Seputar Islam
Teks Khutbah Jumat Edisi 25 Oktober 2024 - Rabiul Akhir 1446 H dalam Bahasa Sunda
Artikel ini menyajikan teks khutbah Jumat edisi 25 Oktober 2024 - Rabiul Akhir 1446 hijriyah dalam Bahasa Sunda, lengkap.
TRIBUNSUMSEL.COM- Sampaikan khutbah Jumat dalam bahasa Sunda menggunakan contoh pada artikel ini.
Berikut teks khutbah Jumat edisi 25 Oktober 2024 - Rabiul Akhir 1446 hijriyah, bahasa Sunda.
Judul "Jalma Anu Bakal Meunang Karugian"
KHUTBAH I
اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِيْ هَدَانَا لِهَذَا وَمَاكُنَّا لِنَهْتَدِيَ لَوْ لاَ اَنْ هَدَانَا اللهُ. اَشْهَدُ اَنْ لاَ اِلهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ وَاَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ لاَنَبِيَ بَعْدَهُ. اَللّـهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّـدِنَا مُحَمَّـدٍ وَعَلَى اَلِهِ وَاَصْـحَابِـهِ وَالتَابِعِيْنَ وَتَابِعِ التَابِعِيْنَ اِلَى يَوْمِ القِيَامَةِ. اَمَّابَعْدُ: فَيَـااَيُّـهَاالْحَاضِرُوْنَ, اِتَّقُوْاالله حَيْثُمَا كُنْتُمْ وَاِنَّ اْلجَنَّـةَاُعِـدَّتْ لِلْمُتَّقِيْنَ. وَقَالَ اللّهُ تَعَالَى فِى الْقُرْأَنِ الْكَرِيْمِ، أَعُوْذُ بِااللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْم . بِسۡمِ ٱللَّهِ ٱلرَّحۡمَٰنِ ٱلرَّحِيمِ. يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا لَا تُلْهِكُمْ أَمْوَالُكُمْ وَلاَ أَوْلاَدُكُمْ عَنْ ذِكْرِ اللهِ وَمَنْ يَفْعَلْ ذلِكَ فَأُولَئِكَ هُمُ الْخَاسِرُونَ
Hadirin jamaah Jumat rahimakumullah
Dina al-Qur’an surat al-Munafiqun ayat 9 Allah Swt., nyaur ka jalmi-jalmi nu iman sangkan seueur dzikir kaMantena, sarta nyarek maranehanana nyibukeun diri ku harta sarta anak-anakna sahingga mopohokeun dzikir ka Allah.
Teras Allah oge ngawanti-wanti ka maranehanana, yen sing saha jalma anu katungkul ku kasenangan dunya jeung anak-anakna nepika mopohokeun ketaatan ka Pangeranna, maka saenyana manehannana bakal jadi jalma-jalma anu rugi. tegesna ngarugikeun dirina sorangan sarta kulawargana jaga dina poe kiamat. Pidawuh Mantena:
يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا لَا تُلْهِكُمْ أَمْوَالُكُمْ وَلاَ أَوْلاَدُكُمْ عَنْ ذِكْرِ اللهِ وَمَنْ يَفْعَلْ ذلِكَ فَأُولَئِكَ هُمُ الْخَاسِرُونَ
Hartosna: Yeh jalma-jalma nu iman, ulah rek katungkul ku harta-harta anjeun sarta anak-anak anjeun tina eling ka Allah. sing saha anu migawe kitu maka maranehanana eta pisan jalma-jalma anu rugi. (Al-Munafiqun: 9)
Saterasna Allah Swt., nganjurkeun kamaranehanana tina sabagian rizkina. Kalayan dawuhanana:
وَأَنْفِقُوا مِنْ مَا رَزَقْنَاكُمْ مِنْ قَبْلِ أَنْ يَأْتِيَ أَحَدَكُمُ الْمَوْتُ فَيَقُولَ رَبِّ لَوْلاَ أَخَّرْتَنِي إِلَى أَجَلٍ قَرِيبٍ فَأَصَّدَّقَ وَأَكُنْ مِنَ الصَّالِحِينَ
Hartosna: Jeung infakkeun sabagian tina naon anu geus ku kami dibikeun ka maraneh samemeh datang maot ka salah saurang diaantara aranjeun, tuluy manehna ngomong: ” naha atuh Gusti henteu ngundurkeun maot abdi sakedapmah; supados abdi tiasa sodakoh heula sarta abdi janten jalmi-jalmi anu soleh.” (Al-Munafiqun: 10)
Hadirin jamaah Jumat rahimakumullah
Satiap jalma anu teu malire kana kawajiban pasti bakal ngarasa hanjakal pas dina nyanghareupan ajal, sarta menta umurna supaya diperpanjang atawa dibalikeun deui kaalam dunya sanajan ngan sakeudeung pikeun tobat heula sarta migawe sakabeh amal anu geus kaliwat. tapi geus katalanjuran ceuk pari basamah nasi sudah menjadi bubur, kadar teu beunang disinglar takdir teu beunang dipungkir, maranehanana pasti bakal ngarasa hanjakal kusabab polahna waktu di dunya.
