Seputar Islam
Teks Khutbah Jumat Bahasa Sunda Hari Ini 29 November 2024, Pilihan Terbaik dan Penuh Makna
Berikut akan disajikan materi Khutbah Jumat Bahasa Sunda terbaru hari ini 29 November 2024, yang menyentuh hati dan penuh makna untuk dibagikan pada j
Penulis: Putri Kusuma Rinjani | Editor: Putri Kusuma Rinjani
Nanging urang moal tiasa soson-soson kana ibadah oge kumaula ka Alloh swt, salami urang teu merhatoskeun kana perkara anu matak ngancurkeun jeung misahkeun kanikmatan dunya, nyaeta maot. Malahan Kangjeng Rosul parantos peupeujeuh wae dina hadisna:
أَكْثِرُوا مِنْ ذِكْرِ هَاذِمِ اللَّذَاتِ الْمَوْتِ
Hartosna: “Kudu diseueurkeun ku aranjeun kabeh emut kana perkara anu megatkeun kana ni‘mat, nyaeta maot.”
Naon pangna Kangjeng Rosul mapagahan urang sadayana kedah emut kana maot? Supaya urang ulah kalalanyoan jeung kajongjonan.
Urang ulah ponteng teuing kana kahirupan dunya anu moal lana. Sabab, kahirupan anu sabenerna langkung sae sareng langkung langgeng mah engke di akherat. Kitu pisan sakumaha pidawuh Alloh dina Al-Qur’an Surat Al-A‘la ayat 17:
وَالْآخِرَةُ خَيْرٌ وَأَبْقى
Hartosna, “Saenya-enyana kahirupan akherat eta leuwih alus sareng leuwih langgeng (batan kahirupan dunya),“
Jadi numutkeun ieu ayat, leres yen kahirupan anu saestuna mah lain di dunya, tapi di akherat. Sabab, akherat leuwih hade sareng leuwih langgeng, anu tangtos kadituna, leuwih nikmat, jeung sajabana.
Rek teu kitu kumaha, sabab Alloh ngagaduhan ni‘mat teh saratus. Anu hiji dilungsurkeun ka alam dunya, anu 99 disimpen ku Alloh di akherat pikeun jalma-jalma anu takwa ka anjeuna.
لِلَّهِ مِائَةُ رَحْمَةٍ: وَاحِدَةٌ يَرْحَمُ بِهَا خَلْقَهُ فِي الدُّنْيَا، وَتِسْعٌ وَتِسْعُونَ لِيَوْمِ الْقِيَامَةِ
Hartosna, “Allah ngagaduhan saratus rahmat (ni‘mat), hiji dianggo ngarohmat makhluk-Na di dunia, sementawis 99 kanggo poe Kiamah.”
Matakna, ni‘mat Allah dina poe kiamah sareng di negeri kani‘matanna, ya’ne surga janten ni‘mat anu kalintang istimewana malahan teu tiasa dicarioskeun ku ucapan.
إِنَّ اللَّهَ عز وجل قَالَ: أَعْدَدْتُ لِعِبَادِيَ الصَّالِحِينَ مَا لَا عَيْنٌ رَأَتْ، وَلَا أُذُنٌ سَمِعَتْ، وَلَا خَطَرَ عَلَى قَلْبِ بَشَرٍ
Hartosna, “Saenya-enyana Alloh parantos nyiapkeun kanggo hamba-hamba-Na anu saroleh, kani‘matan anu teu acan kantos katingal ku soca, anu teu acan kantos kadangu ku cepil, oge anu teu acan kantos kabayang ku hate jalmi mana wae.”
Tah kitu, gambaran ni‘mat anu tos dicawiskeun Alloh ka hamba-hamba-Na anu taat ka Mantenna.
Materi Khutbah Jumat Bahasa Sunda
Khutbah Jumat Bahasa Sunda
Naskah Khutbah Jumat Bahasa Sunda
Kumpulan Teks Khutbah Jumat Tahun 2024
Tribunsumsel.com
| 2 Doa Masuk Pasar Lengkap Tulisan Arab, Latin dan Terjemahannya |
|
|---|
| Doa untuk Keluarga yang Sedang Melaksanakan Haji, Lengkap Tulisan Latin dan Artinya |
|
|---|
| Allahummagfirlaha Warhamha Waafihi Wafuanha Bacaan Arab, Latin dan Arti, Doa Orang Meninggal |
|
|---|
| Bacaan Doa Sebelum dan Sesudah Bekerja Berdasarkan Hadist, Lengkap |
|
|---|
| Jadwal 1 Dzulhijjah 1447 H/2026 Menurut Muhammadiyah dan Pemerintah |
|
|---|
:quality(30):format(webp):focal(0.5x0.5:0.5x0.5)/sumsel/foto/bank/originals/Teks-Khutbah-Jumat-Bahasa-Sunda-Hari-Ini-29-November-2024-Pilihan-Terbaik-dan-Penuh-Makna.jpg)