Seputar Islam

Khutbah Jumat Maulid Nabi Bahasa Sunda Edisi 20 September 2024, Menyentuh dan Khidmat, Ada PDF

AA

Text Sizes

Medium

Large

Larger

Khutbah Jumat Maulid Nabi Bahasa Sunda Edisi 20 September 2024, Menyentuh dan Khidmat, Ada PDF

Dina raraga mieling wetonan sareng perjuangan K. Nabi Muhammad saw., manga urang sami-sami ngaronjatkeun katakwaan urang ka Gusti Allah, ngaronjatkeun da’wah Islam ka sakumna masarakat, numutkeun kana pamudut Matenna, sakumaha dawuhan Allah: 

قُلْ اِنْ كُنْتُمْ تُحِبُّوْنَ اللهَ فَاتَّبِعُوْنِى يُحْبِبْكُمُ اللهُ(العمرن:31)

Hartosna : “Bejakeun ku andika Muhammad ka kaom andika : Yen lamun maraneh mikacinta ka Allah kudu nuturkeun kan talajak kaula, tangtu Gusti Allah mikanyaah ka maraneh.”

Para hadirin sadaya,

Perlu diemutkeun, yen K. Nabi Muhammad saw. teh :

1. Pangmulyana ti saantero mahluk Allah, saantero para Nabi sareng Rasul Allah.

2. Nabi sareng Rasulullah anu panutup.

3. Dipasihan wewenang pikeun ngabela/nyapaatan ka urang di dunya sareng aherat, malah syafa’atul’uzhma sapaat anu pangagungna, nya eta ka sakumna manusa engke dina poe kiamah , di arah-arah mahsyar.

4. Sangkan urang kenging sapaat ti anjeunna, nya kedah nyeueurkeun maca solawat, sakumaha pidawuhna:

اَكْثِرُوَاالصَّلاَةَعَلَيَّ فَاِنَّ صَلاَتَكُمْ عَلَيَّ مَغْفِرَةٌلِذُنُوْبِكُمْ وَاطْلُبُوْاِلَى الدَّرَجَةَوَالْوَسِيْلَتِى عِنْدَرَبِّى شَفَاعَةٌ لَكُمْ.(رواهابن عساكر).

Hartosna : “Lobakeun maca solawat ka Kaula, sabab maca solawat ka kaula the matak meunang pangampura Allah pikeun dosa-dosa maraneh, jeung parenta pikeun kaula darajat jeung kalungguhan anu deukeut ka Gusti Allah, saestuna tawasul ka kaula teh mungguh Allah mah bakal jadi sapaat pikeun maraneh.” (R. Ibnu Asakir).

Sareng peryogi kauninga, yen upami jalma maca solawat ka Kanjeng Nabi Muhammad saw. kalawan husu, tinangtu antara rohna sareng roh Kangjeng Nabi teh aya kontak.

Dawuhanana:

اِنَّ ِللهِ مَلاَئِكَةًسَيَّاحِيْنَ يُبَلِّغُوْنَ عَلَيَّ صَلاَةَعَبْدٍمِنْ مَشَارِقِ اْلاَرْضِ وَمَغَارِبِهَا.(رواه أبوداود).

Hartosna: “Saestuna Gusti Allah teh kagungan para malaikat anu tugasna nganepikeun solawatna setiap hamba ti masyrik nepi ka magrib (ti wetan nepi ka kulon).” (R. Abu Dawud).

Halaman
1234

Berita Terkini