Lajeung sabaraha jam anu dianggo ibadah?
Memang leres ! Digawe atanapi kasab neangan kipayah pikeun nganafkahan kaluarga bisa jadi ibadah, ka sakola bisa jadi ibadah, ka pasar bisa jadi ibadah, ka sawah bisa jadi ibadah, ngalakukeun aktivitas rutinitas sadidinteun nu sejena oge bisa jadi ibadah. Tapi nu kumaha nu disebat ibadah teh? ari ibadah numutkeun ulama teh nyaeta:
Kumargi kitu: naha urang sadaya dina satiap bade didamel atanapi ngalakukeun aktivitas nu sejena parantos diniatan ibadah ikhlas karana Allah, lajeung ngucapkeun Bismillah nalika bade ngawitana, lajeung sapanjang ngalakukeun aktivitas eta urang nyandak nilai-nilai kataqwaan ka allah SWT? Nu aktivitas na dipasar, pami diniatan ibadah, insya allah manehna moal licik ngurangan timbangan.
Moal ngucapkeun sumpah sumpah palsu sangkan payu dagangana. Nu aktivitasna disawah pami diniatan ibadah. Insya allah moal wani berbuat dzolim ka batur. Nu aktivitasna di kantor, di instansi atanapi di lembaga mana wae, pami diniatan ibadah, insya allah manehna bakal nyumponan kawajibana kalawan sungguh-sungguh, jeung manehna moal wani nyandak sakedik wae oge barang anu lain hakna.
Lantaran maranehna ngarasa terus diponcongok ku Allah, sahingga sieun upami ngalakukeun padameulan padameulan anu henteu dipikaridho ku allah jeung bakal ngundang murkana Allah SWT.
Sidang jumat rohimakumullah
Upami teu acan kitu !, lajeung iraha atuh urang ibadahna?. Aya anu beranggapan, AHH ibadah mah cukup we sholat hungkul. Sabab cenah sholat teh hiji amalan wajib anu gede pahalana, jeung bakal pang payuna dihisab ku Allah SWT.
Naha beut ngarasa cukup ibadah teh ngan ku sholat hungkul? pernah teu urang ngemut. Kumaha mun sakabeuh sholat urang teu ditampi ku Allah SWT lantaran urang lalai dina sholatna? lajeung sabaraha loba urang sholat rurusuhan sahingga teu aya kahusuan jeung teu puguh bacaana?. Sabaraha kali urang ninggalkeun sholat nu lima waktu lantaran sibuk ku urusan dunia?
Sidang Jumat rohimakumullah
Waktu sholat nu lima waktu dina sadinten sawengi, upami diakumulasikeun jeung jatah umur urang sadaya dialam dunia. Jumlahna teu nyampai saparapat-parapatna na acan tina jatah umur urang. Mangga we urang sami-sami etang. Sadinteun sawengi aya lima waktu sholat. dina satiap waktu sholat urang nyeepkeun waktu antara 10 sampai ka 15 menit. berarti dina sadinteun sawengi waktu nu dipake pikeun sholat kurang lebih ngan sajam.
Upami rata-rata umur manusa di alam dunia teh 65 tahun. dipotong ku usia baligh 15 tahun sisana 50 tahun. waktu anu dipake sholat dina sadinteun sawengi sajam dikalikeun salama 50 tahun. jumlahna kurang lebih ngan 2 tahun.
Berarti salama 50 tahun dialam dunia, waktu anu dipake pikeun sholatna mah kurang lebih mung 2 tahun. langkung seeur keneh waktu anu dianggo pikeun kulem. 8 jam sapoe di kali salama lima puluh tahun. hasilna kurang lebih 17 tahun waktu anu dianggo pikeun kulem. Berarti sapertiluna tina jatah hirup urang dialam dunia dipake pikeun kulem. Matak rugi pami tea mah waktu urang dialam dunia ieu ngan dilobakeun pikeun kulem. sabab engke urang bakal kulem salamalamana ninggalkeun alam dunia
Sidang jumat Rohimakumullah
Tina salama lima puluh tahun dialam dunia, 2 tahun waktu anu dipake sholatna. Eta oge belum tentu sholatna bermakna, berpahala, jeung ditampi ku allah SWT.
Upami tea mah sholatna berpahala. Rasa rasana teu sabanding jeung perbuatan dosa-dosa anu dilakukeun salama lima puluh tahun, saperti halna, dina ucap sok aya bohong, aya janji anu sulaya, aya amanat anu khianat, jeung kadzoliman kadzoliman anu sejena deui. maka lain hiji hal anu teu mungkin, urang salaku umat diakhir zaman. bakal minuhan naraka sebagai balasan tina kalalaian urang sadaya. Dina surat al ma’un Allah dadawuh
Dina tafsir ibnu katsir. Numutkeun ibnu abbas nu disebat fawailul lilmushollin teh nyaeta sholatna jalma-jalma munafiq. Kumaha atuh ari ciri sholatna jalma munafiq
Allah dadawuh dina qs an-nisa ayat 142
Lajeung upami numutkeun Ata ibnu dinar, nu dimaksad lalai dina sholatna teh nyaeta:
1. maranehna anu nunaikeun sholatna lain diawal waktu, tapi nangguhkeun sampai ka akhir waktu secara tuluy tuluyan jeung geus jadi kabiasaan.
2. maranehna anu nunaikeun sholatna henteu memenuhi rukun jeung syaratna sesuai anu tos diparentahkeun
3. maranehna anu dina sholatna henteu aya kahusuan jeung henteu ngarenungkeun kana maknana sholat.
maka saur anjeuna sholatna nu kitu teh dikelompokeun sebagai sholatna jalma munafiq. Dina kitab shohihain Rasulullah Saw kantos sasanggeum:
Tuh eta teh sholatna jalma munafiq. 3x. Manehna diuk nungguan panon poe, sahingga dimanamana panon poe geus aya diantara dua tanduk syetan (yakni bakal titeuleum) manehna nantung pikeun sholat jeung matukan saloba 4 kali (dina hartos sholatna gancang) laa yadzkurul laahu fiihaa illa qoliilan ( manehna teu nyebut allah dina sholatna kecuali ngan saetik pisan) Hal ieu mangrupikeun gambaran sholat ashar diakhir waktu.
Manehna sholat bari gagancangan saperti manuk anu ker matukan kadaharana. Sholatna teu aya dina tumaninah jeung kakhusyuan. Maka dikecam ku Rasullah SAW sholatna jalma nu kitu teu nyeubat2 nami allah dina sholat melainkan mung hanya sakedik pisan.
Baca juga: Bacaan Doa Saat Iman Lemah dan Ragu, Amantu Billahi Wa Rusulihi Huwal Awwalu Walakhiru, Berikut Arti
Itulah 2 naskah khutbah Jumat singkat dalam bahasa Sunda yang penuh nasihat dan ajakan berbuat kebaikan.
Baca artikel dan berita lainnya langsung dari google news