Khutbah Jumat Bahasa Sunda 2
Baca juga: 15 Quotes Bijak Selamat Hari Jumat dalam Bahasa Inggris dan Arti, Thanks God Its Friday TGIF
Khutbah Jumat Bahasa Sunda
Sidang jumat rohimakumullah.
Saba’da manjatkeun fuji miwa syukur ka Allah azja wajala. Dzat anu maha murah sareng maha asih, dzat anu maha ngamudahkeun sagala rupi urusan hamba-hamba-NA Henteu hilap sholawat miwa salam mugia salamina tumeteup ka jungjunan urang sadaya, habibana, wanabiyana Muhammad SAW, Ka keluarga-Na, ka sahabat-Sahabat-NA, Ka para tabi’in, tabi’ut tabi’in nu insya Allah dugi ka urang sadaya salaku umat-NA Salajeungna.
Khotib wasiat khususna kanggo khotib pribadi umum na ka kaum muslimin anu aya di ieu majlis “hayu urang sami-sami taqwa ka Allah Azja wa jalla, kalayan taqwa nu saenya-enyana jeung dimana wae urang ayana. Nu diwujudkeun ku ngalaksanakeun naon wae anu tos diparentahkeun ku Allah, sareng ngajauhan naon wae anu tos dicegah ku Allah Azja wa jalla. Margi mung ku taqwa nu jadi jalan kasalametan hirup didunia rauh di akhirat.
Sidang jum’at rohimakumullah
Aya hiji ungkapan bahasa Arab “Al insaanu mahalul khotho wa nisyan”. Ari manusa teh tempatna salah jeung poho. Terkadang urang salaku manusa dina ngalakonan kahirupan sadidinteun sok kabengbat ku amisna papaes dunya anu menipu, sahingga urang poho kana naon tujuan awal diciptakeuna urang sadaya.
Mangga perhatoskeun QS Adz dzariat ayat 56, Didinya Allah SWT dadawuh
وَمَا خَلَقْتُ الْجِنَّ وَالْاِنْسَ اِلَّا لِيَعْبُدُوْنِ
Jeung teu pati-pati kami nyiptakeun jin jeung manusa kajaba pikeun ibadah ka kami. Kumargi kitu, tos janteun kawajiban urang sadaya salaku papada muslim pikeun silih elingan, silih wasiatan dina kabeneran. Hayu atuh urang manfaatkeun waktu di alam dunia anu sakedeng ieu, teu aya sanes nyaeta pikeun ibadah ka Allah Azja wa jalla.
Tekad ucap urang, pola fikir urang, tingkah polah urang sadaya ti ngawitan gugah kulem dugi ka bade kuleum deui. teu aya saneh ditujukeun pikeun ikhlas ibadah karena allah SWT jeung mihareup kana ridhona Allah SWT.
Dina hadist qudsi disebatkeun. Nu hadistna katampi ti Abu Hurairah RA, Saenyana Rasulullah SAW
sasanggeum:
Qoolal laahu ta’aala (dadawuh Allah Ta’aala) Yaa ibnu aadam (hai anak adam) tafarrogh li’ibaadatii ( tekunlah ibadah ka kami) amla’ shodroka ghinan ( niscaya bakal kami pinuhan dada anjeun ku kabengharan) wa asudda faqroka ( jeung bakal kami tutupan kafaqiran anjeun) wa in laa taf’al (jeung lamun anjeun teu migawena/ tegesna jeung lamun anjeun teu ibadah ka kami) mala’tu Shodroka syughlan ( niscaya bakal kami pinuhan dada anjeun ku kasibukan) wa lam asudda faqroka ( jeung kami moal nutupan kafaqiran anjeun)
HR AT -Tirmidzi sareng ibnu majah.
Sidang jumat rohimakumullah
Waktu dina sadinteun sawengi sabaraha jam anu digunakeun pikeun ibadah? Upami dileunyeupan ku urang sadaya waktu sadinyeun sawengi nu 24 jam ieu langkung seeur keneh digunakeun pikeun digawe,langkung seeur keneh dianggo pikeun kulem tibatan waktu anu dianggo pikeun ibadahna.
Waktu nu dipake digawe atanapi aktivitas rutinitas sadidinteun anu sejena, tiasa nyeepkeun waktu 8 sampai 10 jam, atau bahkan tiasa lebih. Kulem bisa sampai 6 dugi ka 8 jam sadinteun. Atau bahkan bisa lebih.