Seputar Islam

Materi Khutbah Jumat Bahasa Sunda Edisi 10 Oktober 2025, Khidmat dan Bermakna untuk Referensi

Sidang Jumat anu dimulyakeun ku Alloh . Sasih Ramadhan parantos kalangkung. Sanaos kitu, kagiatan sareng kabiasaan saena mah teu kenging dikantunk

Tribunsumsel.com/ Putri Kusuma Rinjani
ILUSTRASI KHUTBAH JUMAT - Berikut adalah Materi Khutbah Jumat Bahasa Sunda Edisi 10 Oktober 2025, Khidmat dan Bermakna untuk Referensi 

TRIBUNSUMSEL.COM - Berikut ini akan disajikan selengkapnya contoh Khutbah Jumat dalam Bahasa Sunda edisi 10 Oktober 2025 yang berkesan dan penuh makna untuk bagikan pada Jamaah Sholat Jumat.

==========

Naskah Khutbah Jumat Bahasa Sunda

"Ngaraksa Sholat sareng Ngama’murkeun Masjid"

Khutbah I  

 اَلْحَمْدُ ِللهِ الَّذِي أَنْعَمَ عَلَيْنَا وَهَدَانَا إِلَى دِيْنِ الْإِسْلَامِ، اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا وَمَوْلَانَا مُحَمَّدِنِ النَّبِيِّ الْأُمِّيِ الَّذِيْ دَعَانَا إِلَى دِيْنِ الْمَلِكِ الْعَلَّامِ ، وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ صَلَاةً وَسَلَامًا دَائِمَيْنِ مُتَلَازِمَيْنِ عَلى مَمَرِّ الدُّهُوْرِ وَالْأَيَّامِ   أَشْهَدُ أَنْ لَا إِلَهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ اَلْمَلِكُ الْعَلَّامُ، وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ سَيِّدُ الْأَنَامِ، قَالَ اللهُ تَعَالَى فِي الْقُرْآنِ الْكَرِيْمِ، أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ، بِسْمِ اللهِ الرَّحْمَنِ الرَّحِيْمِ، حَافِظُوْا عَلَى الصَّلَوٰتِ وَالصَّلٰوةِ الْوُسْطٰى وَقُوْمُوْا لِلّٰهِ قٰنِتِيْنَ، صَدَقَ اللهُ الْعَظِيْمُ   أُوْصِيُكُمْ عِبَادَ اللهِ وَإِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ وَأَحُثُّكُمْ وَإِيَّايَ عَلَى طَاعَةِ اللهِ وَعَلَى طَاعَةِ رَسُوْلِهِ فِي كُلِّ وَقْتٍ لَعَلَّكُمْ تُقْلِحُوْنَ    

Sidang Jumat anu dimulyakeun ku Alloh    

Sasih Ramadhan parantos kalangkung. Sanaos kitu, kagiatan sareng kabiasaan saena mah teu kenging dikantunkeun. 

Di antawisna ngajagi sholat lima waktu sareng ngama’murkeun masjid. Tangtos kaperhatoskeun ku urang sadayana, sasih Ramadhan mah masjid teh langkung ma’mur, terutami dina wengina. 

Padahal eta tradisi sae malihan kalebet parentah syareat, anu sakedahna dipertahankeun di lebet atanapi di luar Ramadhan.        

Sakumaha kauninga, perentah ngaraksa shalat lima waktu teh parantos diuningakeun dina Al-Quran:  

   حَافِظُوْا عَلَى الصَّلَوٰتِ وَالصَّلٰوةِ الْوُسْطٰى وَقُوْمُوْا لِلّٰهِ قٰنِتِيْنَ 

Hartosna, “Prak raksa sadaya sholat (fardhu) sareng sholat wusṭha. Lakonan karna Alloh (dina sholat) kalayan khusyu’,” (QS. Al-Baqarah [2]: 238).    

Dina ayat anu neme, urang parantos ngama’lum naon anu dimaksad ku sholat fardhu, nyaeta shalat anu lima waktu. Salajengna, naon anu dimaksad ku sholat wustha?    

Imam Abul Hasan Muqatil bin Sulaiman dina tafsirna kaca 201, nafsirkan yen anu dimaksad sholat wastha dina eta ayat teh nyaeta sholat Ashar. Mungguh bahasa, wustha hartosna sholat pertengahan, sahingga mungkin wae dumasar hal eta, Imam Abul Hasan ngama’naan sholat Ashar.    

Sementawis numutkeun Imam Asy-Syafi’i dina tafsirna kaca 409, maksad sholat wustha di dinya teh nyaeta sholat subuh. Margi sholat subuh mangrupikeun sholat nu seueur dikantunkeun kusabab tibrana sare. Katambih waktu subuh nyambung sareng sapertilu malem anu mangrupikeun waktu utama munajat ka Alloh, sahingga urang diperentah keur ngajagina.    

Aya oge anu maparin pandangan yen sholat wustha teh nyaeta salah sawios sholat lima waktu anu diistimewakeun, nanging dirahasiakeun nama sareng waktuna. Hikmahna supaya urang giat ngaraksa sareng midamel sadayana sholat anu lima waktu kalayan miharep ngengingkeun kautamaan oge keistimewaan eta sholat. Kitu sakumaha dina Syarah Nashaihul Ibad kagungan Syekh Nawawi, kaca 44.    

Halaman 1 dari 4
Rekomendasi untuk Anda
Ikuti kami di

Berita Terkini

© 2025 TRIBUNnews.com Network,a subsidiary of KG Media.
All Right Reserved