Seputar Islam

Isi Naskah Khutbah Jumat Bulan Syawal Edisi 19 April 2024 dalam Bahasa Sunda, Menyentuh dan Ada PDF

AA

Text Sizes

Medium

Large

Larger

Isi Naskah Khutbah Jumat Bulan Syawal Edisi 19 April 2024 dalam Bahasa Sunda, Menyentuh dan Ada PDF

TRIBUNSUMSEL.COM - Berikut akan disajikan contoh naskah Khutbah Jumat dalam Bahasa Sunda edisi 19 April 2024 tentang bulan Syawal yang menyentuh dan penuh makna.

Adapun naskah khutbah tersebut dapat diunduh dalam format PDF melalui tautan link dibawah ini.

___

"Kautamaan Puasa Sunat Dina Bulan Syawal

اَلْحَمْدُالله الَّذِيْ جَعَلَ الْيَوْمَ عِيْدًا لِعِبَادِهِ الْمُؤْمِنِيْنَ وَخَتَمَ بِهِ شَهْرَ الصِّيَامِ لِلْمُخْلِصِيْنَ, وَجَعَلَ فِى طَاعَتِه عِزَّالدُّنْيَا وَاْلاخِرَةِ لِلطَّائِعِيْنَ وَفِى مَعْصِيَتِهِ دُلَّ الدَّارَيْنِ لِلْعَاصِيْنَ. اَشْهَدُ اَنْ لاَاِلَهَ اِلاَّاللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ شَهَادَةً بِهَاتَطْهُرُ الْقُلُوْبُ مِنَ الْغِشِّ اللَّعِيْنَ. وَاَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ اَطْوَعُ الْخَلْقِ لِرَبِّ الْعَالَمِيْنَ. اَللّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّم وَبَارِكْ عَلَى سَيْدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى الِهِ وَأَصْحَابِهِ الْمُجَاهِدِيْنَ .(اَمَّابَعْدُ): فَيَااَيُّهَا النَاسُ اِتَّقُوْ اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنَّ اِلاَّ وَاَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ . اَعُوْذُ بِااللهِ مِنَ الشَيْطَانِ الرَّجِيْمِ. بِسْمِ اللهِ الرَّحْمَنِ الرَّحِيْم.  قَدۡ أَفۡلَحَ مَن زَكَّىٰهَا.  

Hadirin jamaah jum’ah rohimakumullah !

Sadaya puji urang sanggakeun ka Allah dzat anu maha suci, anu parantos ngawajibkeun ka urang sadaya shaum sasasih dina sasih ramadhon.

Shalawat miwah salam mugi didugikeun ka gusti Nabi  anu pinilih nyaeta kangjeng Nabi Muhammad s.a.w, ka kulawargina, para sahabatna sareng sakumna ummat muslimin-muslimat.

Dina danget ieu, di bulan syawal urang sadayana dipasihan nikmat ku Allah swt. Nikmat  kasucian jiwa ladang riyadhoh, mujahahadah jeung tazkiyatunnufus (latihan, berjuang jeung ngabersihkeun hate) dina sasih ramadhon.

Sangkan jiwa jeung raga urang ningkat kana darajat takwa ka Allah subhanahu wata’ala.

Asa sakolebat pisan urang ngadegkeun shalat iedul fithri, gumuruhna sora takbir,tahlil sareng tahmid anu diucapkeun  rebuan malih jutaan ummat Islam sa-alam dunya di marcapada, satungkebing langit satangkaraking jagat, ti rupa-rupa bangsa jeung tingkatan.

Pujian jeung syukur  kana sagala nikmat Allah rehna parantos ngalaksanakeun ibadah anu mulya nyaeta puasa, nahan lapar jeung dahaga, nahan nafsu amaroh (jiwa anu hina), tur ngajauhan ma’siat jeung kajahatan pikeun ngahontal kabagjaan dunya jeung akherat nyaeta ku kasucian jiwa.

Pidawuh Allah SWT:

 قَدۡ أَفۡلَحَ مَن زَكَّىٰهَا ٩ وَقَدۡ خَابَ مَن دَسَّىٰهَا

Hartosna: “Saestuna bagja jalma anu nyucikeun jiwana, Jeung cilaka pisan jalma anu ngotoran jiwana.” (as-syams: 9-10)

Halaman
123

Berita Terkini