Seputar Islam
Materi Khutbah Jumat 10 Muharram 28 Juli 2023, Singkat dan Penuh Makna: Peringatan Poe Asyuro
Berikut sajian materi Khutbah Jum'at hari ini 28 Juli 2023 bertemakan 10 Muharram, singkat dan paling menyentuh hati.
Penulis: Putri Kusuma Rinjani | Editor: Kharisma Tri Saputra
TRIBUNSUMSEL.COM - Berikut sajian materi Khutbah Jum'at hari ini 28 Juli 2023 bertemakan 10 Muharram, singkat dan paling menyentuh hati.
Khutbah Jum'at
"Pangeling-eling Poe Asyuro"
اَلسَّلَامُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ ﷲِ وَبَرَكَاتُهْ
اَلْحَمْدُ ﷲِ الَّذِيْ أَرْسَلَ رَسُوْلَهُ لِيُذَكِّرَ لِمَنْ يَخْسٰى وَيَدْعُوْ إِلٰى طَلَبِ دَرَجَةِ الْعُلٰى. اَشْهَدُ أَنْ لَا إِلٰهَ إِلَّا ﷲُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ اَلَّذِيْ وَعَدَ لِمَنْ أَطَاعَهُ بِالْجَنَّةِ وَتَوَّعَدَ لِمَنْ عَصَاهُ بِالنَّارِ الْكُبْرٰى ثُمَّ لَايَمُوْتُ فِيْهَا وَلَا يَحْيٰ وَاَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الصّاَدِقُ الْمَصْدُوْقُ وَالدَّاعِى إِلٰى الصِّرَاطِ الْمُسْتَقِيْمِ وَالْعُرْوَةِ الْوُثْقٰى, وَاُصَلِّى وَاُسَلِّمُ عَلٰى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلٰى أٰلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ إِلٰى يَوْمِ الْعُظْمٰى.
(أَمَّا بَعْدُ) : فَيَاأَيُّهَا الْحٰضِرُوْنَ رَحِمَكُمُ ﷲُ ! اُصِيْكُمْ وَإِيَّايَ بِتَقْوَى ﷲِ وَطَاعَتِهِ لَعَلَّكُمْ تُفْلِحُوْنَ بِنَيْلِ ثَوْبِ الْأٰخِرَةِ, وَهُوَ خَيْرٌ لَكُمْ مِنَ الدُّنْيَا.
وَإِذَا قُرِئَ الْقُرْأٰنُ فَاسْتَمْعُوْا لَهُ وَأَنْصِتُوْا لَعَلَّكُمْ تُرْحَمُوْنَ, أَعُوْذُ بِاﷲِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ : إِنَّا أَرْسَلْنَا نُوْحًا إِلٰى قَوْمِهِ أَنْ أَنْذِرْ قَوْمَكَ مِنْ قَبْلِ أَنْ يَأْتِيَهُمْ عَذَابٌ أَلِيْمٌ, قَالَ يَاقَوْمِ إِنِّى لَكُمْ نَذَيْرٌ مُبِيْنٌ, أَنِ اعْبُدُوْا ﷲَ وَاتَّقُوْهُ وَأَطِيْعُوْنِ.
Para hadirin sadaya,
Sadaya puji sukur disanggakeun ka Gusti Allah, rahmat sareng salam mugi disanggakeun ka Kanjeng Nabi Muhammad saw sareng ka kulawargana, ka para sahabatna sareng ka sadaya kaom Muslimin dugi ka poe kiamah.
Para hadirin sadaya,
Dina waktos ieu urang sadaya perlu ngayakeun pangeling-eling kana poe ‘Asyuro, nya eta tanggal 10 bulan Muharram, margi eta poe teh ngandung riwayat anu penting pikeun sakumna kaom Muslimin, nya eta:
1. Poean ngahampura Gusti Allah ka Kanjeng Nabi Adam a.s.
2. Poean nyalametkeunana Gusti Allah ka Kanjeng Nabi Nuh a.s. tina topan.
3. Poean disalametkeunana Kanjeng Nabi Ibrahim tina seuneu Raja Namrud
4. Poean diturunkeunana Kitab Toret ka Kanjeng Nabi Nabi Musa a.s.
5. Poean dikaluarkeunana Kanjeng Nabi Nabi Yusuf a.s. tina jero sumur
6. Poean dicaangkeunana deui soca Kanjeng Nabi Nabi Yakub a.s.
7. Poean disaekeunana panyakit Kanjeng Nabi Nabi Ayub a.s.
8. Poean dikaluarkeunana Kanjeng Nabi Nabi Yunus a.s. tina beuteung lauk Hut
9. Poean dibeulahkeunana laut Merah ka Kanjeng Nabi Nabi Musa jeung kaom-kaonma
10. Poean dipasihkeunana karajaan sajagat ka Kanjeng Nabi Sulaeman a.s.
11. Poean didamelna alam dunya
12. Poean mimiti diturunkeunana hujan ti langit
13. Poean mimiti diturunkeunana rahmat Allah ka alam dunya.
Tah kitu numutkeun hadis Nabi, riwayat Abu Huraerah anu diterangkeun dina kitab I’anatut Tholibin juz ka ll kaca 267.
Para hadirin sadaya,
Kajadian penting anu karandapan ku Kanjeng Nabi Nuh a.s. nya eta disalametkeunana Kanjeng Nabi Nuh a.s. sareng kulawargana tina topan.
Nabi Nuh a. s. téh putra Nabi Syis bin N. Adam a. s. yuswana 1050 taun. Dina yuswa 40 taun diangkat Rosul, terus ngayakeun da’ wah ka kaom-kaomna anu kalafir lamina 950 taun.
Khutbah Jumat Bahasa Sunda Muharram
Materi Khutbah Jumat dalam Bahasa Sunda
Khutbah Jumat Bulan Muharram
Tribunsumsel.com
Doa Bulan Safar Lengkap Tulisan Latin dan Terjemahannya |
![]() |
---|
Manfaat Doa Bismillahilladzi La Yadurru Maasmihi Syaiun Fil Ardi Wa La Fissamai Wa Huawassamiul Alim |
![]() |
---|
Arti Father Hunger, Istilah Disebut Ustadz Bachtiar Nasir Sebagai Penyebab Perilaku Anak Menyimpang |
![]() |
---|
Doa Ruqyah untuk Diri Sendiri ketika Badan Capek, Pegal, Sakit Kepala, Bersumber dari Hadits Nabi |
![]() |
---|
3 Bacaan Doa yang Dapat Diamalkan Memasuki Bulan Baru, Bulan Safar 1447 H, Dibaca Lepas Maghrib |
![]() |
---|
Isi komentar sepenuhnya adalah tanggung jawab pengguna dan diatur dalam UU ITE.