Lailatul Qadar
Teks Khutbah Jumat Bahasa Sunda Tema Malam Lailatul Qadar Edisi Hari Ini, Khidmat dan Menyentuh
Berikut ini sajian selengkapnya materi Khutbah Jumat dalam Bahasa Sunda edisi hari ini 13 Maret 2026 dalam Bahasa Sunda yang khidmat dan menyentuh
Penulis: Putri Kusuma Rinjani | Editor: Putri Kusuma Rinjani
إِنَّآ أَنزَلۡنَٰهُ فِي لَيۡلَةِ ٱلۡقَدۡرِ ، وَمَآ أَدۡرَىٰكَ مَا لَيۡلَةُ ٱلۡقَدۡرِ ، لَيۡلَةُ ٱلۡقَدۡرِ خَيۡرٞ مِّنۡ أَلۡفِ شَهۡرٍ
Hartosna, “Saenya-enyana Kaula tos nurunkeun (Al-Quran) dina Lailatul Qadar. Naha anjeun terang naon ari Lailatul Qadar.? Lailatul Qadar teh leuwih hade tibatan sarebu bulan,” (QS Al-Qadr [97]: 1-3).
Upami nitenan kana kautamian wengi Lailatul Qadar anu neme, 1000 sasih teh sami sareng 83 taun 4 sasih. Hal ieu kalintang poharana kaunggulan anu tiasa dihontal ku urang salaku umatna Kangjeng Rosul. Leres-leres ieu janten kadeudeuh Alloh swt. Sanaos yuswa Kangjeng Rosul parondok, tapi masalah dina kautamian mah tiasa ngabanding ka umat kapungkur anu yuswana paranjang.
Sidang Jumah anu mulya
Sajabi ti eta, Lailatul Qadar teh dilebetkeun wengi istimewa margi janten wengian dilungsurkeun Al-Quran ti Lauhul Mahfudz ka Baitul ‘Izzah (langit dunya), nu janten pituduh keur sadaya manusa, ngandung rupi-rupi penjelasan, oge janten pangbeda antawis hak sareng batil. Hal ieu saluyu sareng dawuhan Alloh swt:
شَهْرُ رَمَضَانَ الَّذِي أُنْزِلَ فِيْهِ الْقُرْآنُ هُدًى لِلنَّاسِ وَبَيِّنَاتٍ مِنَ الْهُدَى وَالْفُرْقَانِ
Hartosna, “Bulan Romadhon, nyaeta bulan anu di jerona diturunkeun Al-Qur’an salaku pituduh keur manusa sareng penjelasan-penjelasan perkawis pituduh eta sarta pangbeda (antara perkara hak sareng batil),” (QS Al-Baqarah [2]: 185).
Sidang Jumah anu mulya
Keutamaan sanesna dina wengian Lailatul Qadar teh dihapuntenna dosa-dosa anu tos ti payun salami urang ngama’murkeunna ku mangrupi-rupi ibadah, sapertos netepan, i’tikaf, dzikir, sareng sajabina.
Kitu di antawisna sakumaha anu didugikeun ku Kangjeng Rosul.
مَنْ قَامَ لَيْلَةَ الْقَدْرِ إِيمَانًا وَاحْتِسَابًا غُفِرَ لَهُ مَا تَقَدَّمَ مِنْ ذَنْبِهِ Hartosna, “Sing saha jalma anu ngadeg (ibadah) dina wengian Lailatulqoadar karana arah-arah iman sareng miharep pahala, maka dihampura dosa-dosana anu tos kaliwat,” (HR Imam Bukhari).
Salajengna iraha ari waktos anu tangtos kajantenan Lailatul Qadar? Ibnu Hajar dina kitab Fathul Bari juz 5 kaca 569 nyebatkeun waktos Lailatul Qadar teh dina 10 dinten terakhir Romadhon.
Kaol ieu didukung ku hadits riwayat Imam Ahmad anu ngawinciik, yen hadirna Lailatul Qadar teh 10 wengi terakhir, tepatna dina wengi-wengi anu ganjil:
هِيَ فِي شَهْرِ رَمَضَانَ، فَالْتَمِسُوهَا فِي الْعَشْرِ الْأَوَاخِرِ، فَإِنَّهَا وَتْرٌ
Hartosna, “Lailatul Qadar teh dina sasih Romadhon tepatna dina sapuluh wengi terakhir, eta teh wengi ganjil,” (HR Imam Ahmad).
Aya oge kaol anu ngetang kajantenan waktos Lailatul Qadar ku ningal dinten kahiji Romadhon. Syaikh Ahmad bin Muhammad As-Showi dina kitab Tafsir Shawi, jilid 4, kaca 337 nguningakeun, upami ngawitan Romadhon dina dintena Saptu, sakumaha dina Romadhon ayeuna, maka Lailatul Qadarna gubrag dina wengi 23.
| Niat Sholat Sunnah Malam Lailatul Qadar Lengkap Bacaan Doa Setelahnya, Bisa Diamalkan Malam Nanti |
|
|---|
| 3 Contoh Kultum Ramadhan 1447 H/2026 Tema Malam Lailatul Qadar, Berkesan dan Mengandung Makna |
|
|---|
| Kapan Malam Lailatul Qadar 2026? Berpotensi Jatuh Malam Ini, Malam Ke-27 Ramadhan 1447 Hijriyah |
|
|---|
| 27 Kata-Kata Mutiara Malam Lailatul Qadar 2026, Berkesan dan Penuh Haru untuk Quotes di Medsos |
|
|---|
| 2 Contoh Kultum Tarawih Ramadhan dalam Bahasa Sunda Bertema Malam Lailatul Qadar 1447 H/2026 |
|
|---|
:quality(30):format(webp):focal(0.5x0.5:0.5x0.5)/sumsel/foto/bank/originals/Teks-Khutbah-Jumat-Bahasa-Sunda-Tema-Malam-Lailatul-Qadar-Edisi-Hari-Ini-Khidmat-dan-Menyentuh.jpg)