Seputar Islam
Contoh Khutbah Jumat Bahasa Sunda Terbaru Edisi 4 Oktober 2024, Menyentuh dan Berkesan, Ada LINK PDF
Berikut akan disajikan Naskah Khutbah Jumat terbaru Bahasa Sunda edisi 4 Oktober 2024, singkat dan menyentuh hati untuk dibagikan. Tersedia juga dalam
Penulis: Putri Kusuma Rinjani | Editor: Putri Kusuma Rinjani
Hadirin rahimakumulloh
Patarosannana, iraha urang jangji rek nauhidkeun Alloh? Diuningakeun dina hadis Nabi saw., jangji eta saatos bapa urang Nabi Adam ‘alaihissalam diciptakeun. Kitu sakumaha anu disebatkeun dina hadis riwayat Abu Hurairoh.
لَمَّا خَلَقَ اللَّهُ آدَمَ مَسَحَ ظَهْرَهُ، فَسَقَطَ مِنْ ظَهْرِهِ كُلُّ نَسَمَةٍ هُوَ خَالِقُهَا مِنْ ذُرِّيَّتِهِ إِلَى يَوْمِ القِيَامَةِ، وَجَعَلَ بَيْنَ عَيْنَيْ كُلِّ إِنْسَانٍ مِنْهُمْ وَبِيصًا مِنْ نُورٍ، ثُمَّ عَرَضَهُمْ عَلَى آدَمَ فَقَالَ: أَيْ رَبِّ، مَنْ هَؤُلَاءِ؟ قَالَ: هَؤُلَاءِ ذُرِّيَّتُكَ
Hartosna, “Nalika nyiptakeun Adam, Alloh ngusap tonggongna. Maka muruluk tina tonggongna satiap jiwa turunan anu bakal diciptakeun Alloh ti diri Adam nepika poe Kiamat. Salajengna, di antara dua panon satiap manusia tina turunannana Alloh ngajadikeun cahaya anu moncorong. Teras, aranjeuna disodorkeun ka Nabi Adam. Anjeuna tumaros, “He Gusti, saha ari aranjeuna?” Alloh ngawaler, “Maranehna teh turunan anjeun,” (HR. Al-Tirmidzi).
Nalika sadayana calon turunan Adam ‘alaihissalam dikeluarkeun tina tonggongna, Allah nyandak jangji jeung sumpah aranjeuna. Kitu numutkeun Al-Quran.
وَإِذْ أَخَذَ رَبُّكَ مِنْ بَنِي آدَمَ مِنْ ظُهُورِهِمْ ذُرِّيَّتَهُمْ وَأَشْهَدَهُمْ عَلَى أَنْفُسِهِمْ
Hartosna, “Jeung (sing emut), nalika Pangeran anjeun ngaluarkeun turunan anak-anak Adam tina sulbi maranehna, sareng Alloh nyandak kasaksian kana eta diri maraneha,” (QS. Al-A‘raf [7]: 172).
Numutkeun kitu, moal deg kiamat samemeh sadayana turunan Adam anu tos dicandak sumpah jeung jangjina tea gubrag lahir ka alam dunya. Kitu numutkeun anu dijelaskeun ku Abu Muhammad Sahl dina Tafsir at-Tasturi, terbitan Darul Kutub al-‘Ilmiyyah, jilid 13, kaca ka 222.
Hadirin rahimakumulloh
Teras naon eusi perjangjian urang ka Alloh? Sareng naon tujuannana? Lajeng ayat di luhur nguningakeun:
أَلَسْتُ بِرَبِّكُمْ قَالُوا بَلَى شَهِدْنَا أَنْ تَقُولُوا يَوْمَ الْقِيَامَةِ إِنَّا كُنَّا عَنْ هَذَا غَافِلِينَ
Hartosna: “(Alloh ngadawuh), Sanes Kaula teh Pangeran aranjeun? Maranehna ngajawab, Leres (salira teh Pangeran abdi sadaya), abdi sadaya janten saksi. (Kaula migawe kieu) supaya dina poe Kiamah anjeun teu nganyatakeun. Saenya-enyana abdi (Bani Adam) nyaeta jalma-jalma anu hilap kana (keesaan Gusti),” (QS. Al-A’raf [7] : 172).
Dumasar ayat eta, urang kedah ngabenerkeun kana kapangeranan Alloh. Sabab kapungkur, urang tos ikrar samemeh gubrag ka alam dunya keur ngaku kana kapangeranan Allah.
Nyakitu keneh, urang oge tos ngaku kana kaesaan Alloh. Hartona, urang tos jangji satia ka Alloh. Urang rek ngabdi sareng kumaula ka Alloh. Moal nyembah ka salian Alloh. Moal menta pitulung salian ti ka Alloh.
Akibatna, urang teu aya alesan teu nauhidkeun Alloh. Kalayan di akhirat urang teu aya alesan urang ngaku hamba anu ingkar jeung notolerkeun jangji. Sadaya nabi jeung rosul parantos ngemutan jangji nu diikrarkeun ku urang sawaktos urang aya di alam ruh.
Sumpah anu sarupa oge parantos di dicandak ku Alloh ti para nabi.
Materi Khutbah Jumat Bahasa Sunda
Naskah Khutbah Jumat Bahasa Sunda
Khutbah Jumat Singkat dan Khidmat
PDF Naskah Khutbah Jumat Terbaru
Kumpulan Teks Khutbah Jumat Tahun 2024
Tribunsumsel.com
Jadwal Puasa Ayyamul Bidh September 2025 , Berikut Bacaan Niatnya Digabung Puasa Senin |
![]() |
---|
Bulan Rabiul Awal, Rajab, Syawal, Muharram dan Safar, Bulan Baik untuk Menikah, Lengkap Dalil |
![]() |
---|
Sebentar Lagi Masuk Bulan Maulid Nabi, inilah 10 Keutamaan dan Amalan yang Dianjurkan |
![]() |
---|
Amalan dan Keutamaan Bulan Rabiul Awal, Bulan Maulid Nabi Muhammad SAW |
![]() |
---|
Teks Bacaan Sayyidul Istighfar Lengkap Tulisan Arab, Latin dan Terjemahannya |
![]() |
---|
Isi komentar sepenuhnya adalah tanggung jawab pengguna dan diatur dalam UU ITE.