Seputar Islam

2 Materi Khutbah Idul Adha 1444 H/2023 dalam Bahasa Sunda, Berisi Pesan Menyentuh dan Penuh Haru

Penulis: M Fadli Dian Nugraha
Editor: Novaldi Hibaturrahman
AA

Text Sizes

Medium

Large

Larger

Kumpulan Naskah Khutbah Idul Adha Memakai Bahasa Sunda lengkap untuk dibaca.

Teks Khutbah Idul Adha Bahasa Sunda 2

Kumpulan Naskah Khutbah Idul Adha Memakai Bahasa Sunda lengkap untuk dibaca.

Hadirin Ahli Jum’ah Rohimakumulloh !

Dina ngawitan sasih Syawal atanapi dinten-dinten saatosna lebaran biasana umat Islam sok disibukkeun ku rupi-rupi kagiatan patarema atanapi pasamoan anu dipatalikeun sareng idul fitri, di urang mah katelahna acara halal bihalal, bade dina acara tepung wargi atanapi sok disebat haolan atanapi silaturahmi lembaga/organisasi.

Baca juga: Syarat dan Ketentuan Hewan untuk Kurban Idul Adha 1444 H/2023 Sesuai Anjuran Rasulullah, Ini Cirinya

Dina acara halal bihalal kanyataanana mah taya lian ti silaturrahmi sakumaha dianjurkeun dina agama Islam.

Dina acara Halal bihalal geusan silih-lubarkeun dosa, nyuhunkeun dihampura jeung ngahampura.

Silih lubarkeun dosa antara sasama muslim dicirian ku cara-cara patarema dampal panangann, ieu teh kacida mulya, asal papada jinisna atanapi sareng mahramna. Kangjeng Nabi SAW
dina dawuhanana :

”Teu pati-pati dua jalma muslim anu papanggih tuluy sasalaman kajaba baris dihampura dosana
samemeh duanana papisah deui“. { HR. Abu Daud, Turmudzi, Ibnu Majjah }

Malihan dina Al-Qur’an pisan:

الَّذِيۡنَ يُنۡفِقُوۡنَ فِى السَّرَّآءِ وَالضَّرَّآءِ وَالۡكٰظِمِيۡنَ الۡغَيۡظَ وَالۡعَافِيۡنَ عَنِ النَّاسِ‌ؕ وَاللّٰهُ يُحِبُّ الۡمُحۡسِنِيۡنَ‌ۚ

”Jeung anu ngahampura ka jalma-jalma, jeung Alloh micinta jalma-jalma anu ngalampahkeun
kahadean“. { QS. Ali Imron: 134 }.

Margi kitu, saha jalma nu teu ngahampura kana kasalahan batur, eta teh bakal dibenduan ku Alloh
SWT.

Malahan kacida mulya sareng sakedahna saparantos urang puasa jeung zakat pikeun meresihan
diri, urang ikhlas pikeun silih hampura.

Dawuhan Gusti Alloh dina QS. Al-Maidah, ayat 13 :

فَبِمَا نَقْضِهِم مِّيثَٰقَهُمْ لَعَنَّٰهُمْ وَجَعَلْنَا قُلُوبَهُمْ قَٰسِيَةً ۖ يُحَرِّفُونَ ٱلْكَلِمَ عَن مَّوَاضِعِهِۦ ۙ وَنَسُوا۟ حَظًّا مِّمَّا ذُكِّرُوا۟ بِهِۦ ۚ وَلَا تَزَالُ تَطَّلِعُ عَلَىٰ خَآئِنَةٍ مِّنْهُمْ إِلَّا قَلِيلًا مِّنْهُمْ ۖ فَٱعْفُ عَنْهُمْ وَٱصْفَحْ ۚ إِنَّ ٱللَّهَ يُحِبُّ ٱلْمُحْسِنِينَ

”Mangka Anjeun kudu hampura maranehna jeung lubarkeun dosana, saenyana Alloh mikacinta kajalma-jalma anu nyieun kahadean “.

Pikeun saha bae, sanaos kacida beuratna hahampuraan alatan hiji masalah, tapi nyuhunkeun dihampura jeung bakal ngahampura nu jadi cukang lantaran mampu ngalawan hawa nafsu urang sorangan, ieu kacida mulyana mungguh Alloh Swt.

Manusa nu jadi sabab tempatna hilap, moal aya saurang oge nu teu pernah salah atawa teu gaduh dosa perdosa. Jalmi nu sae teh sanes jalma anu tara lepat, tapi jalmi nu sae teh nyaeta jalmi anu sanggup ngomean dirina tina kasalahan-kasalahan nu pernah dilakukeun ku manehna.

Kanggo emutaneun urang sadaya, aya pidawuh Rosululloh SAW nu tiasa janten eunteung dina hirup kumbuh papada manusa.

Sabab hirup di dunya moal bisa sosoranganan, pasti dina emprona mah bakal butuh ku batur.

Bag-bagan nu kitu disebatna ibadah hablumminannas. Sabab pentingna ngariksa hablumminannas, dicarioskeun dina salah sahiji hadits nu diriwayatkeun ku Imam Muslim, yen
Rosululloh SAW kantos tumaros ka para sohabat :

” Saha sabenerna ari jalma nu bangkrut teh ? “,para Sohabat ngawaler : ” jalma nu teu gaduh artos sareng teu gaduh harta !”.

Teras Rosululloh SAW negeskeun : ” Saenyana jalma anu bangkrut teh nyaeta jalma nu balik ka aherat mawa ganjaran solat anu loba, ganjaran puasa, ganjaran zakat anu lain saeutik, tapi hanjakal anu sakitu lobana beak dipake.

Mayaran hutang lantaran keur hirupna di dunya sok nganyeurikeun hate batur, ngadoliman ka nu sejen nepi ka ganjaran anu sakitu lobana teu mahi dipake mayaran hutang, anu antukna jadi tibalik dosa batur anu didoliman dipindahkeun ka manehna, tuluy dialungkeun kana naraka “. {HR. Muslim tiAbi Hurairoh-Hadits Pembina Iman dan Akhlak, kaca 96}.

Mudah-mudahan urang sadayana, kalebet hamba-hamba Alloh nu lulus saomna, anu sanggup ngalawan nafsu pikeun silih lubarkeun dosa sareng salawasna kenging kani’matan pangampura
Alloh. Amiin !.

Kumpulan Naskah Khutbah Idul Adha Memakai Bahasa Sunda lengkap untuk dibaca.

 

Baca juga: Bacaan Bilal Sholat Idul Adha 2023, Lengkap Arab Latin dan Artinya Beserta File Link PDF

Baca artikel dan berita lainnya langsung dari google news

 

Berita Terkini