Seputar Islam

Materi Khutbah Jumat Bahasa Sunda Edisi 10 Oktober 2025, Khidmat dan Bermakna untuk Referensi

Sidang Jumat anu dimulyakeun ku Alloh . Sasih Ramadhan parantos kalangkung. Sanaos kitu, kagiatan sareng kabiasaan saena mah teu kenging dikantunk

Tribunsumsel.com/ Putri Kusuma Rinjani
ILUSTRASI KHUTBAH JUMAT - Berikut adalah Materi Khutbah Jumat Bahasa Sunda Edisi 10 Oktober 2025, Khidmat dan Bermakna untuk Referensi 

Sidang Jumat anu dimulyakeun ku Alloh  

Patali sareng ngaraksa sholat, rupina kaol Syekh Nawawi kalintang relevan ngemutkeun yen ku cara ngaraksa sadaya sholat, insya Allah urang bakal ngengingkeun kautamaan shalat wustha. Margi, sholat wustha nyalira salah sawios sholat anu lima, namung dirahasiakeun waktosna ku Alloh.    

Sagigireun ti eta, sacara khusus ngaraksa sholat tiasa ditingal tina segi waktu, tempat sareng carana. Patali sareng waktu, ngajagi waktu sholat teh mangrupikeun hal anu utama. Aya sababaraha hadits anu nguningakeun hal eta, di antawisna, hadits riwayat Al-Baihaqi: 

 أَوَّلُ ‌الْوَقْتِ ‌رِضْوَانُ ‌اللهِ   

Hartosna, “Awal waktu teh karidhoan Allah.”   

Sementawis hadits sanes nyebatkeun nalika kangjeng Rosul ditaros, “Amal naon anu paling utama?” Mantenna ngawaler:  

 الصَّلَاةُ فِي أَوَّلِ وَقْتِهَا   

Hartosna, “Sholat dina awal waktuna,” (HR. Al-Baihaqi).     

Walhasil, di antawis cara ngaraksa sholat teh nyaeta ngaraksa waktuna. Diutamakeun dina awal waktu teh nalika teu aya uzur anu ngahalangan.    

Sidang Jumat anu dimulyakeun ku Alloh  Ngaraksa sholat anu kadua nyaeta ngaraksa tina arah tempatna. Sakumaha anu ku urang kauninga, tempat anu paling utama kanggo ngalaksanakeun sholat teh, terutami pameget, nyaeta masjid. Kautamaannana oge parantos masyhur dina sababaraha hadits, di antawisna: 

 إِنَّ أَحَدَكُمْ ‌إِذَا ‌تَوَضَّأَ فَأَحْسَنَ الْوُضُوءَ، ثُمَّ ‌أَتَى ‌الْمَسْجِدَ، لَا يُرِيدُ إِلَّا الصَّلَاةَ، ولَا يَنْهَزُهُ إِلَّا الصَّلَاةُ، لَمْ يَخْطُ خَطْوَةً إِلَّا رُفِعَ لَهُ بِهَا دَرَجَةٌ، وَحُطَّ بِهَا عَنْهُ خَطِيئَةٌ، حَتَّى يَدْخُلَ الْمَسْجِدَ   

Hartosna, “Saenya-enyana nalika salah sawios aranjeun wudhu teras ngahade-hade wudhuna lajeng lebet ka masjid, teu aya anu diharepkeun anging sholat, teu aya anu ngadorong anging sholat, maka teu pati-pati anjeunna ngalengkah hiji lengkah kecuali diangkat hiji derajat, dihapus hiji kasalahan, dugika anjeuna lebet ka masjid,” (HR. Ahmad).    

Malihan lajengan eta hadits nguningakeun, salami urang aya di masjid sareng ngalakonan sholat, sarta teu ngalih tempat sholat, teu batal oge teu nyarioskeun nu sanes, maka para malaikat bakal ngadu’akeun eta jalmi:  

 اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لَهُ، اَللَّهُمَّ ارْحَمْهُ، اَللَّهُمَّ تُبْ عَلَيْهِ   

Hartosna, “Ya Alloh, paparin panghampura anjeunna, paparin rohmat anjeunna, oge tampi tobat anjeunna!”    

Halaman 2 dari 4
Rekomendasi untuk Anda
Ikuti kami di

Berita Terkini

© 2025 TRIBUNnews.com Network,a subsidiary of KG Media.
All Right Reserved