Seputar Islam
Materi Khutbah Jumat Sambut Ramadhan 2025 dalam Bahasa Sunda, Khidmat dan Penuh Makna
Sidang Jumah anu mulya, Puji sareng syukur anu utami hayu urang panjatkeun ka Alloh Robbul Izzati. Solawat sareng salam anu sajati mugia tetep dilim
Penulis: Putri Kusuma Rinjani | Editor: Putri Kusuma Rinjani
Tah ibadah puasa teh jadi salah sahiji cara keur urang ngendalikeun hawa nafsu. Nafsu nu awalna bisa dicumponan kahayangna nalika di luar bulan puasa, dina bulan puasa mah wayahna ditahan heula.
Contona nafsu barang dahar ti beurang, jeung nafsu jimak jeung bojo urang. Jeung nalika dicumponannana oge ulah dianteur sakahayangna. Sabab urang teh puasa tea. Puasa hartina nahan perkara anu asalna halal dipigawe ti beurang, komo lamun anu teu halal mah.
Lewih ti batas mah lain meunang kautamaan, tapi malah meunang karugian.
Sidang Jumah anu mulya,
Sanes kanten ti eta, puasa urang teh ulah ngan sabatas nahan lapar padaharan jeung syahwat rarangan hungkul, tapi kudu ditingkatkeun jeung puasa anggota tubuh anu sanesna. Ngajauhan perkara anu matak ngabatalkeun ibadah puasa oge pahala ibadah puasa.
Kalolobaannana urang karek tiasa ningalkeun perkara anu ngabatalkeun puasa. Karek bisa nahan haus jeung lapar saur Kangjeng Nabi tea mah, tapi hikmah jeung faedah puasa anu saenyana teu acan kapibanda. Kitu pisan dina pidawuhna:
كَمْ مِنْ صَائِمٍ لَيْسَ لَهُ مِنْ صِيَامِهِ إِلَّا الْجُوعُ وَالعَطْش
Hartosna, “Seueur pisan jalmi anu puasa, tapi teu kenging bagean nanaon kecuali rasa lapar sareng haus.” (HR. Ahmad)
Ku hal sakitu, hayu urang sami-sami tingkatkeun puasa urang sadayana. Lain ukur puasa padaharan jeung syahwat urang, tapi puasa jeung anggota badan anu sanesna, saperti lisan puasa tina ngagibah, soca puasa tina ningal perkara anu teu halal, kuping puasa tina ngupingkeun perkara anu teu bermakna, panangan puasa tina midamel perkara anu dilarang, sampean puasa tina ngalengkah anu teu dipikarido pangeran, sareng sajabina.
Sabab, pidawuh Kangjeng Rosul, moal ditarima puasa jalmi anu tetep teu ninggalkeun pagawaean gorengna.
مَنْ لَمْ يَدَعْ قَوْلَ الزُّوْرِ والعَمَلَ بهِ فَلَيْسَ للهِ حَاجَةٌ فِي أَنْ يَدَعَ طعَامَه وشَرَابَه
Artinya, “Saha jalma anu teu ninggalkeun cariosan jeung padamelan dosa, maka Alloh moal narima puasana,” (HR al Bukhari).
Eta puasa teh neme kagolong puasa pancadria jeung anggota zohir. Kalih ti eta, urang sadayana kedah ningkat deuih tina puasa zohir kana puasa batin. Hartina, nahan jeung ngendalikeun galecokna hate tina rupa-rupa gerentes jeung kayakinan anu teu hade, saperti syirik alias midua pangeran, goreng sangka, pinuh ku kangewa, dendam, dengki, ujub, takabur, jeung sajabana. Anggur mah, pinuhan hate urang ku rupi-rupi zikir jeung eling ka Alloh swt.
Sabab, yakin eta pisan anu leuwih ngadeukeutkeun urang sareng Mantenna, saatosna urang diajar nurutan salah sawios sifatna, nyaeta teu tuang teu leueut. Walhasil, puasa teh cara manusia nahan hawa nafsuna jeung nurutan sifat Pangerannana supaya leuwih deukeut jeung Mantenna.
Hadirin kaom Muslimin anu dimulyakeun ku Alloh,
Kumpulan Naskah Khutbah Jumat Bahasa Sunda
Materi Khutbah Jumat Bahasa Sunda
Khutbah Jumat Ramadhan
Tribunsumsel.com
Kumpulan Khutbah Jumat 2025
9 Doa Mohon Ampunan dan Rahmat Allah Bersumber dari Alquran, Teks Arab, Latin dan Terjemahan |
![]() |
---|
Doa Menghindari Bala, Allahumma Ya Kafiyal Bala Ikhfinal Bala Qobla Nuzulihi Minassama' Ya Allah |
![]() |
---|
Jadwal Puasa Ayyamul Bidh Bulan Oktober 2025 Rabiul Akhir, Lengkap dengan Jadwal Puasa Senin-Kamis |
![]() |
---|
Kalender Hijriyah Bulan Oktober 2025, Bertepatan Bulan Rabiul Akhir dan Jumadil Awal |
![]() |
---|
Doa dan Amalan Memasuki Bulan Baru Bulan Rabiul Akhir Bertepatan 23 September 2025 |
![]() |
---|
Isi komentar sepenuhnya adalah tanggung jawab pengguna dan diatur dalam UU ITE.