan nu dianugrahkeun ka hambana iwalti sadayana karunia manténna.
Muji kana sagala kanikmatan Allah, sagala nu dipasikeun ka urang sadaya nu diciptakeun moal aya nu batal hiji oge, sabab sadaya aya dina rencana Allah SWT.
Téu digunakeun éta kanikmatan dina perkara nu teu dipikaridlo ku Allah SWT, sabab lamun urang ngagunakeun kanikmatan lain dina jalan anu dipikaridho ku Allah SWT, berarti urang geus kufur kana kanikmatan, nu bakal jadi sabab meunangna bebendu ti Allah SWT sakumaha pidawuhna :
وَلَئِنْ كَفَرْتُمْ اِنَّ عَذَابِيْ لَشَدِيْدٌ
Hartosna : “Lamun aranjeun kupur sayaktosna siksa kami leuwih séeur”
Hadirin rahimakullah
Lima prinsip nu kasebat nembé diluhur, mangrupikeun dadasarna syukur tina sagala kanikmatan nu dipaparinkeun ka urang sadaya. Lamun di antara prinsip tadi teu aya, mangka pengakuan syukurna kudu dipertanyakeun. Satiap jalma nu nyaritakeun syukur pasti bakal ngait kana kanikmatan – kanikmatan, nu kanikmatan éta moal bisa kaitung. Sakumaha pidawuh Allah SWT :
وَاِنْ تَعُدُّوْا نِعْمَةَ اللهِ لاَ تُحْصُوْهَا
Hartosna : “Lamun anjeun ngitung-ngitung kana nikmat ti Allah tangtu anjeun moal bisa ngitung-ngitungna.”
Hadirin rahimakumullah