Idul Fitri 2025

Contoh Naskah Khutbah Sholat Ied Idul Fitri 2025 Bahasa Sunda, Khidmat dan Menyentuh, Ada LINK PDF

Berikut adalah contoh Naskah Khutbah Idul Fitri 2025 dalam Bahasa Sunda yang berkesan dan penuh makna untuk digunakan sebagai referensi. Tersedia juga

Tribunsumsel.com
ILUSTRASI MENYAMPAIKAN KHUTBAH - Contoh Naskah Khutbah Sholat Ied Idul Fitri 2025 Bahasa Sunda, Khidmat dan Menyentuh, Ada LINK PDF 

Hadirin, nu intina, sakumaha disebatkeun dina Al-Quran,

فَلَا تَعْلَمُ نَفْسٌ مَا أُخْفِيَ لَهُمْ مِنْ قُرَّةِ أَعْيُنٍ جَزَاءً بِمَا كَانُوا يَعْمَلُونَ

“Henteu aya anu terang kana rupa-rupa ni’mat anu digadang-gadang, anu endah ditingalina pikeun ngabales aranjeunna, kana naon anu aranjeunna lakukeun.” (QS. As-Sajdah: 17)

Allāhu Akbar, Allāhu Akbar, Allāhu Akbar, walillāhil hamdu

Para wargi jamaah sidang shalat Idul Fitri anu sami-sami miharep hidayah sareng taufikna Allah subhanahu wata’ala.

Kelompok atanapi jenis manusa anu kadua nyaeta saban jalma anu henteu ngamulyakeun sareng henteu ngahormat ka sasih Ramadhan ku jalan kasaean. Kelompok manungsa nu ieu teh dibagi kana dua bagean:

Nu Kahiji, nyaeta jalma-jalma nu teu ngaendahkeun parentah Gusti Allah ku lantaran kasombongan nu aya di dirina.

Maranehna teu ngajalankeun puasa sareng parentah nu sejenna, naon sababna? Margi maranehna teu percaya kana parentah al-Quran, kulantaran sifat angkuh nu bersemayam dina hatena, manusa nu kieu teh sakumaha digambarkeun ku Gusti Allah dina Al-Quran surat Al-A’raf,

إِنَّ الَّذِينَ كَذَّبُوا بِآيَاتِنَا وَاسْتَكْبَرُوا عَنْهَا لَا تُفَتَّحُ لَهُمْ أَبْوَابُ السَّمَاءِ وَلَا يَدْخُلُونَ الْجَنَّةَ حَتَّى يَلِجَ الْجَمَلُ فِي سَمِّ الْخِيَاطِ وَكَذَلِكَ نَجْزِي الْمُجْرِمِينَ

“Saéstuna jalma-jalma anu ingkar kana ayat-ayat Kami jeung reueus ka maranehna, panto-panto shallallahu ‘alaihi wasallamarga moal dibuka pikeun maranehna sarta moal asup ka surga, nepi ka aya onta nembus liang jarum. Kituna Kami males ka jalma-jalma anu migawé kajahatan.” (QS. Al-A’raf: 40)

Ma’asyiral muslimiin..

Nu kaduana, nyaeta jalma-jalma nu teu puasa, teu nyumponan kana hak-hakna Ramadhan, tapi teu aya kasombongan dina dirina.

Maranehna kalebetkeun jalma nu sembrona dina ngajalani kahirupan, tapi dina hatena nancep kayakinan yen nu ku maranehna dilakonan teh lebet kana kasalahan, maksiat ka Gusti Allah, tapi maranehna ngarasakeun eleh ku hawa nafsu amarah maranehna, ku kalayan kitu maranehna kalebetkeun jalma nu lemah, sakumaha pidauh Gusti Allah,

وَخُلِقَ الْإِنْسَانُ ضَعِيفًا

“Manusia diciptakeun lemah.” (QS. An-Nisa: 28)

Kelompok manusa jenis ieu dina waktosna maranehna ninggalkeun kawajiban puasa, misalna: maranehna sembari munajat ka Gusti Allah subhanahu wata’ala,

“Ya Allah, kaula sembrono, teu ngaindahkeun parentah ti anjeun, kaula eleh ku godaan sareng rayuan hawa nafsu, godaan kaula kawilang beuratna, mugia anjeun ngahampura kaula, mugia ditampi taubat kaula.”

