Seputar Islam

Contoh Khutbah Jumat Singkat Bahasa Sunda Edisi 2 Agustus 2024 Tentang Keikhlasan, Penuh Khidmat

AA

Text Sizes

Medium

Large

Larger

Contoh Khutbah Jumat Singkat Bahasa Sunda Edisi 2 Agustus 2024 Tentang Sedekah, Penuh Khidmat

Hadirin anu mulya,

Salajengna tobat ka Alloh kedah dijalankeun kalayan total sareng kaikhlasan, ngawitan ku lisan, ku hate, sareng ku sadaya anggahota badan. Ari ngalaksanakeun tobat ku lisan nyaeta nyeueurkeun ngaos istigfar. Kantenan, dina waktos istisqa sapertos ayeuna.

Memang sakedahna urang nyeueurkeun istigfar ti kawit urang kaluar ti bumi dugika uih deui ka bumi. Lisan urang ulah pere ngaoskeun istigfar, sakumaha anu kantos diparentahkeun ku Nabi Nuh ka umatna:

اِسْتَفِغِرُوا رَبَّكُمْ إِنَّهُ كَانَ غَفَّارًا يُرْسِلِ السَّمَاءَ عَلَيْكُمْ مِدْرَارًا، وَيُمْدِدْكُمْ بِأَمْوَالٍ وَبَنِيْنَ وَيَجْعَل لَّكُمْ جَنَّاتٍ وَيَجْعَل لَّكُمْ أَنْهَارًا

Hartosna, “Pek marenta dihampura aranjeun ka pangeran aranjeun. Saenya-enyana Alloh dzat anu maha ngahampura. Pastina Anjeuna bakal ngirimkeun hujan ka aranjeun kalayan gebretan. Oge Anjeuna bakal ngalobakeun keur aranjeun harta tur anak-anak aranjeun, jeung ngayakeun keur aranjeun kebon-kebon jeung ngayakeun di jerona wahangan-wahangan,” (QS. Nuh [71]: 10-12).

Saterasna tobat ku hate nyaeta ngaraos hanjakal kana dosa anu tos dilakuken kalayan pinuh harepan yen dosana bakal dihampura ku Alloh. Sabab, saenya-enyana Alloh teh dzat anu maha ngahampura kana dosa hamba-Na. Kalih ti eta, hatena gaduh tekad anu kuat rek ngeureunan kana dosana.

Nanging kedah diemut ku urang sadayana, sanaos Alloh ngagaduhan sifat lautan hampura, tapi dosa urang ulah rek dijajadikeun jeung ulah rek dilanggengkeun. Sabab, teu aya dosa anu ageung lamun dipayunkeun kana panghampura Alloh, sabalikna teu aya dosa anu alit lamun dina dipayunkeun kana bebendu Alloh.

Jadi panghampura sareng bebendu Alloh teh perkara anu dirahasiakeun ku Anjeuna. Matak urang ulah gagabah dina sarengkak saparipolah. Utamina ka papada jalma. Sabab, tobat ka jalma mah leuwih beurat tibatan tobat ka Alloh sabab kudu menta dihampura heula, sementara manusia leuwih hese ngahampura tibatan pangeran.

Hadirin kaom Muslimin,

Sanaos Alloh maha ngahampura, maha welas ka abdi-abdi-Na, maha ngawurkeun ni’mat, nanging upami hamba-hamba-Na teu syukur oge ngabohongkeun kana ayat-ayat-Na, maka anu terjadi nyaeta ancaman dirobahna eta kani’matan janten peringatan, kalebet peringatan nu ku urang dirandapan ayeuna, nyata musibah kahalodoan. Sanes Alloh robih janten teu welas ka abdi-Na, nanging etamah urang-urang keneh anu teu layak dipika welas.

Patani sareng usum halodo sapertos ayeuna, Imam Ibnu Majah parantos ngariwayatkeun wireh Kangjeng Rosul saw. parantos ngadawuh:

يَامَعْشَرَ الْمُهَاجِرِيْنَ، خَمْسٌ إِذَا ابْتَلَيْتُمْ بِهِنَّ وَأَعُوْذُ بِاللهِ أَنْ تُدْرِكُوْهُنَّ ...وَلَمْ يَمْنَعُوْنَ زَكَاةَ أَمْوَالِهِمْ إِلَّا مُنِعُوا الْقَطْرَ مِنَ السَّمَاءِ وَلَوْ لَا الْبَهَائِمُ لَمْ يُمْطَرُوْا

Hartosna, “He kaum Muhajirin, aya lima perkara nalika aranjeun geus diuji ku lima perkara eta, sareng kaula nyuhunkeun perlindungan tina aranjeun nyorang eta lima perkara. Salah sahiji di antara anu lima perkara tadi nyaeta, teu pati-pati maranehna nahan zakat mal kecuali maranehna ditahan tina hujan ti langit. Oge lamun lain karena sasatoan maka maranehna moal diturunan hujan,” (HR. Ibnu Majah).

Numutkeun hadis ieu, salah sawios perkara nu nyebabkeun ditahanna hujan teh nyaeta nahan ngaluarkeun zakat.

Hartosna jelas, anu ngajadikeun tertahanna hujan teh teu aya deui kamaksiatan manusia, dina hal ini nahan hak jalma-jalma fakir. Tah ku sabab kitu, hayu urang nyeueurkeun sedekah ka jalma-jalma fakir.

Oge perhatikeun bisi aya harta urang anu teu acan dizakatan, hayu urang laksanakeun supaya Alloh teu nahan hujan kanggo urang. Sing emut yen Alloh bakal nulungan hiji hamba, salami eta hamba silih tulungan jeung sasamana.

Halaman
123

Berita Terkini