Seputar Islam
Naskah Khutbah Jumat Bulan Syaban 16 Februari 2024 Bahasa Sunda, Penuh Makna dan Tersedia File PDF
Berikut akan disajikan Naskah Khutbah Jumat bertemakan bulan Syaban edisi 16 Februari 2024 dalam Bahasa Sunda yang penuh makna, tersedia pula bentuk
Penulis: Putri Kusuma Rinjani | Editor: Putri Kusuma Rinjani
Ma’asyiral Muslimin, parentah puasa nu ku Allah didugikeun ka hamba-hamba na, ieu mangrupikeun rahmat oge kawelas asih ti mantenna, naon margina? Margi puasa janten prisai, sahingga saha wae jalma anu ngajalankeun, maka eta puasa bisa nahan sareng ngaredam nafsu anu seringna eta nafsu teh nganungtut pikeun dimamanja.
Ku ayana kitu, ngalangkungan ibadah puasa, saban manusa ditempa rohanina pikeun nahan kana sagala rupi godaan dunia, ti mulai nahan diri tina sagala kadaharan oge inuman, jeung sagala rupi anu mubah sareng dihalalkeun.
Ieu janten buktos anu kiat yen aya anu langkung penting tibatan kenikmatan dunia, nyaeta kanikmatan negeri akhirat ku jalanna patepang sareng Allah nu maha kawasa.
Bulan Ramadhan hiji bulan anu kawilang muliana ti bulan-bulan nu lainna. Naon hartosna? Bahwa di mana disebatkeun bulan Ramadhan, maka tangtos bulan Sya’ban janten hiji bulan anu ngarekam sajarah difardhukeun nana puasa di eta bulan pikeun sakabeh jalma muslim salami sabulan pinuh.
Bulan Sya’ban janten tonggak dina pada hadirna hiji bulan anu mangrupikeun anugerah istimewa ti Allah, sahingga sagala rupi kasaean pahalana dilipatgandakeun.
Ku ayana kitu, sangkan urang tiasa ngamaksimalkeun ibadah shiyam di bulan suci Ramadhan. Sareng kulantaran muliana bulan Sya’ban ieu, kanjeng Nabi shallallahu ‘alaihi wasallam parantos masihan resep atanapi motivasi ku jalan anjeunna nyalira langsung nyontokeun ku teladan anu terbaikna. Dina hiji riwayat Sayyidah ‘Aisyah dina waktosna ditaros perkawis kumaha shaumna kanjeng Nabi di bulan Sya’ban, anjeunna ngawaler, saurna,
لَمْ يَكُنِ النَّبِيُّ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ يَصُومُ شَهْرًا أَكْثَرَ مِنْ شَعْبَانَ، فَإِنَّهُ كَانَ يَصُومُ شَعْبَانَ كُلَّهُ
“Nabi shallallahu ‘alaihi wasallam pernah puasa dina sabulan langkung seueur puasana di bulan Sya’ban, sabab satemenna anjeunna ngalakukeun puasa bulan Sya’ban sagemblengna.” (HR. Al-Bukhari No. 1834; HR. Muslim No. 1957)
Para wargi jamaah sidang shalat Jumat anu dimuliakeun ku Allah,
Cara Allah ngamuliakeun bulan Sya’ban katilu, bulan Sya’ban oge janten sajarah dimulaina Kakbah janten kiblat na umat Islam sabakdana masjid Al-Aqsa, sajarah pindahna ieu kiblat teh ditandai ku turunna ayat Al-Quran surat Al-Baqarah Ayat 144, Dauh Allah:
قَدْ نَرَىٰ تَقَلُّبَ وَجْهِكَ فِى ٱلسَّمَآءِ ۖ فَلَنُوَلِّيَنَّكَ قِبْلَةً تَرْضَىٰهَا ۚ فَوَلِّ وَجْهَكَ شَطْرَ ٱلْمَسْجِدِ ٱلْحَرَامِ ۚ وَحَيْثُ مَا كُنتُمْ فَوَلُّوا۟ وُجُوهَكُمْ شَطْرَهُۥ ۗ وَإِنَّ ٱلَّذِينَ أُوتُوا۟ ٱلْكِتَٰبَ لَيَعْلَمُونَ أَنَّهُ ٱلْحَقُّ مِن رَّبِّهِمْ ۗ وَمَا ٱللَّهُ بِغَٰفِلٍ عَمَّا يَعْمَلُونَ
“Saéstuna Kami (sering) ningali raray anjeun neuteup ka langit, tuluy Kaula baris malikkeun anjeun ka kiblat anu ku anjeun pikaresep. Ngalieuk ka arah Masjidil Haram. Di mana waé anjeun aya, malikkeun wajah anjeun ka arahna. Jeung satemenna jalma-jalma (Yahudi jeung Nasrani) anu dibere Kitab (Taurat jeung Injil) geus nyaho yen balik ka Masjidil Haram téh bener ti Pangéran maranéhna; jeung Allah henteu malire kana naon anu maranehna laksanakeun.” (QS. Al-Baqarah: 144)
Ma’asyiral muslimin, Imam Al-Qurthubi dina tafsirna Al-Jaami’ li Ahkamil Quran sawaktosna anjeunna nafsirkeun ieu ayat ku ngutip pendapatna Abu Hatim Al-Busti, anjeunna nyebatkeun yen Allah Nu Maha Kawasa marentah ka kanjeng Rasul shallallahu ‘alaihi wasallam pikeun mindahkeun kiblat dina wungian dinten salasa bulan Sya’ban anu bertepatan sareng wungian nana nisfu Sya’ban.
Kiblat janten hiji simbol katauhidan, margi sakabehna jalma muslim ngadep ka hiji tujuan, salain ti eta, pindahna kiblat ti masjidil Aqsa ka Masjidil Haram teh negaskeun ka urang sadaya yen Allah Nu Maha Kawasa teu butuh kana waktos oge tempat.
Hal ieu sakumaha sajarah perobihan katangtuan kiblat anu teu mutlak ka saarah wungkul. Umat Islam dina waktosna henteu aya dina kaayaan nyembah Kakbah atanapi masjidil Aqsa, balikta sakabehna umat Islam aya dina kaayaan nyembah ka Allah subhanahu wata’ala.
Naskah Khutbah Jumat Bulan Syaban
Naskah Khutbah Jumat Terbaru
Isi Teks Khutbah Jumat
PDF Naskah Khutbah Jumat Terbaru
Teks Khutbah Jumat Menyentuh Hati
Khutbah Jumat Syaban Bahasa Sunda
Tribunsumsel.com
Kumpulan Hadits Hikmah Bersholawat, Diampuni Dosa, Dikabulkan Hajat Dikumpulkan di Surga |
![]() |
---|
Kumpulan Doa Saat Ikut atau Melihat Aksi Demonstrasi, Mohon Perlindungan Allah, Doa-doa Nabi Musa |
![]() |
---|
Catat Tanggalnya, Jadwal Puasa Senin-Kamis dan Puasa Ayyamul Bidh September 2025, Ada 11 Hari |
![]() |
---|
Doa Agar Dijauhkan dari Pemimpin yang Zalim, Lengkap Tulisan Arab, Latin dan Artinya |
![]() |
---|
Arti Ayat Ya Ayyuhalladzina Amanu Shollu Alaihi Wa Sallimu Taslima, Perintah Allah untuk Bershalawat |
![]() |
---|
Isi komentar sepenuhnya adalah tanggung jawab pengguna dan diatur dalam UU ITE.