Assalamu'alaikum warohmatullahi wabarokatuh.
Anu ku simkuring dipikahormat ka …….., Bapak/Ibu …., sareng rerencangan anu dipikacinta.
Puji sinareng syukur urang panjatkeun ka Allah SWT anu parantos maparin rohmat sareng hidayah-Na, sahingga dina kasempetan ieu urang tiasa riung mungpulung tanpa aya halangan-halangan.
Dina kasempetan ieu kuring baris nepikeun biantara ngeunaan "Sumpah Pemuda". Sumpah nonoman mangrupa wujud sumanget para nonoman pikeun ngusir penjajah di Indonésia.
Sumpah Pemuda diémutan unggal 28 Oktober. Ku kituna, salaku generasi penerus bangsa, urang kudu boga sumanget anu luhur.
Sakitu anu tiasa didugikeun upami aya kalepatan, hapunten.
Wassalamu'alaikum warohmatullahi wabarokatuh.
Baca juga: 10 Pantun Sumpah Pemuda 2023 Menarik, 4 Baris Penuh Semangat Berkobar
#Contoh Ketiga
Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh
Bapak/Ibu guru, kakak-kakak panitia, baraya sebangsa setanah air anu ku simkuring dipikahormat.
Alhamdulillah urang sadayana masih dipasihan kasempatan ku Allah SWT kangge ngariung kumpul di tempat iyeu dina rangka mieling Hari Sumpah Pemuda anu ka-95.
Puji sinareng syukur urang panjatkeun ka Allah SWT anu parantos maparinan ni’mat iman, islam sareng kasehatan ka urang sadaya.
Sholawat sinareng salam mugia salamina dilimpahkeun ka jungjunan urang sadaya Nabi Muhammad SAW, ka kulawargina, ka para sahabatna sareng ka umatna dugi ka akhir zaman.
Baraya anu ku simkuring dibanggakeun,
Poé Sumpah Pemuda mangrupa poé bersejarah pikeun bangsa Indonésia. Dina tanggal 28 Oktober 1928, para nonoman ti sagala rupa wewengkon, suku, agama jeung golongan ngumpul di Jakarta sarta ngangkat sumpah nonoman.