Seputar Islam
Materi Khutbah Jumat 10 Muharram 28 Juli 2023, Singkat dan Penuh Makna: Peringatan Poe Asyuro
Berikut sajian materi Khutbah Jum'at hari ini 28 Juli 2023 bertemakan 10 Muharram, singkat dan paling menyentuh hati.
Penulis: Putri Kusuma Rinjani | Editor: Kharisma Tri Saputra
Dina jero 950 taun teh kaom-kaomna anu numt ka anjeuna mung aya 80 jalmi sareng kulawargana. Yuswana saparantos rengse topan (banjir) nya eta 60 taun.
Ku margi kaom-kaomna terus-terusan daroraka, teras Kanjeng Nabi Nuh ngadoa ka Gusti Allah sangkan kaom-k aomna diancurkeun, kieu doana:
رَبَّ لَا تَذَرْ عَلٰى الْأَرْضِ مِنَ الْكَافِرِيْنَ دَيَّارًا, إِنَّكَ إِنْ تَذَرْهُمْ يُضِلُّوْا عِبَادَكَ وَلَا يَلِدُ إِلَّا فَاجِرًا كَفَّارًا.
Hartosna: "He Pangeran abdi. magi ulah nyesakeun saurang oge, jalma anu kafir nyicingan di luhureun ieu bumi. Sayaktosna Gusti upami nyesakeun maranehanana, tangtos nyasarkeun (ngacowkeun) ka hamba-hamba Gusti sareng maranehanana moal pati-pati anakan anging ngalahirkeun jalma tukang lacut anu kalufur deui wae.”
Para hadirin sadaya,
Doana Nabi Nuh a.s.. dikabulkeun ku Gusti Allah, nya eta ku diayakeunana banjir sajajagat anu dimimitian hujan 40 poe 40 panting, tina taneuh, cai nyumber barijil, nepi ka jagat teh ngajadi laut, gunung-gunung sumawona tatangkalan ka kerem, jalma katut sato hewan oge paraeh kajaba, ti Kanjeng Nabi Nuh a.s.
sareng umat-umatna anu 80 urang jeung sasatoan manuk-manuk sajodo-sajodo anu aya dina parahuna Kanjeng Nabi Nuh a.s., malah si Kan’an putrana Nabi Nuh a.s. anu henteu nurut ka Nabi Nuh a.s. oge ka kerem. Eta kajadian teh kawitanana bulan Rajab, rengsena tanggal 10 Muharam.
Para hadirin sadaya,
Ku ayana riwayat topan Nabi Nuh a.s. ngandung harti yen:
1. Kawenangan Allah Ta’ala kawasa nurunkeun siksaan ku cara anu henteu matak kaharti ku akal urang, saperti ayana banjir eta, nya kitu deui kaom Nabi Musa a.s. ku bangkong jeung hileud (hama) anu meakkeun sakabeh pepelakan, jeung minuhan saeusi imah kaom-kaom. Kaom Tsamud ku tibailik lemah, kaom Ad disamber gelap nepi ka ancur saeusi nagarana jeung rea-rea deui musibat anu tumiba ka manusa ku sabab doraka ka Allah.
2. Di mana Allah nurunkeun musibat atawa balay ka manusa eta teh ngandung harti, yen supaya jalma-jalma areling jeung tarobat ka Anjeunna.
3. Di mana Allah nurunkeun siksaan ka jalma-jalma anu doraka, jalma-jalma anu soleh oge sok kaceretan. Sakumaha dawuhanana:
وَاتَّقُوْا فِتْنَةَ لَاتُصِيْبَنَ الَّذِيْنَ ظَلَمُوْا مِنْكُمْ خَاصَّةً.
Hartosna: "Kudu sarieun maraneh ku pitenah nya eta musibat ti Gusti Allah anu tumibana teh moal ka jalma-jalma anu darolim wungkul."
Ngan ari pikeun jalma soleh mah nambah ganjaran. Ari tandana mikasieun, nya eta ku ngalobakeun istigfar jeung ‘amar ma’ruf nahyil munkar ulah ngantep ka jalma-jalma anu doraka, tapi kudu pada nganasehatan sakumaha dawuhan Kanjeng Nabi Muhammad saw:
Khutbah Jumat Bahasa Sunda Muharram
Materi Khutbah Jumat dalam Bahasa Sunda
Khutbah Jumat Bulan Muharram
Tribunsumsel.com
Doa Sebelum dan Sesudah Azan Lengkap Tulisan Arab, Latin Serta Terjemahannya |
![]() |
---|
Lantunan Doa dan Dzikir Jumat Sore Setelah Sholat Ashar, Subhanallahi Wabihamdihi 100x |
![]() |
---|
Doa Niat Sholat Sunnah Qobliyah Jumat setelah Adzan Lengkap dalam Tulisan Arab, Latin dan Artinya |
![]() |
---|
Teks Khutbah Jumat Bahasa Sunda Edisi 15 Agustus Tema Kemerdekaan, Tersedia File PDF |
![]() |
---|
Bacaan Doa Yasin dan Tahlil Lengkap Tulisan Arab, Latin Serta Terjemahannya |
![]() |
---|
Isi komentar sepenuhnya adalah tanggung jawab pengguna dan diatur dalam UU ITE.