Sedengkeun ari jalma-jalma kafirmah beda deui ngomongna teh, sakumaha anu dicarioskeun ku Allah SWT dina surat Ibrohim ayat 44:
وَأَنْذِرِ النَّاسَ يَوْمَ يَأْتِيهِمُ الْعَذَابُ فَيَقُولُ الَّذِينَ ظَلَمُوا رَبَّنَا أَخِّرْنَا إِلَى أَجَلٍ قَرِيبٍ نُجِبْ دَعْوَتَكَ وَنَتَّبِعِ الرُّسُلَ أَوَلَمْ تَكُونُوا أَقْسَمْتُمْ مِنْ قَبْلُ مَا لَكُمْ مِنْ زَوَالٍ
Hartosna: Jeung geura elingan manungsa kana hiji poe tumibana siksaan ka maranehna. maka jalma-jalma nu dlolim nyarita: “nun pangeran abdi sadaya! Paparin tempo abdi sadaya sakedap mah, tanwande abdi sadaya bakal tumut kana pangajak gusti sareng abdi baris tumut ka para Rosul, saur Allah: naha lain maraneh teh geus susumpahan samemehna maraneh moal rarobah?. (Ibrohim: 44)
Teras Allah Swt nandeskeun ngenaan ajal (maot) dina surat al-Munafiqun ayat 11:
وَلَنْ يُؤَخِّرَ اللَّهُ نَفْسًا إِذَا جَاءَ أَجَلُهَا وَاللَّهُ خَبِيرٌ بِمَا تَعْمَلُونَ
“Jeung Allah moal bakal ngundurkeun (maotna) hiji jalma upama geus nepi ka ajalna, jeung nyaho kana naon anu ku maraneh geus pigawe. (Al-Munafiqun: 11)
Hadirin jamaah Jumat rahimakumullah
Janten Allah moal bakal ngundurkeun ka saurang oge upama geus datang ajalmah sarta Anjeunna terang ka jalma anu ngomong sajujurna tina kahayangna ka jalma-jalma anu saumpama dibalikeun deui ka dunya pasti manehna bakal migawe salah deui ciga baheula.
Oge di tandeskeun deui ku kangjeng Rosul dina salah sawios hadisna:
إِنَّ اللَّهَ لَا يُؤَخِّرُ نَفْسًا إِذَا جَاءَ أَجْلُهَا، وَإِنَّمَا الزِّيَادَةُ فِي الْعُمْرِ أَنْ يَرْزُقَ اللَّهُ الْعَبْدَ ذُرِّيَةً صَالِحَةً يَدْعُونَ لَهُ، فَيَلْحَقُهُ دُعَاؤُهُمْ فِي قَبْرِهِ
Hartosna: Saenyana Allah moal bakal ngundurkeun umur hiji jalma lamun geus datang ajalna. Saenyana nambahan umur eta saukur upama Allah masihan ka hiji jalma, turunan anu soleh anu ngadu’akeun ka manehanana, maka du’a maranehanana nepi pikeun manehna di alam kuburna.
