Seputar Islam
Teks Khutbah Jumat Bahasa Sunda Hari Ini 29 November 2024, Pilihan Terbaik dan Penuh Makna
Berikut akan disajikan materi Khutbah Jumat Bahasa Sunda terbaru hari ini 29 November 2024, yang menyentuh hati dan penuh makna untuk dibagikan pada j
Penulis: Putri Kusuma Rinjani | Editor: Putri Kusuma Rinjani
TRIBUNSUMSEL.COM - Berikut akan disajikan materi Khutbah Jumat Bahasa Sunda terbaru hari ini 29 November 2024, yang menyentuh hati dan penuh makna untuk dibagikan pada jamaah sholat Jumat.
________
KHUTBAH JUMAT BAHASA SUNDA
"Manfaat Emut kana Maot"
Khutbah I
إِنّ الْحَمْدَ ِللهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ وَنَعُوْذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا وَمِن سَيّئَاتِ أَعْمَالِنَا مَنْ يَهْدِهِ اللهُ فَلاَ مُضِلّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ ، أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلهَ إِلاّ اللهُ وَأَشْهَدُ أَنّ مُحَمّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلى آلِهِ وِأَصْحَابِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الدّيْن
أَمَّا بَعْدُ، فَيَاعِبَادَ اللهَ، فَإنِّي أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِي بِتَقْوَى اللهِ المَنَّانِ، الْقَائِلِ فِي كِتَابِهِ الْقُرْآنِ: يَاأَيّهَا الّذَيْنَ آمَنُوْا اتَّقُوا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنّ إِلَّا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ، وَقَالَ فِي آيَةٍ أُخْرَى، تَبارَكَ الَّذِي بِيَدِهِ الْمُلْكُ وَهُوَ عَلى كُلِّ شَيْءٍ قَدِيرٌ ، الَّذِي خَلَقَ الْمَوْتَ وَالْحَياةَ لِيَبْلُوَكُمْ أَيُّكُمْ أَحْسَنُ عَمَلاً وَهُوَ الْعَزِيزُ الْغَفُورُ ، صَدَقَ اللهُ الْعَظِيْمُ
Hadirin sidang Jumah anu mulya
Ti payun hayu urang sami-sami manjatkeun puji kalih syukur ka Alloh Robbun Gofur. Dzat anu teu liren-liren ngalimpahkeun ni‘mat ka urang sadayana, kalebet ni‘mat taufik-hidayah sareng ni‘mat berjamaah. Sahingga dina waktos anu mulya ieu, urang sadayana tiasa sasarengan ngalaksanakeun salah sawios parentah-Na, nyaeta netepan Jumah berjamaah.
Solawat sareng salam anu utama mugia salamina dikucurkeun ka Panutan Alam, nyaeta Habibana wa Nabiyana Muhammad saw. Solawat sareng salam oge mugia dilimpahkeun ka para sahabatna, para tabi‘in-tabi‘atna, tabi‘ tabiinna, dugika umatna, urang sadayana. Mudah-mudahan urang sapapaosna kenging taufiq hidayah kanggo tumut kana ajaran mantenna kalayan di akherat kenging syafaatna. Amin ya robbal alamin.
Sidang Jumah rohimakumulloh
Sateuacan ngalajengkeun ieu khutbah, sakumaha biasa, khotib seja wasiat khusus ka diri pribadi, umum ka sidang Jumah sadayana, hayu urang sami-sami ningkatkeun kaimanan oge katakwaan ka Alloh swt.
Sabab, takwa anu janten tameng tina midamel perkara anu dilarang Alloh, sareng takwa anu ngadorong midamel perkara anu dipiwarang ku Alloh, sanes kanten takwa janten bekel pang sae-saena kanggo mayunan kahirupan lana akherat namina anu disebat alam panjang poe padang nagara tanjung sampurna.
Sidang jumah rohimakumulloh Allah parantos ngadawuh dina Al-Quran Surat Al-Hasyr ayat 18:
يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوا اتَّقُوا اللّٰهَ وَلْتَنْظُرْ نَفْسٌ مَّا قَدَّمَتْ لِغَدٍ
Hartosna: “He jalma-jalma anu iman, kudu tarakwa anjeun ka Alloh oge satiap jalma kedah merhatoskeun naon anu atos dipidamel keur mayunan poe isuk, hartosna (akherat)”
Ngalangkungan ayat di luhur, Alloh ngageuing ka jalma-jalma anu takwa, supaya merhatoskeun oge nyiapkeun kahirupan akherat. Patarosannana, kumaha urang kedah nyiapkeun kahirupan akherat?
Tangtosna, teu aya deui anging taat sareng ngabakti ka Alloh swt, hartosna ibadah kalayan midamel sagala rupi nu dipiwarang ku Mantenna, oge nebihan sagala rupi anu dilarang ku Mantenna.
Materi Khutbah Jumat Bahasa Sunda
Khutbah Jumat Bahasa Sunda
Naskah Khutbah Jumat Bahasa Sunda
Kumpulan Teks Khutbah Jumat Tahun 2024
Tribunsumsel.com
| 4 Kedudukan Anak dalam Alquran, Kebanggaan, Penyejuk Hati, Fitnah hingga Musuh, Tanggung Jawab Ortu |
|
|---|
| Ayat Attoyyibatu Littoyyibina Waṭtoyyibuna Littoyyibat Surat Apa, Wanita Baik untuk Laki-laki Baik |
|
|---|
| Kepala Ditusuk Pasak Besi Lebih Baik daripada Menyentuh Wanita tidak Halal, Dalil tentang Selingkuh |
|
|---|
| Contoh Khutbah Jumat Bulan Syawal dalam Bahasa Jawa Edisi 10 April 2026, Khidmat dan Penuh Makna |
|
|---|
| Hadits Luasnya Ampunan Allah Bagi Hambanya Walau Dosa Setinggi Langit dan Kesalahan Sebesar Isi Bumi |
|
|---|
:quality(30):format(webp):focal(0.5x0.5:0.5x0.5)/sumsel/foto/bank/originals/Teks-Khutbah-Jumat-Bahasa-Sunda-Hari-Ini-29-November-2024-Pilihan-Terbaik-dan-Penuh-Makna.jpg)