Seputar Islam

Naskah Khutbah Jumat Penghujung Rajab 9 Februari 2024 Bahasa Sunda Penuh Makna, Tersedia PDF

Berikut ini akan disajikan contoh Naskah Khutbah Jumat bertemakan akhir bulan Rajab edisi 9 Februari 2024 dalam Bahasa Sunda yang penuh makna, tersedi

Tribunsumsel.com
Naskah Khutbah Jumat Penghujung Rajab 9 Februari 2024 Bahasa Sunda Penuh Makna, Tersedia PDF 

إِنَّ عِدَّةَ الشُّهُورِ عِندَ اللَّـهِ اثْنَا عَشَرَ شَهْرًا فِي كِتَابِ اللَّـهِ يَوْمَ خَلَقَ السَّمَاوَاتِ وَالْأَرْضَ مِنْهَا أَرْبَعَةٌ حُرُمٌ ۚ ذَٰلِكَ الدِّينُ الْقَيِّمُ ۚ فَلَا تَظْلِمُوا فِيهِنَّ أَنفُسَكُمْ ۚ وَقَاتِلُوا الْمُشْرِكِينَ كَافَّةً كَمَا يُقَاتِلُونَكُمْ كَافَّةً ۚ وَاعْلَمُوا أَنَّ اللَّـهَ مَعَ الْمُتَّقِينَ ﴿٣٦

Saestuna itungan bulan mungguhing Allah nyaeta dua welas bulan, tina ketetepan Allah sawaktu Anjeuna nyiptakeun langit sareng bumi, di antarana opat bulan haram. Eta anu janten (ketetepan) agama anu lempeng, maka ulah aranjeun ngarogahala diri anjeun tina bulan anu opat eta, jeung perangan eta sadaya kaum musyrikin sakumaha maranehna merangan anjeun sadayana, jeung pika-nyaho saenyana Gusti Alloh marengan jalma-jalma anu taqwa...

Salajengna dina salah sahiji Hadits, Rosululloh ngadawuh

ألاَ إنَّ الزَمَانَ قَدْ اسْتَدَارَ كَهَيْئَتِهِ يَوْم خَلَقَ اللهُ السَّمَوَاتَ وَالْأرْضَ السَّنَةَ اثْنَا عَشَرَ شَهْراً مِنْهَا أرْبَعَةُ حَرَمٌ، ثَلَاثَةٌ مُتَوَالِيَاتٌ ذُو القَعْدَةِ وَذُو الْحِجَّةِ وَالْمُحَرَّمُ وَرَجَبُ مُضَرُّ بَيْنَ جُمَادِى وَشَعْبَانَ. مُتَّفَقٌ عَلَيْهِ

”Seenyana zaman teh terus muter sakumaha rupa awal sawaktu Alloh nyiptakeun langit sareng bumi. Dina waktu sataun aya dua welas bulan anu di antarana aya opat bulan anu diagungkeun/dimulyakeun, tilu bulan diantarana ngarendeng bulan Dzulqaidah, Dzulhijjah, Muharram jeung bulan Rajab Mudhar, anu aya diantara bulan Jumadil Tsani Tsaniah sareng bulan Sya’ban.” (HR. Bukhari & Muslim)

Rajab Mudharr anu disebatkeun ku Rosululloh SAW nyaeta bulan anu aya di antara bulan Jumadil Akhir sareng bulan Sya’ban”. Oge disebat sasih Haram, anu asal katana tina al-Hurmat anu pihartoseuna kehormatan atanapi kemulyaan ayat sareng hadits tadi secara jelas nunjukeun sanenyana bulan Rajab teh mangrupikeun bulan anu dimulyakeun ku Alloh, kumargi litu satiap jalma mukmin kedah ngamulyakeun sasih Rajab iyeu. Ku cara kumaha urang ngamulyakeun sasih Rajab teh ?

فَلَا تَظْلِمُوا فِيهِنَّ أَنفُسَكُمْ ۚ وَقَاتِلُوا الْمُشْرِكِينَ كَافَّةً كَمَا يُقَاتِلُونَكُمْ كَافَّةً ۚ وَاعْلَمُوا أَنَّ اللَّـهَ مَعَ الْمُتَّقِينَ

maka ulah aranjeun ngarogahala diri anjeun tina bulan anu opat eta, jeung perangan eta sakabeh kaum musyrikin sakumaha maranehna merangan anjeun sadayana, jeung pika-nyaho saenyana Gusti Alloh marengan jalma-jalma anu taqwa...

Tafsir Ath-Thabari nyebatkeun saenyana kaopat bulan haram anu dimaksud nyaeta Dzul Qa'dah, Dzul Hijjah, Muharram sareng Rajab. Dina bulan-bulan Haram eta Alloh marentahkeun supaya henteu ngalakukeun peperangan, ngalakukeun aniaya. Malahan Masyarakat jahiliyah oge ngiringan kana aturan iyeu.

Maranehanana henteu wani ngalakukeun peperangan jeung paketrok dina opat bulan haram eta. sanajan Maranehanana henteu narima kana ka Nabianana Kanjeng Nabi Muhammad SAW, maranehanana sieun ku Alloh lamun ngalanggar parentah. Lamun aya paketrok diantara maranehanana maka urusanana ditunda ka bulan-bulan anu lainna.

Kaum Muslimin Rahimakumullah,

Dina Bulan Rajab aya hiji sejarah anu kedah dijadikeun pangajaran ku satiap jalma Mukmin, yen dina satiap ngadugikeun misi dakwah kanggo tegakna jeung nyebarna agama Alloh teh eta pasti dibarengan ku kasusah oge sagala rupa cocoba, tapi satiap kasusah jeung gogoda lamun terus disanghareupan ku katabahan jeung kasabaran, maka tungtungna bakal meunang karahayuan.

Dina taun kadalapan kanabian, Rasululloh SAW disanghareupkeun kana rupa-rupa cobaan anu kacida beuratna kanggo anjeunna sareng umatna. Dina taun eta, anjeunna kedah ikhlas dikantunkeun ku dua jalmi anu teu leupas/teu liren-liren ngabela dakwahna Rosululloh nalika mayunan gangguan sareng ancaman ti kafir quraisy.

Dua Jalmi anu di pika-gimbir ku kafir Quraisy nyaeta istrina Siti Khadijah sareng pamanna Abu Thalib, dina taun eta dipunut ku Gusti anu Maha Suci. Ku kituna Kanjeng Nabi teu ngagaduhan deui pangrojong anu kuat dina mayunan suku Quraisy.

Para ulama Siroh Nabawiyah nyebatkeun taun kasapuluh Kenabian ku sebutan ‘Amul Huzni’ (taun nalangsa). Posisi Nabi dina taun eta aya dikota mekkah anu tugasna salaku rosul nalika kadzaliman mingkin beurat.

Halaman
1234
Berita Terkait
Ikuti kami di
AA

Berita Terkini

© 2025 TRIBUNnews.com Network,a subsidiary of KG Media.
All Right Reserved