بَارَكَ اللهُ لِى وَلَكُمْ وَلِجَمِيْعِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اِنَّهُ هُوَالْغَفُوْرُالرَّحِيْمُ
KHUTBAH II
اَلْحَمْـدُ للهِ رَبِّ الْعَـالَمِيْـنَ، وَبِـهِ نَسْتَعِيْـنُ عَلَى اُمُـوْرِ الدُّنْـيَا وَالدِّيـنِ، وَالصَّـلاَةُ وَالسَّـلاَمُ عَلَى اَشْرَفِ اْلاَنْـبِيَاءِ وَالْمُرْسَلِيْـنَ، وَعَلَى اَلِهِ وَصَحْـبِهِ اَجْمَعِيْـنَ. اَشْهَـدُ اَنْ لاَاِلهَ اِلاَّ اللهُ الْمَلِكُ الْحَقُّ الْمُبِيْـنُ، وَاَشْهَـدُ اَنَّ مُحَمَّـدًا عَبْـدُهُ وَرَسُـوْلُهُ صَادِقُ الْوَعْـدِ اْلاَمِيْـنُ، اَللّـهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّـدِنَا مُحَمَّـدٍ وَعَلَى اَلِهِ وَاَصْـحَابِـهِ اَجْمَعِيْـنَ . اَمَّابَعْـدُ: فَـيَااَيُّـهَا النَّـاسُ اتَّقُـوْ اللهَ حَقَّ تُقَـاتِـهِ وَلاَتَمُـوْتُـنَّ اِلاَّ وَاَنْـتُمْ مُسْـلِمُـوْنَ. اَللّـهُمَّ اغْـفِرْ لِلْمُسْلِمِيْـنَ وَالْمُسْـلِمَاتِ وَالْمُؤْمِنِيْـنَ وَالْمُؤْمِنَـاتِ اَلْاَحْياءِ مِنْـهُمْ وَاْلاَمْـوَاتِ، رَبَّنَا أَنْزِلْنَا مُنْزَلاً مُبَارَكاً وَأَنْتَ خَيْرُ الْمُنْزِلِيْنَ. رَبَّنَا ٱفۡتَحۡ بَيۡنَنَا وَبَيۡنَ قَوۡمِنَا بِٱلۡحَقِّ وَأَنتَ خَيۡرُ ٱلۡفَٰتِحِينَ .رَبَّـنَا اتِـنَا فِى الدُّنْـيَا حَسَنَـةً وَفِى اْلاخِرَةِ حَسَنَـةً وَقِنَاعَـذَابَ الـنَّارِ.بِرَحْمَتِكَ يَااَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ. وَالْحَمْـدُ للهِ رَبِّ الْعَـالَمِيْـنَ.
- Unduh PDF Naskah Khutbah Jumat [LINK]
Baca juga: 15 Contoh Pantun MC Pembukaan Acara Pengajian, Cocok Untuk Awal Pidato dan Ceramah Agama
Baca juga: Bacaan Doa untuk Suami Agar Rezeki Lancar, Lengkap Tulisan Latin dan Terjemahannya
Baca juga: Bacaan Doa Masuk dan Keluar Pasar, Lengkap Tulisan Latin, Mudah Diamalkan
Baca artikel dan berita Tribun Sumsel lainnya langsung dari google news
Doa Setelah Sholat Taubat, Tahajud, Hajat dan Witir, Teks Arab Latin dan Terjemahan |
![]() |
---|
Doa untuk Keamanan Serta Keselamatan Negara Agar Damai, Lengkap Tulisan Arab, Latin dan Artinya |
![]() |
---|
Kumpulan Hadits Hikmah Bersholawat, Diampuni Dosa, Dikabulkan Hajat Dikumpulkan di Surga |
![]() |
---|
Kumpulan Doa Saat Ikut atau Melihat Aksi Demonstrasi, Mohon Perlindungan Allah, Doa-doa Nabi Musa |
![]() |
---|
Catat Tanggalnya, Jadwal Puasa Senin-Kamis dan Puasa Ayyamul Bidh September 2025, Ada 11 Hari |
![]() |
---|
Isi komentar sepenuhnya adalah tanggung jawab pengguna dan diatur dalam UU ITE.