TRIBUNSUMSEL.COM - Berikut sajian teks Khutbah Jumat Bahasa Sunda berjudul "Rasa Syukur Atas Nikmat Kemerdekaan" yang singkat dan penuh inspirasi dalam rangka menyambut Hari Kemerdekaan RI 17 Agustus 2024.
Naskah ini juga dilengkapi dalam format PDF yang bisa Anda unduh melalui link tautan berikut:
- Unduh PDF Naskah Khutbah Jumat Bahasa Sunda >> [Disini:]
----------------
KHUTBAH JUMAT BAHASA SUNDA
"Rasa Syukur Atas Nikmat Kemerdekaan"
Khutbah I
أَلْحَمْدُ ِللهِ الَّذِى لاَ شَرَفَ فِى الدُّنْيَا وَالآخِرَةِ إِلاَّ شَرَفَ طَاعَتِهِ فِيْمَا نَهَى وَأَمَرَ، اَشْهَدُ اَنْ لاَاِلـهَ اِلاَّاللهُ وَاَشْـهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ. اَللّهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَّعَلَى اَلِهِ وَاَصْحَابِهِ اَجْمَعِيْنَ. اَمَّـابَعْدُ: فَيَـااَيُّـهَااْلحَاضِرُوْنَ, اِتَّقُوْاللهَ حَيْثُمَا كُنْتُمْ وَاِنَّ اْلجَنَّـةَ اُعِـدَّتْ لِلْمُتَّقِيْنَ. وَقَالَ اللّهُ تَعَالَى فِى الْقُرْأَنِ الْكَرِيْمِ، أَعُوْذُ بِااللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ: وَاِذْ تَأَذَّنَ رَبُّكُمْ لَئِنْ شَكَرْتُمْ لأَزِيْدَنَّكُمْ وَلَئِنْ كَفَرْتُمْ اِنَّ عَذَابِيْ لَشَدِيْدٌ.
Hadirin jamaah jum’ah rahimakumullah
Langkung tipayun mangga urang sasarengan sanggakéun puji miwah syukur ka dzat nu Maha Agung Allah SWT., anu parantos maparingan nikmat kamerdekaan ka urang sadaya khususna bangsa Indonesia. Sholawat miwah salam mugia salamina didugikeun ka jungjunan urang kangjeng Nabi Muhammad SAW, miwah kakulawargina, para sahabatna, tabiit-tabiin sareng sadaya anu tumut sareng tunduk ajaran manténna.
Hadirin rahimakumullah
Ayat al-Qur’an anu pakait sareng perkawis syukur seuéur pisan diuningakéun dina al-Qur’an, salah sawiosna nyaeta ayat anu di unggelkeun dina surat Luqman ayat 12, Allah SWT midawuh:
وَلَقَدْ أتَيْنَا لُقْمَانَ الْحِكْمَةَ أَنِ اشْكُرْ ِللهِ وَمَن يَّشْكُرْ فَإِنَّمَا يَشْكُرُ لِنَفْسِهِ وَمَنْ كَفَرَ فَإِنَّ اللهَ غَنِيٌّ حَمِيْدٌ.
Hartosna: “Jéung sayaktosna Kami géus mere hikmah ka Luqman nyaéta: “Kudu syukuran ka Allah, sareng saha baé jalma anu syukuran ka Allah, maka sayaktosna manéhna geus syukuran kadirina.”
وَاِذْ تَأَذَّنَ رَبُّكُمْ لَئِنْ شَكَرْتُمْ لاَ زِيْدَنَّكُمْ وَلَئِنْ كَفَرْتُمْ اِنَّ عَذَابِيْ لَشَدِيْدٌ
Hartosna: ”Jéung kudu inget dina waktos pangéran anjeun méré terang. Sayakstosna lamun anjeun syukuran, pasti kami bakal nambah nikmat ka anjeun, jeung lamun kupur kana nikmat tikami maka sayaktosna siksa kami leuwih nyeuri."
Hadirin rahimakumullah
Imam Al-Junaidi nyebutkeun: yén nu disebut syukur téh nyaéta “Teu ngamusyrikeun ka Allah dina sadaya kanikmatan ti manténna.