Seputar Islam

Materi Khutbah Jumat Sambut Ramadhan 2025 dalam Bahasa Sunda, Khidmat dan Penuh Makna

Sidang Jumah anu mulya,  Puji sareng syukur anu utami hayu urang panjatkeun ka Alloh Robbul Izzati. Solawat sareng salam anu sajati mugia tetep dilim

Tribunsumsel.com
ILUSTRASI GAMBAR - Materi Khutbah Jumat Sambut Ramadhan 2025 dalam Bahasa Sunda, Khidmat dan Penuh Makna 

Ku hal sakitu, para ulama tasawuf, salah sawiosna Imam al-Ghazali, ngabagi puasa teh janten tilu tingkatan. Kahiji puasa umum, kadua puasa khusus, katilu puasa paling khusus. Puasa umum nyaeta puasa anu tiba ukur nahan  kahayang padaharan jeung rarangan. 

Salajengna puasa khusus nyaeta puasa nahan anggota badan zohir sapertos panon, cepil, lisan, panangan, sampean, jeung anggota badan sanesna tina pagawean-pagawean dosa. Terakhir puasa  paling khusus nyaeta puasa hate tina patekadan, sifat, jeung pikiran anu goreng, kaasup pikiran anu sifatna duniawi sareng salian ti Alloh. 

Tingkatan anu terakhir biasana tingkatan para nabi, para shidiqin, sareng muqorrobin. Nanging sanes mustahil urang sadayana oge tiasa diajar kanggo ngahontal tingkatan puasa anu paling khusus eta, ngalangkungan mujahadah anu saleres-leresna.   

Ma’asyirol Muslimin Rohimakumulloh, 

Salajengna, kanggo ngiatkeun sumanget urang sadayana dina ngajalankeun ibadah puasa, kacida saena urang uninga kana hikmah-hikmahna puasa. Salah sawiosna anu parantos disinggung di luhur, nyaeta ngahontal darajat takwa. 

Biasana nalika urang puasa urang teu wantun midamel perkara anu ngabatalkeun puasa sanaos teu aya batur. 

Tah dina sagala laku lampah teh urang sapapaosna kedah kitu. Kedah ngaraos disaksikeun jeung diawaskeun ku Alloh. 

Kedah sieun midamel anu matak ngondang bebendu Alloh. Lamun urang atos takwa insya Alloh, urang gaduh bekel anu pangsae-saena dina mayunan kahirupan akherat, sakumaha pidawuh Alloh.  

 وَتَزَوَّدُوا فَإِنَّ خَيْرَ الزَّادِ التَّقْوَى   

Hartosna, “Aranjeun kudu bebekelan. Mung, saenya-enyana bekel anu paling alus nyaeta takwa.” (QS. al-Baqoroh [2]: 197).   

Sedengkeun jalmi anu takwa tos dijangjikeun ku Alloh ngengingkeun magfiroh sareng surga-Na. Matak urang kedah buru-buru dina ngahasilkeunnana, sakumaha dina Al-Quran. 

  وَسارِعُوا إِلى مَغْفِرَةٍ مِنْ رَبِّكُمْ وَجَنَّةٍ عَرْضُهَا السَّماواتُ وَالْأَرْضُ أُعِدَّتْ لِلْمُتَّقِينَ      

Hartosna, “Kudu gagancangan aranjeun muru ampunan ti pangeran aranjeun sareng surga, anu legana salega langit jeung bumi, oge (eta surga teh) disadiakeun keur jalma-jalma anu takwa,” QS. Ali Imron [3]: 133).   

Oge seueur-seueur pisan hikmah anu sanesna, nanging rupina moal tiasa kadugikeun sadayana dina waktos ieu. 

Di antawisna hikmahna teh nyaketkeun diri urang ka Nu Maha Kawasa, diajar ngaraoskeun lapar sareng hausna jalmi fakir sareng sagala kakirangan anu aya di sabudeureun urang, ngajagi kasehatan jasmani, latihan ngeker hawa nafsu anu matak nyilakakeun urang, ngajernihkeun nenangkeun hate jeung pikiran, sareng sajabina.   

Halaman
1234
Rekomendasi untuk Anda
Ikuti kami di
AA

Berita Terkini

© 2025 TRIBUNnews.com Network,a subsidiary of KG Media.
All Right Reserved