Seputar Islam

Contoh Khutbah Jumat Singkat Bahasa Sunda Edisi 2 Agustus 2024 Tentang Keikhlasan, Penuh Khidmat

AA

Text Sizes

Medium

Large

Larger

Contoh Khutbah Jumat Singkat Bahasa Sunda Edisi 2 Agustus 2024 Tentang Sedekah, Penuh Khidmat

TRIBUNSUMSEL.COM - Berikut ini akan disajikan materi Khutbah Jumat singkat dalam Bahasa Sunda edisi 2 Agustus 2024, tentang Keikhlasan, penuh khidmat dan menyentuh untuk dibagikan.

KHUTBAH JUM'AT BAHASA SUNDA

"Tobat Jadi Jalan Ngadatangkeun Rohmat"

Khutbah I

اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِي أَنْزَلَ مِنَ السَّمَاءِ مَاءً فَأَحْيَا بِهِ الْأَرْضَ بَعْدَ مَوْتِهَا، إِنَّ فِي ذَلِكَ لَآيَةٍ لِّقَوْمِ يَسْمَعُوْنَ، أَشْهَدُ أَنْ لَا إِلَهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ، وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحمّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى عَبْدِكَ وَرَسُوْلِكَ سَيِّدِنَا محمدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ أَجْمَعِيْنَ، أَمَّا بَعْدُ فَيَا عِبَادَ اللهِ أُوْصِيْكُمْ وَإِيَّايَ بِفَقْوَى اللهِ فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ

Hadirin jamaah anu dimulyakeun ku Alloh,

Sateuacan ngalajengkeun ieu khutbah, khotib seja ngadugikeun wasiat ka sadayana, hayu urang sami-sami ningkatkeun katakwaan sareng kaimanan ka Alloh swt.

Takwa anu saleres-leresna, nyaeta takwa anu diwujudkeun ku ngalaksanakeun sagala rupi parentah Alloh oge nyingkahan sagala rupi larangan-Nana. Sabab, takwa anu janten wasilah lungsurkan rohmat sareng kabarokahan, sakumaha nu ditegeskeun dina ayat Al-Quran:

وَلَوْ أَنَّ أَهْلَ الْقُرَىٰ آمَنُوا وَاتَّقَوْا لَفَتَحْنَا عَلَيْهِمْ بَرَكَاتٍ مِنَ السَّمَاءِ وَالْأَرْضِ وَلَٰكِنْ كَذَّبُوا فَأَخَذْنَاهُمْ بِمَا كَانُوا يَكْسِبُونَ

Hartosna, “Sakirana panghuni negri-negri ariman sareng tarakwa, pastina Kaula bakal ngalimpahkeun ka maranehna berekah ti langit jeung ti bumi, ngan maranehna ngabohongkeun (ayat-ayat Kaula), maka Kaula siksa maranehna disebabkeun gawe maranehna keneh,” (QS. Al-Araf [7]: 97).

Tah kitu pidawuh Alloh dina Al-Quran keur jalma-jalma anu ariman jeung tarakwa. Sabalikna, keur jalma-jalma anu teu percaya kana ayat-ayat Alloh, harti teu daek iman jeung teu takwa ka Mantenna, maka ancamannana siksaan sareng kasangsaraan, satimpal sareng amal perbuatan maranehna.

Matak hayu urang sabisa-bisa ningkatkeun takwa, harti kasieun sareng kataatan ka Alloh, pados negri anu dihuni ku urang ieu pinuh ku kabarokahan.

Hadirin kaom Muslimin sareng muslimat,

Patali sareng usum halodo panjang anu nuju dirandapan ku urang sadayana, malah di sababaraha daerah tos ngakibatkeun hese cai sareng kagararingan, maka urang kedah geuwat muntang ngeumbing ka Alloh, ngalangkungan munajat sareng tobat. Sabab, bisa jadi nu matak ngahalangan turunna rohmat teh, kalebet turunna hujan teh nyaeta dosa urang sorangan.

Ari perkara nu matak ngabersihan kana dosa urang nyaeta tobat. Tobat hartina balik kana jalan anu dipika rido ku Alloh. Tobat hartina masrahkeun diri ka Alloh saparantos milampah dosa. Tobat hartosna nyuhunkeun dihampura ka Alloh bari dituluykeun ku padamelan taat ka Mantenna.

Ari tobat ka Alloh syaratna aya tilu. Hiji ngaraos handeueul kana dosa anu tos dipilampah. Kadua ngalesotkeun padamelan dosa nu sok dipilampah. Katilu gaduh tekad kuat dina hate moal rek milampah dosa nu sarupa. Tah eta teh syarat dosa ka Alloh.

Sedengkeun syarat tobat ka papada manusa ditambih hiji syarat deui nyaeta istihlal. Hartosna menta dihampura ka jalma anu pernah dizolim sareng menta dihalalkeun tina perkara nu pernah digasab. Tah nalika rek tobat, jalma anu dipenta hampura ku urang kedah dugika ngahampura. Sabab, Alloh moal waka ngahampura hamba-Na lamun eta hamba teu acan silih hampura jeung sasamana.

Halaman
123

Berita Terkini