2. Ngaberesihan (lahir batin) maraneh, (nya eta tina musrik kana tauhid ka Allah, tina silih kaniaya kana silih pikanyaah ; tina asal daroraka kana jalan tobat, tina asal henteu aya pantrangan antara halal jeung haram kana jalan neangan anu halal, tina asal henteu malire kana kasehatan jeung kaberesihan badan kana jalan kawajiban ngurus kasehatan sarta kaberesihan).
3. Ngajarkeun ka maraneh kana eusi kitab (Qur’an) (anu eusina ngawengku kana mangrupa-rupa elmu pangaweruh, boh anu patali urusan hirup kambuh di dunya atawa anu patali jeung di aherat).
4. Ngajarkeun ilmu hikmat (nya eta sangkan maraneh bener dina sagala ucap jeung lampah).
5. Ngajarkeun elmu-elmu anu maraneh acan nyaraho.
Para hadirin sadaya,
Ku ayana kitu, tatela pisan yen tugas kawajiban K. N. Muhammad the abot pisan, nya eta mantenna teh kedah ngabarantas kaom musrik supaya jadi kaom tauhid, kaom darolim supaya jadi kaom anu hirup rukun jeung dame, tengtrem. Hente aya panindesan ti anu kuat ka nu laip, ti panguasa ka rahayatna, ti anu pinter kanu bodo. Ngabarantas sosial ekonomi kapitalis kana sosial ekonomi Islamiyah anu adil, rata, anu beunghar mikanyaah ka anu miskin, anu pinter mikanyaah ka anu bodo.
Para hadirin sadaya,
Tugas K. Nabi anu sakitu abotna teh tiasa dilaksanakeun dina lebet 23 tahun kalawan ngahasilkeun kakuatan Islam ka mana-mana dugi ka ayeuna, dugi ka budayaan Bangsa Arab jaman harita kawentar kamajuanana.
Ku ayana kitu Nabi Muhammad saw. Diangken ku sadaya para pamingpin dunya, yen mantenna the hiji-hijina pamingpin anu pangunggulna, pangsuksesna dina ngajalankeun tugasna. Mampuh ngawangun masarakat anu asalna jahil, mundur, garalak, janten masarakat anu maju, masarakat anu palinter, sopan. Malah dina widang hukum mah janten sokoguru hukum ampir sajagat ieu.
Metode atawa cara anu dianggo ku K. Nabi saw. Dina ngemban tugasna, nyaeta :
1. Mantenna pisan anu masihan conto, ngaluluguan kana jalan ibadah ka Gusti Allah sareng ngamumule ahlak anu sae (mahmudah).
2. Mayunkeun pendidikan mental/karohanian heula ka umatna, ku tauhid.
3. Ngabarantas sipat kabangsaan anu sempit ku pedah beda turunan atawa kapangkatan atawa kabeungharan, tapi sadaya jalma sami mungguh Allah mah, luhur handapna martabat jalma diukur tina katakwaanana.
4. Ngabarantas sipat feudal, digentos ku sipat demokratis sareng sajabana.
Para hadirin sadayana,