Seputar Islam

Naskah Khutbah Jumat Penghujung Rajab 9 Februari 2024 Bahasa Sunda Penuh Makna, Tersedia PDF

Berikut ini akan disajikan contoh Naskah Khutbah Jumat bertemakan akhir bulan Rajab edisi 9 Februari 2024 dalam Bahasa Sunda yang penuh makna, tersedi

Tribunsumsel.com
Naskah Khutbah Jumat Penghujung Rajab 9 Februari 2024 Bahasa Sunda Penuh Makna, Tersedia PDF 

Pupusuhan ti kaum Quraisy mingkin ngahimpit. Bener-bener bulan anu merlukeun katabahan sareng kakuatan iman, dina raraga mayunan sagala rupa cobaan.

Opat kajadian anu ninggalkeun kapeurih jeung kanyeri pikeun Rosul, sedengkeun tugas agung ngabutuhkeun konsentrasi jeung kakuatan anu ulah buyar jeung ngalemah.

Syekh Abu Bakar al Jazairi dina bukuna Hadzal Habib ya Muhib nyarioskeun, “kakara pisan kaayaan anu nyekek kana panghalang di Syi’ib Abu Thalib anu jalan salami 3 taun, Nabi Shallallahu Alaihi Wasallam digareunyahkeun ku musibah gede, nyaeta pupusna Abu Thalib mamangna anu ngasuh anjeuna, gunung anu ngajulang anu ngabentengan, singa anu ngalindungan jeung benteng anu kokoh, sareng pupusna Khadijah.”

Syekh Abu Bakar Al Jazairi ngajelaskeun, kumaha kasedihanana nabi nalika dikantun ku Siti Khodijah. Kusabab peran Siti Khadijah anu tulus jeung agung. salah sahiji anugrah anu paling mulya, anu teu kagentoskeun ku istri lainna. Siti Khodijah mangrupikeun kanikmatan tempat nyalindung saparantosna nyuhunkeun pitulung ti Gusti Alloh, tempatna katentreman saparantosna Dzikir ka Alloh, anjeunna anu ngahibur nalika datang rasa kasieun jeung kagundah, istri anu ngalelesonkeun nalika cape (Abu Bakar Al Jazairi, Hadzal Habib ya Muhib)

Sahebat iyeu peran salaku istri.

Bade teu sedih kumaha dikantunkeun ku istri anu kacida mulyana dina waktu anu kacida dibutuhkeunana. Syekh Muhammad Al Ghazali dina Fiqhus Sirohna nyarioskeun, “Khadijah mangrupi anugerah Alloh anu agung kangge Muhammad Shallallahu Alaihi Wasallam. Anjeuna ngabela Kanjeng Rosul dina waktos anu paling sulit.

Nagabntos ngadugikeun risalah Karasulan. Sasarengan dina ngalaksankeun ‘jihad’ anu pait. Ngahibur ku diri sareng hartana. Dawuhan Kanjeng Nabi

ما أبدلنى الله خيرا منها قد آمنت بى إذ كفر بى الناس وصدقتنى إذ كذبنى الناس وواستنى بمالها إذ حرمنى الناس ورزقنى الله ولدها إذ حرمنى أولاد النساء يعنى خديجة

“Moal oge Alloh ngaganti kawula anu langkung sae ti anjeuna. Anjeuna mercayakeun ka kawula sawaktu manusa ingkar ti kawula. Anjeuna ngadukung/ngaenyakeun kawula sawaktu manusa ngingkarkeun kawula. Anjeuna ngahibur kawula ku hartana sawaktu manusa parelit. Jeung Alloh nganugrahkan ka kawula anak-anakna sawaktu anu lain teu aya anu mere kawula anak.” (HR. Ahmad)

Saparantosna dikantukeun ku Abu Tholib sareng Siti Khadijah, Ahirna Kanjeng Nabi ngizinkeun ka para umatna anu taat supados hijrah ka Thoif. Nanging bani Tsaqif anu kawasa di tanah Thaif henteu maparinan sambutan ka Kanjeng Nabi, malahan maranehanana ngusir ka Kanjeng Nabi sareng pengikutna bari maledogan ku batu, Ahirna Kanjeng Nabi mulih deui sareng umatna anu taat bari kaayaan badan anu pinuh ku getih. Nya dina waktu eta Kanjeng Nabi kacida pisan ngaraos nalangsa, ngadoa ka Alloh bari lumengis.

اللهمّ إليك أشكو ضعف قوّتي، وقلّة حيلتي، وهواني على النّاس، يا أرحم الرّاحمين، أنتَ ربُّ المستضعفين وأنت ربّي، إلى مَن تَكِلُني؟ إلى بعيدٍ يتجهَّمني؟ أم إلى عدوٍّ ملّكتَه أمري؟ إن لم يكن بك غضبٌ عليَّ فلا أبالي، ولكن عافيتك هي أوسع لي، أعوذ بنور وجهِك الذي أشرقتْ له الظّلمات، وصَلَح عليه أمر الدّنيا والآخرة من أن تُنْزِل بي غضبَك، أو يحلّ عليَّ سخطك، لك العُتْبَى حتى ترضى، ولا حول ولا قوّة إلا بك

Yaa Alloh, ka Anjeun abdi ngadu kalemahan abdi, kakirangan daya upaya abdi sareng kahinaan abdi kana pandangan manusa. Wahai Dzat anu Maha mika-asih , Anjeun sesembahan jalmi anu ditindas, sareng Anjeun saestuna pangeran abdi. Ka saha Anjeun masrahkeun ieu diri abdi ? Ka jalma teu wawuh anu bakal ngarogahala abdi atanapi ka musuh anu ngawasaan abdi ? Sakintena Anjeun henteu murka ka diri abdi, maka abdi moal paduli.

Nanging afiat-Anjeun parantos cekap kangge diri abdi. Abdi nyalindung ku Nur wajah-Anjeun anu nyaangan sagala kapoek sareng pangatur sagala urusan dunya sinareng akherat di luhurna, daripada Anjeun nurunkeun amarah-Anjeun ka abdi atawa Anjeun murka ka diri abdi, mung ka anjeun abdi tetep ngarayu sahingga Anjeun ridha.

Teu aya daya (kangge ngalakukeun kesaean) sareng teu aya upaya (kangge ngantunkeun kajahatan) kacuali ku pitunjuk Anjeun." (HR. Al-Thabrani dina al-Mu'jam al-Kabir: 13/73 sareng dihassankeun ku Ibnu Katsir dina tafsirna: 7/267)

Saterasna dina waktos eta dongkap Malaikat anu ngajaga Gunung nawiskeun bantuan.

Halaman
1234
Berita Terkait
Ikuti kami di
AA

Berita Terkini

© 2025 TRIBUNnews.com Network,a subsidiary of KG Media.
All Right Reserved