Seputar Islam
Materi Khutbah Jumat Bahasa Sunda Edisi 18 Juli 2025, Bermakna dan Khidmat
Berikut akan disajikan contoh Khutbah Jumat terbaru edisi 18 Juli 2025 dalam Bahasa Sunda yang berkesan dan penuh makna untuk dibagikan pada Jamaah
Penulis: Putri Kusuma Rinjani | Editor: Putri Kusuma Rinjani
Anu salajengna urang sing tiasa ngamanfaatkeun eta musibah keur ngomean diri sareng tingkah ibadah kanu Alloh swt.
Hadirin rohimakumulloh
Urang terkadang mandang musibah teh hiji perkara anu kirang sae, pikasediheun, pikabeurateun, sareng matak nyangsarakeun.
Padahal mah di sapengkereun musibah teh seueur hikmah jeung kasaean. Janten urang ulah waka awon sangki ka Pangeran, kantenan upamina su’ul adab mah.
Di antawis hikmah lungsurna ujian teh, kahiji musibah teh jadi ujian kaimanan jeung kasobaran keur hiji hamba. Jadi urang ulah waka ngaku jadi jalma anu iman samemeh dipaparin ujian atanapi cocobi. Hal itu saluyu sareng dawuhan Alloh:
أَحَسِبَ النَّاسُ أَنْ يُتْرَكُوا أَنْ يَقُولُوا آمَنَّا وَهُمْ لَا يُفْتَنُونَ
Hartosna, “Naha manusa ngira yen maranehna diantep ngucapkeun ‘Kaula geus iman’, sedengkeun maranehna teu acan diuji,” (QS. Al-‘Ankabut [29]: 2-3).
Ayat ieu ngisyaratkeun yen ujian mangrupakeun kaniscayaan keur jalma-jalma anu ariman.
Sahingga, teu heran keur jalma anu geus apal kana hakekat musibah, musibah teh bakal jadi perkara anu berharga keur nganelan kasabaran, kayakinan, jeung kaimanan ka Alloh swt.
Kadua, musibah teh wujud kanyaah sareng kadeudeuh Alloh. Teu seueur nu uninga yen musibah teh cara Alloh keur mikanyaah hamba-Na. Hal ieu saluyu jeung salah sawios dawuhan nabi urang sadayana:
مَنْ يُرِدِ اللَّهُ بِهِ خَيْرًا يُصِبْ مِنْهُ
Hartosna, “Sing saha jalma anu dikersakeun kenging kahadean, maka anjeuna sok ditimpa ku musibah,” (HR. Al-Bukhari).
Dina hadits sanesna, diuningakeun yen musibah teh cara Alloh keur nikelkeun pahala hamba-Na, sakumaha dawuhan Kangjeng Rosul.
إِنَّ عِظَمَ الْجَزَاءِ مَعَ عِظَمِ الْبَلاَءِ وَإِنَّ اللَّهَ إِذَا أَحَبَّ قَوْمًا ابْتَلاَهُمْ فَمَنْ رَضِىَ فَلَهُ الرِّضَا وَمَنْ سَخِطَ فَلَهُ السَّخَطُ
Hartosna, “Balesan anu gede teh di sagigireun ujian anu beurat. Saenya-enyana Alloh, nalika mikaresep ka hiji kaum, maka Alloh bakal mere ujian ka maranehna. Sing saha anu ridho, maka manehna berhak meunang ridho-Na. Sing saja anu ngewa, maka manehna bakal meunang bebendu-Na,” (HR. At-Tirmidzi).
Sapalih katerangan nyebatkeun, yen musibah teh kanyaah sareng cara Alloh rek ngangkat harkat sareng martabat hamba-Na.
Katilu, musibah teh salah sawios cara Allah kanggo ngahapus atanapi ngifaratan dosa-dosa hamba-Na. Hal ieu sakumaha anu ditetelakan ku Kangjeng Rosul:
مَا مِنْ مُسْلِمٍ يُصِيبُهُ أَذًى مِنْ مَرَضٍ، فَمَا سِوَاهُ إِلَّا حَطَّ اللهُ بِهِ سَيِّئَاتِهِ
Hartosna, “Teu pati-pati hiji jalma muslim ditimpa musibah penyakit atawa musibah sanesna kecuali ku musibah eta Alloh ngahapus kasalahan-kasalahanana,” (Abu Dawud).
Hal ieu anu kadang teu disadari ku urang sadayana, yen teu aya perkara anu awon anu sumping ti Alloh. Kalebet musibah anu saur urang mah teu raoseun, nanging tiasa wae janten tetebus dosa urang, atanapi tiasa wae janten jalan diangkatnya darajat urang.
Khutbah Jumat
Bahasa Sunda
Tribunsumsel.com
18 Juli 2025
Jamaah Sholat Jumat
Kumpulan Khutbah Jumat 2025
Teks Doa Sebelum dan Sesudah Baca Al Quran, Lengkap Tulisan Latin Serta Artinya |
![]() |
---|
Bacaan Doa Ketenangan Hati Serta Pikiran, Lengkap Tulisan Arab, Latin dan Artinya |
![]() |
---|
Bacaan Doa Pagi dan Sore Hari untuk Dirutinkan Setiap Hari, Tulisan Arab, Latin, dan Arti |
![]() |
---|
8 Contoh Kalimat Berita Duka dan Ucapan Duka Cita Islam untuk Orang yang Meninggal Dunia |
![]() |
---|
Doa untuk Jenazah Wanita Versi Pendek dan Panjang, Allahummaghfirlaha Warhamha Waafiha Wafuanha |
![]() |
---|
Isi komentar sepenuhnya adalah tanggung jawab pengguna dan diatur dalam UU ITE.