Seputar Islam

Contoh Khutbah Jumat Isra Miraj Bahasa Sunda Edisi 24 Januari 2025, Penuh Makna dan Khidmat

TRIBUNSUMSEL.COM - Berikut ini akan disajikan materi Khutbah Jumat tema Isra Miraj dalam Bahasa Sunda edisi 24 Januari 2025, pilihan terbaik dan penuh

Tribunsumsel.com
Contoh Khutbah Jumat Isra Miraj Bahasa Sunda Edisi 24 Januari 2025, Penuh Makna dan Khidmat 

TRIBUNSUMSEL.COM - Berikut ini akan disajikan materi Khutbah Jumat tema Isra Miraj dalam Bahasa Sunda edisi 24 Januari 2025, pilihan terbaik dan penuh khidmat untuk referensi.

========

Khutbah Jumat Bahasa Sunda

"Balesan Akhirat nu Digambarkeun dina Isra Mi‘raj"

Khutbah I   

اَلْحَمْدُ لِلّٰهِ الْمَلِكِ الدَّيَّانِ، وَالصَّلَاةُ وَالسَّلَامُ عَلَى مُحَمَّدٍ سَيِّدِ وَلَدِ عَدْنَانَ، وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ وَتَابِعِيهِ عَلَى مَرِّ الزَّمَانِ، وَأَشْهَدُ أَنْ لَا إِلٰهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيكَ لَهُ، الْمُنَزَّهُ عَنِ الْجِسْمِيَّةِ وَالْجِهَةِ وَالزَّمَانِ وَالْمَكَانِ، وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُولُهُ الَّذِي كَانَ خُلُقُهُ الْقُرْآنَ. اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الدِّينِ 

أَمَّا بَعْدُ، فَيَاعِبَادَ الرَّحْمٰنِ، فَإنِّي أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِي بِتَقْوَى اللهِ المَنَّانِ، الْقَائِلِ فِي كِتَابِهِ الْقُرْآنِ: سُبْحٰنَ الَّذِيْٓ اَسْرٰى بِعَبْدِهٖ لَيْلًا مِّنَ الْمَسْجِدِ الْحَرَامِ اِلَى الْمَسْجِدِ الْاَقْصَا الَّذِيْ بٰرَكْنَا حَوْلَهٗ لِنُرِيَهٗ مِنْ اٰيٰتِنَاۗ اِنَّهٗ هُوَ السَّمِيْعُ الْبَصِيْرُ   

Jamaah sidang Jum’ah rohimakumulloh  

Puji sareng syukur urang haturkeun ka Alloh anu maha gofur. Sholawat sareng salam mugia salamina sing dikucurkeun ka jungjungan alam, ya’ni Kangjeng Nabi Muhammad saw, miwah kulawargina, para sahabatna, dugika urang sadayana salaku umatna.

Teu hilap, sateuacan ngadugikeun khutbah, khotib seja ngadugikeun kagegelan wasiat takwa ka sadayana ahli jumah, wireh takwa anu janten tameng kanggo nyingkahan sagala rupi panyegah Alloh, tur ningkatkeun kato’atan ka Mantenna.

Jamaah sidang Jum’ah rohimakumulloh  Dina wengian Isra Mi‘raj, sanes kanten kenging parentah sholat sacara langsung, Kangjeng Rosul oge diunjukkeun kana sapalih hikmah sareng tanda kaagungan Alloh, sakumaha anu tos masyhur diuningakeun dina Al-Quran: 

  سُبْحَانَ الَّذِي أَسْرَى بِعَبْدِهِ لَيْلًا مِنَ الْمَسْجِدِ الْحَرَامِ إِلَى الْمَسْجِدِ الْأَقْصَى الَّذِي بَارَكْنَا حَوْلَهُ لِنُرِيَهُ مِنْ آيَاتِنَا 

Hartosna, “Maha suci Alloh, Dzat anu tos ngalalampahkeun hamba-Na dina hiji wengi ti Masjidil Haram ka Masjidil Aqsha anu tos Kami berkahan sakurilingna supaya Kami nunjukkeun ka hamba-Na sabagian tina tanda (kaagungan) Kami,” (QS. Al-Isro’ [17]: 1).   

Kalintang seeueur hadits anu nyarioskeun perkawis sabagian tanda kaagungan eta, ti kawit ditunjukkeun kana tujuh lapis langit, Baitul Ma’mur, tug nepi ka Sidratul Muntaha. Nyakitu keneh ti kawit ditepangkeun sareng sapalih nabi anu kapungkur, sapertos Nabi Ibrahim, Nabi Musa, Nabi Isa, sareng Nabi Yusuf alaihimussalam, tug dugika ditingalikeun kana gamaran umat anu bagja tur nu cilaka di akhirat.   

Jamaah sidang Jum’ah rohimakumulloh  

Gamaran perkawis umat Rosululloh anu mung perlente dina cumarita kahadean ka batur, nanging laley dina ngajalankeun eta kahadean keur dirina, disebatkeun dina hadits riwayat Anas ibn Malik. Dina riwayat eta, Kangjeng Rosul nyarioskeun: 

  رَأَيْتُ لَيْلَةَ أُسْرِيَ بِي رِجَالًا تُقْرَضُ شِفَاهُهُمْ بِمَقَارِيضَ مِنْ نَارٍ، فَقُلْتُ: يَا جِبْرِيلُ مَنْ هَؤُلَاءِ؟ قَالَ: هَؤُلَاءِ خُطَبَاءُ مِنْ أُمَّتِكَ، يَأْمُرُونَ النَّاسَ بِالْبِرِّ، وَيَنْسَوْنَ أَنْفُسَهُمْ، وَهُمْ يَتْلُونَ الْكِتَابَ أَفَلَا يَعْقِلُونَ   

Hartosna, “Dina wengian di-isra-keun, kaula ningal sababaraha lalaki anu digunting biwirna ku gunting seuneu. Teras kaula tumaros (ka MalaikatJibril), ‘He Jibril, saha maranehna teh?’ Mantenna ngajawab, ‘Maranehna teh para khotib ti kalangan umat anjeun. Maranehna teh kur pinter marintah kahadean ka batur, tapi poho ka dirina sorangan. Maranehna ngaos Al-Quran, tapi naha teu mikirkeun kandunganna?’” (HR. Ahmad).   

Halaman 1 dari 3
Rekomendasi untuk Anda
Ikuti kami di
AA

Berita Terkini

© 2025 TRIBUNnews.com Network,a subsidiary of KG Media.
All Right Reserved