Seputar Islam
Contoh Teks Khutbah Jumat Bulan Safar Bahasa Sunda Terbaru Edisi 30 Agustus 2024, Lengkap PDF
Berikut contoh teks Khutbah Jumat bulan Safar dalam Bahasa Sunda edisi terbaru 30 Agustus 2024, singkat dan menyentuh hati, tersedia juga dalam format
Penulis: Putri Kusuma Rinjani | Editor: Putri Kusuma Rinjani
Hadirin rohimakumulloh
Nanging, sagigireun ti hikmah nu eta, urang kedah emut yen musibah tiasa wae janten teguran, khususnya keur jalma-jalma anu lalawora kana parentah Alloh. Salian ti urang kedah yakin yen satiap musibah anu tumiba di bumi atanapi kana diri hakekatna papasten Alloh.
Nyakitu deui urang kedah yakin yen Alloh Maha Kawasa nibankeun perkara naon wae sesuai sareng irodah-Na. Salah sawios hikmah eta musibah teh nyaeta supaya jalma teu kajongjoinan di alam dunya jeung nyombongkeun diri salaku manusa makhluk anu kedah ngabakti ka pangerannana.
Hal ieu loyog sareng dawuhan Alloh dina surah Al-Hadid ayat 22-23
مَا أَصَابَ مِنْ مُصِيبَةٍ فِي الْأَرْضِ وَلَا فِي أَنْفُسِكُمْ إِلَّا فِي كِتَابٍ مِنْ قَبْلِ أَنْ نَبْرَأَهَا إِنَّ ذَلِكَ عَلَى اللَّهِ يَسِيرٌ ، لِكَيْلَا تَأْسَوْا عَلَى مَا فَاتَكُمْ وَلَا تَفْرَحُوا بِمَا آَتَاكُمْ وَاللَّهُ لَا يُحِبُّ كُلَّ مُخْتَالٍ فَخُورٍ
Hartosna, “Teu aya hiji bencana anu nimpa di muka bumi jeung nu nimpa kana diri aranjeun, kecuali geus ditulis dina kitab (lauh Mahfuzh) samemeh Kaula nyiptakeunnana. Saenya-enyana, anu kitu teh gampang kanggo Alloh. Kaula ngajelaskeun kitu) supaya aranjeun ulah putus asa kana perkara anu geus kaliwat ti aranjeun, jeung supaya aranjeun ulah bungah teuing tina perkara anu geus dibikeun ka aranjeun. Jeung ari Alloh teu mikaresep ka jalma-jalma anu nyombongkeun jeung ngabanggakeun diri,” (QS. Al-Hadid [56]: 22-23).
Hadirin rohimakumulloh
Bencana alam sareng musibah tos mineng tumiba ka nagara urang. Tapi urang kadang can sadar kana eta peringatan. Urang can keneh ngomean diri, sikap, sareng kalakuan. Langkung parah deui, sanajan musibah datang silih berganti, urang masih keneh talobeh ngajaga alam. Malahan, masih resep ngaruksak. Sahingga, jelas tur tetela dina Al-Quran, terjadina rupa-rupa karuksakan teh akibat ulah jeung perbuatan leungeun urang.
Mangga urang titenan dawuhan Alloh dina surat Ar-Rum ayat 41.
ظَهَرَ الفَسَادُ فِيْ الُبَرِّ وَاْلبَحْرِ بِمَا كَسَبَتْ أيْدِي النَّاسِ لِيُذِيْقَهُمْ بَعْضَ اَّلذِيْ عَمِلُوْا لَعَلَّهُمْ يَرْجِعُوْنَ
Hartosna, “Tos zohir karusakan di daratan jeung di lautan disebabkeun ku perbuatan leungeun manusa, supaya Alloh ngarasakeun keur maranehna sabagian tina (akibat) perbuatan maranehna, supaya maranehna balik (ka jalan anu bener).”
Walhasil, saruntuyan musibah anu nimpa urang atanapi dulur-dulur urang kedah janten tadzkirah atanapi pepeling keur leuwih ngadeukeutkeun diri ka Alloh Robbul Izzati oge ningkatkeun amal bakti urang ka Mantenna. Salian ti eta, musibah oge nunjukkeun kana kakawasaan Alloh swt.
Sahingga geus sakuduna keur urang mantengkeun doa, ngadeukeutkeun diri, jeung menta panghampura ka Alloh. Sabab, bisa jadi karuksakan jeung musibah nu terjadi akibat kasalahan urang sorangan.
Mugia wae nagara, khususna kampung-kampung urang sing diraksa oge dijaga ku Alloh swt tina sagala rupi balai, bencana, sinareng musibah, terutama musibah anu matak ngaruntagkeun kaimanan ka Mantenna.
بَارَكَ اللهُ لِي وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ. وَنَفَعَنِي وَاِيِّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ الآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ. وَتَقَبِّلَ الله مِنِّي وَمِنْكُمْ تِلاوَتَهُ اِنَّهُ هُوَاالسَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ. أقُوْلُ قَوْلِي هَذا وَأسْتَغْفِرُوا اللهَ الْعَظِيْمَ لَيْ وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ وَالْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ فَاسْتَغْفِرُوْهُ إنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ
Kumpulan Naskah Khutbah Jumat Bahasa Sunda
Materi Khutbah Jumat Bahasa Sunda
Naskah Khutbah Jumat Bahasa Sunda
Naskah Khutbah Jumat Bulan Safar Bahasa Sunda
Naskah Khutbah Jumat Bulan Safar
Kumpulan Teks Khutbah Jumat Tahun 2024
Isi Teks Khutbah Jumat
PDF Naskah Khutbah Jumat Terbaru
Tribunsumsel.com
Sholawat Burdah Lengkap 10 Pasal dalam Tulisan Arab, Latin dan Terjemahannya |
![]() |
---|
Bacaan Doa Sebelum dan Sesudah Bekerja Lengkap Tulisan Latin Serta Artinya |
![]() |
---|
Doa Sujud Sahwi Lengkap Tulisan Arab, Latin dan Terjemahan Indonesia |
![]() |
---|
Jadwal Puasa Ayyamul Bidh Bulan Agustus 2025 - Safar 1447 H Beserta Bacaan Niatnya |
![]() |
---|
Lafal Doa Sebelum dan Sesudah Baca Surat Yasin Malam Jumat, Lengkap Mudah Diamalkan |
![]() |
---|
Isi komentar sepenuhnya adalah tanggung jawab pengguna dan diatur dalam UU ITE.