Idul Fitri 2025
Contoh Naskah Khutbah Sholat Ied Idul Fitri 2025 Bahasa Sunda, Khidmat dan Menyentuh, Ada LINK PDF
Berikut adalah contoh Naskah Khutbah Idul Fitri 2025 dalam Bahasa Sunda yang berkesan dan penuh makna untuk digunakan sebagai referensi. Tersedia juga
Penulis: Putri Kusuma Rinjani | Editor: Putri Kusuma Rinjani
سَلَامٌ عَلَيْكُمْ بِمَا صَبَرْتُمْ فَنِعْمَ عُقْبَى الدَّارِ
“Malaikat nyarios (kamakmuran pikeun anjeun) nyaéta ganjaran ieu (berkat kasabaran anjeun) nalika anjeun aya di dunya (maka kawilang saéna tempat ieu) mangrupikeun hasil tina kalakuan anjeun.” (QS. Ar-Ra’d: 24)
Allāhu Akbar, Allāhu Akbar, Allāhu Akbar, walillāhil hamdu
Dina salahsawios pidauhna kanjeng Nabi Muhammad shallallahu ‘alaihi wasallam, anjeunna parantos nyarioskeun yen di sasih Ramadhan teh aya lima hal anu hente pernah dipasihkeun ka hiji umat oge sateuacan ka kanjeng Nabi shallallahu ‘alaihi wasallam, nyaeta,
Dina wungian kahiji sasih Ramadhan, Allah subhanahu wata’ala ningal ka sakabeh umatna kanjeng Nabi. Sing saha jalma nu pernah ngalaman ditingal ku Gusti Allah, maka eta jalma moal pernah disiksa salawasna.
Kadua, lambeyna jalma nu puasa dina waktosna lebet di waktos sonten, hakekat bauna kawilang langkung seungit tibatan minyak kasturi.
Katilu, saban sapoe sapeuting salami Ramadhan, sakabeh malaikat mintakeun panghampura ka Gusti Allah.
Kaopat, Gusti Allah nyarios ka Surga, “Siapkeun tempat anjeun, hias kaayaan anjeun ku hiasan nu endah pikeun hamba kaula nu ngaluangkeun dirina pikeun ninggalkeun karepotan atanapi hiruk pikukna dunya sangkan sibuk dina raraga nyumponan rahmat kaula.”
Ibadallah, nu kawilang paling penting nyaeta nu kalima, yen dina wungian terakhir sasih Ramadhan Gusti Allah ngahampura sakabeh dosa hambana.
Salahsawios sahabat kanjeng nabi dina waktosna nguping kana ieu hadits teh, anjeunna tumaros ka kanjeng Nabi shallallahu ‘alaihi wasallam,
يَا رَسُوْلَ اللهِ أَهِيَ لَيْلَةُ الْقَدَرِ؟
“Naha aranjeunna teh ku pedah ngameunangkeun wungian lailatul Qadar, ya Rasul?”
Kanjeng Nabi ngawaler,
لَا أَلَمْ تَرَ إِلَى الْعُمَّالِ يَعْمَلُوْنَ، فَإِذَا فَرَغُوْا مِنْ أَعْمَالِهِمْ وُفُّوْا أُجُوْرَهُمْ
“Sanes, naha anjeun teu ningal saban karyawan anu nuju kerja? Dina waktuna maranehna nuntaskeun pagaweanna, pastina maranehna bakal nampi gaji.” (Syu’abul Iman No. 3331)
| KAI Divre III Palembang Layani 82.532 Penumpang Saat Arus Mudik dan Balik Lebaran 2025 |
|
|---|
| Kumpulan Ucapan Halal Bihalal Idul Fitri 2025 dalam Bahasa Arab untuk Caption di Medsos |
|
|---|
| 29 Contoh Ucapan Halal Bihalal Idul Fitri 2025 yang Benar dan Berkesan untuk Acara di Kantor/Sekolah |
|
|---|
| 5 Contoh Ikrar Halal Bihalal Siswa Kepada Guru Singkat dan Berkesan |
|
|---|
| Sudah H+8 Lebaran, Penumpang Bus di Desa Celikah OKI Masih Ramai, Harga Tiket Turun |
|
|---|

Isi komentar sepenuhnya adalah tanggung jawab pengguna dan diatur dalam UU ITE.