TRIBUNSUMSEL.COM-Berikut ini merupakan Kumpulan Khutbah jumat dengan menggunakan Bahasa Sunda.
Kumpulan khutbah jumat bahasa sunda dapat anda bagikan kepada teman, sahabat hingga saudara yang bisa berbicara bahasa sunda.
Inilah Kumpulan Khutbah Jumat menggunakan Bahasa Sunda, dilansir scribd.com.
Baca juga: Contoh Teks Khutbah Jumat Edisi Rabiul Awal 22 September 2023 dalam Bahasa Jawa Singkat Penuh Makna
Khutbah Jumat Bahasa Sunda 1
Sabab kalayan qudrat sareng iradatna, alhamdulillah urang sadayana masih dipaparinan umur dugika dinten iyeu, nyaeta dinten Jum'at anu pinuh ku kamuliaan Shalawat sinareng salam mugia salamina tetep dilimpahkeun ka jungjunan urang sadaya, Kanjeng Nabi Muhammad SAW, Oge ka sadaya kulawargina, para Sahabatna, sareng
ka sadaya pengikutna dugikeun ka akhir zaman.
Henteu aya anu langkung pantes dina kasempatan Jum'at ieu kecuali urang saling nasehatkeun dina wasiat taqwa, khususna kanggo diri simkuring pribadi sareng umumna kasadaya jama'ah, hayu urang sami-sami Taqwa ka Alloh SWT, kalayan kataqwaan anu sabener-benerna. Nyaeta kujalan, ngalaksanakeun naon rupi anu diparentahkeun ku Alloh SWT, sareng nebihan sagala rupi anu dilarang-Na.
Para Hadirin Sidang Jumat Rahimakumullah
Satiap jalmi tangtosna pasti ngagaduhan kahayang, ngagaduhan cita-cita jeung rencana. Nanging henteu satiap kahayang, satiap cita-cita, jeung henteu satiap rencana urang tiasa kahontal ku urang. Terkadang urang mikahayang hiji perkara anu menurut urang sae, tapi ternyata anu datangna perkara anu lain, anu ku urang teu dipikaresep.
Lebah dieu urang ditungtut kudu sadar bahwa eta mangrupikeun salah sahiji ujian ti Allah SWT. Jeung urang kedah uninga, bahwa henteu satiap anu dipikahayang ku urang selalu sae dina pandangan Alloh SWT, mungkin wae bakal ngajadikeun kacilakaan atawa ngajadikeun kamadlorotan ka diri urang. Mungkin wae perkara anu datang ka urang bari.
Henteu dipikaresep, eta leuwih hade keur urang mungguh Alloh. Allah langkung uninga kana naon anu dibutuhkeun ku urang dina satiap waktu, nyaeta anu ku Alloh dipasihkeun ka urang. QS Al-Baqoroh; 216 : Boleh jadi kamu membenci sesuatu, padahal ia amat baik bagimu, dan boleh jadi (pula) kamu menyukai sesuatu, padahal ia amat buruk bagimu; Allah mengetahui, sedang kamu tidak mengetahui.
Jadi dimana hiji waktu urang ngusahakeun hiji perkara, terus dibarengan ku ngadoa ka Alloh, bari dibarengan ku kayakinan yen Alloh bakal ngabulkeun kana doa urang, tapi anu datang ternyata henteu sesuai jeung anu dipenta ku urang. Eta lain harti Alloh henteu ngabulkeun, tapi Alloh ningali kana naon anu sabenerna dibutuhkeun ku urang.
Contona lamun urang nyaah ka anak, sagala anu diusahakeun ku urang eta pasti keur kapentingan anak, sedengkeun anak the umurna karek 5 taun, lamun eta anak menta duit keur jajan 10,000 pasti moal dibere sanajan aya. Tapi dimana eta anak geus manjing umur 17 taun, tong boro 10,000, menta 100,000 ge dibikeun. eta sababna urang sebagai kolot ngabogaanalesan anu teu kudu dibejakeun ka anak.
Nyakitu deui Alloh oge ngagaduhan rahasia anu urang henteu apal, naon sababna Alloh henteu masihan naon anu dipenta ku urang.
QS. Al Mulk ; 14 : اَلَا يَعۡلَمُ مَنۡ خَلَقَؕ وَهُوَ اللَّطِيۡفُ الۡخَبِيۡرُ
Apakah Allah Yang menciptakan itu tidak mengetahui ? dan Dia Maha Halus lagi Maha Mengetahui?