Seputar Islam
Naskah Khutbah Jumat Bulan Syaban 16 Februari 2024 Bahasa Sunda, Penuh Makna dan Tersedia File PDF
Berikut akan disajikan Naskah Khutbah Jumat bertemakan bulan Syaban edisi 16 Februari 2024 dalam Bahasa Sunda yang penuh makna, tersedia pula bentuk
Penulis: Putri Kusuma Rinjani | Editor: Putri Kusuma Rinjani
Bulan shaum langkung hebat deui, saban jalma dina nalika mayunan bulan shiyam saolah-olah janten jalma anu anyar kaperibadian nana, saban jalma saling lomba kanggo ngaraih pahala anu dilipatgandakeun.
Tangtosna henteu kitu dina waktosna mayunan bulan Rajab, dina salahsawios dauh kanjeng Nabi anu diriwayatkeun Abu Daud sareng Imam an-Nasa’i, Kanjeng Nabi shallallahu ‘alaihi wasallam nyebatkeun yen bulan Sya’ban teh kalebet kana bulanna anu kalobaan jalma mopohokeun, boh amalan-amalan nana oge kautamaan anu aya dilebetna.
Para wargi jamaah sidang shalat Jumat anu dimuliakeun ku Allah,
Salah sawios buktosna bulan Rajab teh kalebet kana bulan anu dimuliakeun ku Allah nyaeta urang tiasa ningal kana sababaraha kajantenan sajarah anu kawilang pentingna, ieu kajantenan teh sanes mung saukur buktos historis wungkul, namung ieu janten buktos oge yen Allah subhanahu wata’ala ngamuliakeun bulan Sya’ban.
Cara Allah ngamuliakeun bulan Sya’ban kahiji dina bulan Sya’ban Allah subhanahu wata’ala nurunkeun hiji ayat tentang parentah shalawat ka kanjeng Nabi Muhammad shallallahu ‘alaihi wasallam, sakumaha nu aya dina Al-Quran surat Al-Ahzab ayat 56, Allah subhanahu wata’ala ngadauhkeun,
إِنَّ ٱللَّهَ وَمَلَـٰۤىِٕكَتَهُۥ یُصَلُّونَ عَلَى ٱلنَّبِیِّۚ یَـٰۤأَیُّهَا ٱلَّذِینَ ءَامَنُوا۟ صَلُّوا۟ عَلَیۡهِ وَسَلِّمُوا۟ تَسۡلِیمًا
“Saéstuna Allah jeung para malaikat-Na Shalawat ka Kanjeung Nabi, Wahai jalma-jalma anu ariman! Shalawat ka Nabi sareng salam ka anjeunna kalayan hormat.” (QS. Al-Ahzab: 56)
Ma’asyiral muslimin, mayoritas ulama khususna kalangan mufassirin sepakat yen ayat ieu teh lungsurna di bulan Sya’ban. Nu mana shalawat upami ditingal kana hartosna secara bahasa, shalawat dicandak tina kalimat shalat nu hartosna doa, sementawisna dina ieu ayat aya tilu shalawat: nu kahiji, shalawatna Allah; nu kadua, shalawatna malaikat; sareng nu katilu parentah shalawat kanggo umatna kanjeng Nabi shallallahu ‘alaihi wasallam.
Imam Ibnu Katsir rahimahullah dina kitab tafsirna ngutip cariosan Imam Bukhari rahimahullah, saurna Allah shalawat ka kanjeng Nabi ieu maksadna Allah maparin rahmat oge ngamumule sareng ngalem ka anjeunna.
Malaikat shalawat ka kanjeng nabi, maksadna malaikat ngadoa sareng ngadoakeun kanjeng nabi, sareng umatna Kanjeng Nabi shalawat ka anjeunna dina raraga miharep kabarakahan tina eta shalawat.
Ku ayana kitu, ayat ieu janten buktos oge yen Kanjeng Nabi Muhammad shallallahu ‘alaihi wasallam ngagaduhan kadudukan anu mulya dipayunen Allah, dina pada Allah nurunkeun rahmat oge kasaean, malaikat ngadoakeun, oge umatna diparentah pikeun ngamulyakeun anjeunna ku jalan nyeueurkeun shalawat ka anjeunna.
Para wargi jamaah sidang shalat Jumat anu dimuliakeun ku Allah,
Cara Allah ngamuliakeun bulan Sya’ban kadua, bulan Sya’ban mangrupikeun bulanna turun ayat anu eusina marentahkeun sakabeh umat Islam pikeun shaum di bulan Ramadhan, ayat anu dimaksud nyaeta Al-Quran surat Al-Baqarah ayat 183, Allah subhanahu wata’ala ngadauh,
يَٰٓأَيُّهَا ٱلَّذِينَ ءَامَنُوا۟ كُتِبَ عَلَيْكُمُ ٱلصِّيَامُ كَمَا كُتِبَ عَلَى ٱلَّذِينَ مِن قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُونَ
“Wahai jalma-jalma anu iman, geus diwajibkeun ka aranjeun puasa sakumaha geus diwajibkeun ka jalma-jalma saacan aranjeun, supaya aranjeun jadi takwa.” (QS. AlBaqarah: 183)
Naskah Khutbah Jumat Bulan Syaban
Naskah Khutbah Jumat Terbaru
Isi Teks Khutbah Jumat
PDF Naskah Khutbah Jumat Terbaru
Teks Khutbah Jumat Menyentuh Hati
Khutbah Jumat Syaban Bahasa Sunda
Tribunsumsel.com
Kumpulan Hadits Hikmah Bersholawat, Diampuni Dosa, Dikabulkan Hajat Dikumpulkan di Surga |
![]() |
---|
Kumpulan Doa Saat Ikut atau Melihat Aksi Demonstrasi, Mohon Perlindungan Allah, Doa-doa Nabi Musa |
![]() |
---|
Catat Tanggalnya, Jadwal Puasa Senin-Kamis dan Puasa Ayyamul Bidh September 2025, Ada 11 Hari |
![]() |
---|
Doa Agar Dijauhkan dari Pemimpin yang Zalim, Lengkap Tulisan Arab, Latin dan Artinya |
![]() |
---|
Arti Ayat Ya Ayyuhalladzina Amanu Shollu Alaihi Wa Sallimu Taslima, Perintah Allah untuk Bershalawat |
![]() |
---|
Isi komentar sepenuhnya adalah tanggung jawab pengguna dan diatur dalam UU ITE.