Maka, teu diragukeun deui, yen Gusti Allah pastina bakal ngahampura maranehna, ku sabab Gusti Allah nu maha pangampura sakabeh makhlukna, sanajan sagala kawajiban sepertos qodho puasa jeung nu lainna tetep kudu dicumponan.

Dina salahsawios hadits Qudsi anu shahih, Gusti Allah ngadauhkeun,

أَذنَب عبْدٌ ذَنْبًا فقالَ: اللَّهُمَّ اغفِرْ لِي ذَنْبِي، فَقَالَ اللَّهُ تَبَارَكَ وَتَعالى: أَذْنَبَ عبدِي ذَنْبًا، فَعَلِم أَنَّ لَهُ رَبًّا يَغْفِرُ الذَّنْبَ، وَيَأْخُذُ بِالذَّنبِ، ثُمَّ عَادَ فَأَذْنَبَ، فَقَالَ: أَيْ ربِّ اغْفِرْ لِي ذَنْبِي، فَقَالَ تبارك وتعالى: أَذْنَبَ عبدِي ذَنْبًا، فَعَلِمَ أَنَّ لَهُ رَبًّا يَغفِرُ الذَّنبَ، وَيَأخُذُ بِالذَّنْبِ، ثُمَّ عَادَ فَأَذْنَبَ، فَقَالَ: أَي رَبِّ اغفِرْ لِي ذَنبي، فَقَالَ تَبَارَكَ وَتَعَالى: أَذْنَبَ عَبدِي ذَنبًا، فعَلِمَ أَنَّ لَهُ رَبًّا يَغْفِرُ الذَّنْبَ، وَيَأْخُذُ بِالذَّنبِ، قد غَفَرْتُ لِعَبْدِي فَلْيَفْعَلْ مَا شَاءَ

“Aya hamba Kami anu ngalakukeun dosa, tuluy manehna ngado’a ‘Ya Allah, ampuni dosa-dosa kami’, lajeng Allah ngandika deui, aya hamba Kami anu ngalakukeun dosa, manehna sadar, nyaho yen manehna boga Tuhan anu ngahampura dosa, manehna ngalakukeun dosa.deui, manehna ngado’a deui, ‘Ya Allah, ampuni dosa-dosa kami’, teras anjeunna ngado’a ‘Ya Allah, ampuni dosa-dosa kami’, lajeng Allah ngadawuh deui, aya hamba abdi anu ngalakukeun dosa, manehna sadar, uninga yen. Anjeunna kagungan Gusti nu Maha Kawasa, ngahampura dosa, anjeunna ngalakukeun dosa deui, anjeunna ngado’a deui, ‘Ya Allah, ampuni dosa-dosa kami’, Kami ngahampura hamba abdi, jadi laksanakeun naon wae manehna hayang.” (Muttafaq ‘alaihi)

Hal anu kawilang pentingna tina hadits ieu nu kedah dicatet, nyaeta yen dina waktuna hiji jalma ngalakukeun dosa kalayan dibarengan ku paraosan diponcrong sareng disaksikeun ku Gusti Allah terus.

Saatos kitu maranehna sadar sareng nyesel, teu lami manehna ngulangi deui ngalakukeun dosa, dugi kasaterasna kitu kayaanana, tapi manehna menta panghampura ka Gusti Allah sembari ngarasakeun salah jeung ngayakini yen Allah ngagaduhan sifat anu maha panghampura, maka Gusti Allah bakal ngahampura maranehna.

Sementawisna, dosa nu kawilang abotna (dosa besar) nyaeta manakala aya jalma nu maksiat ka Gusti Allah kalayan dibarengan ku kasombongan ka anjeunna, teu kersa ngarunduk jeung ngakui kana kasalahan nana ka Gusti Allah, padahal parantos nyata nu dilakukeun nana teh kalebet kana kasalahan, tah ku kaayaan kitu, ieu teh kalebet dosa anu kawilang bahayana.

Tangtos benten upami dina hate leutikna sok hadir paraosan salah, tapi kadang kadang kaulang deui ngalakukeun kasalahan, saterasna menta panghampura, sareng ngaraoskeun kaduhung teras taubat ka Gusti.

Tah kaayan kieu sok sanajan kaulang-ulang, in Syaa Allah bakal dihampura ku Gusti Allah, karena manusa tempatna salah sareng tempatna kalemahan.

Maranehna henteu bisa ngabentengi dirina masing-masing saratus persen. Saban-saban jalma aya dina sakumaha kakuatan imanna anu teu sami.

Allāhu Akbar, Allāhu Akbar, Allāhu Akbar, walillāhil hamdu

Dina waktos enjing-enjing anu kawilang endah ieu, kaula ngajak ka sadulur-dulur kabeh. Hayuk urang sami-sami bersyukur kana sagala kanikmatan ti Gusti Allah, salahsawiosna nikmatna tiasa ngajalankeun parentah puasa sabulan pinuh kalayan dibarengan ku ibadah dina wungian nana.

Urang sadaya sayogyana gumbira kana sagala rupi anugerah sareng rahmatna Gusti Allah,anu sakumaha dipidauh ku anjeunna dina Al-Quran,

قُلْ بِفَضْلِ اللَّهِ وَبِرَحْمَتِهِ فَبِذَلِكَ فَلْيَفْرَحُوا

“Ucapkeun, Wahai Muhammad, ‘Ku lantaran karunia Allah jeung rahmat-Na, maka aranjeunna gumbira.” (QS. Yunus: 85)

Upami aya diantawisna urang sadaya nu henteu ngisi sasih Ramadhan ku lakonan nu sae, mangga urang sami-sami munajat ka Gusti Allah, nyuprih panghampurana. Mugia Gusti Allah ngahampura sagala dosa urang sadaya.

Mangga urang ngadoa, mugia Gusti Allah subhanahu wata’ala maparin hidayah, inayah oge taufikna pikeun urang sadaya sangkan urang sadaya sareng kulawargi janten jalma-jalma nu taat ka Gusti Allah sareng Rasulna.

Nu puncakna, dina waktosna urang sadaya dipanggil ku Gusti Allah kalayan aya dina kaayaan husnul khatimah. Allāhumma Āmīn.

اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ. وَاَمَّا مَنْ خَافَ مَقَامَ ربِّهِ ونَهَيَ النَّفْسَ عَنِ اْلَهوَى فَاِنَّ الْجَنَّةَ هِيَ اْلمَأْوَى.

جَعَلَنَا اللهُ وَاِيَّاكُمْ مِنَ اْلعَائِدِيْنَ وَاْلفَائِزِيْنَ وَاْلمَقْبُوْلِيْنَ وَاَدْخَلَنَا وَاِيَّاكُمْ فِى زُمْرَةِ عِبَادِهِ الصَّالِحِيْنَ

وَاَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا وَاسْتَغْفِرُ لِي وَلَكُمْ وَلِوَالِدَيَّ وَلِسَائِرِ اْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ فَاسْتَغْفِرْهُ اِنَّهُ هُوَ اْلغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ

Khutbah II

اَللهُ أَكْبَرْ، اَللهُ أَكْبَرْ، اَللهُ أَكْبَرْ، اَلْحَمْدُ ِللهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ، أَشْهَدُ أَنْ لاَإِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ

فَيَاعِبَادَ اللهِ اِتَّقُوْا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنَّ إِلاَّ وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ. قَالَ اللهُ تَعَالىَ فِيْ كِتَابِهِ اْلعَظِيْمِ إِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِيِّ، يَا أَيُّهَا الَّذِيْنَ أَمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا

اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلىَ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلىَ اَلِهِ وَأًصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ. وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِ التَّابِعِيْنَ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلىَ يَوْمِ الدِّيْنِ. وَعَلَيْنَا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ

اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِماَتِ، وَاْلمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَات، اَلْأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلأَمْوَاتِ إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدَّعَوَاتِ يَا قَاضِيَ اْلحَاجَاتِ

رَبَّنَا افْتَحْ بَيْنَنَا وَبَيْنَ قَوْمِنَا بِاْلحَقِّ وَأَنْتَ خَيْرُ اْلفَاتِحِيْنَ. رَبَّنَا أَتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ

عِبَادَ اللهِ إِنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتَاءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهىَ عَنِ اْلفَحْشَاءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ. فَاذْكُرُوْا اللهَ يَذْكُرْكُمْ وَادْعُوْهُ يَسْتَجِبْ لَكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ

**

Baca berita dan artikel lainnya di google news.

Ikuti dan bergabung di saluran WhatsApp Tribunsumsel.

Halaman 4/4
Rekomendasi untuk Anda
Ikuti kami di

Berita Terkini

© 2025 TRIBUNnews.com Network,a subsidiary of KG Media.
All Right Reserved