Seputar Islam
Contoh Teks Khutbah Jumat Bulan Safar Bahasa Sunda Terbaru Edisi 30 Agustus 2024, Lengkap PDF
Berikut contoh teks Khutbah Jumat bulan Safar dalam Bahasa Sunda edisi terbaru 30 Agustus 2024, singkat dan menyentuh hati, tersedia juga dalam format
Penulis: Putri Kusuma Rinjani | Editor: Putri Kusuma Rinjani
TRIBUNSUMSEL.COM - Berikut contoh teks Khutbah Jumat bulan Safar dalam Bahasa Sunda edisi terbaru 30 Agustus 2024, singkat dan menyentuh hati, tersedia juga dalam format PDF yang bisa Anda unduh melalui link tautan dibawah ini.
- Unduh PDF Naskah Khutbah Jumat >>> [Klik Disini:]
____
"Nyandak Hikmah Tina Musibah"
Khutbah I
اَلْحَمْدُ ِللهِ الْمَلِكِ الدَّيَّانِ، وَالصَّلَاةُ وَالسَّلَامُ عَلَى مُحَمَّدٍ سَيِّدِ وَلَدِ عَدْنَانَ، وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ وَتَابِعِيْهِ عَلَى مَرِّ الزَّمَان، وَأَشْهَدُ أَنْ لَّا إِلهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ الْمُنَـزَّهُ عَنِ الْجِسْمِيَّةِ وَالْجِهَةِ وَالزَّمَانِ وَالْمَكَانِ، وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الَّذِيْ كَانَ خُلُقُهُ الْقُرْآنَ، اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلى آلِهِ وِأَصْحَابِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الدّيْن،
أَمَّا بَعْدُ، فَيَاعِبَادَ الرَّحْمٰنِ، فَإنِّي أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِي بِتَقْوَى اللهِ المَنَّانِ، الْقَائِلِ فِي كِتَابِهِ الْقُرْآنِ: أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ، بِسْمِ اللهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ، يَاأَيّهَا الّذَيْنَ آمَنُوْا اتَّقُوا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنّ إِلَّا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ، وَقَالَ وَبَشِّرِ الصَّابِرِيْنَ الَّذِيْنَ إِذَا أَصَابَتْهُمْ مُّصِيْبَةٌ قَالُواْ إِنَّا لِلّٰهِ وَإِنَّا إِلَيْهِ رَاجِعُوْنَ، صَدَقَ اللهً العَظِيْمَ
Hadirin rohimakumulloh
Puji sareng syukur urang panjatkeun ka Alloh Robbun Gofur. Solawat miwah salam mugia salamina dilimpahkeun ka Kangjeng Nabi Muhammad saw. Mugia wae hadirna urang sadayana dina ieu waktos sing janten wasilah diangkenna urang salaku umatna jaga dina poe Kiamah kalayan ngengingkeun syafaatna. Amin ya robbal alamin.
Langkung ti payun, khotib seja ngadugikeun wasiat, khusus ka diri pribadi, umum ka jamaah Jumah sadayana. Hayu urang sami-sami mertahankeun oge ningkatkeun kaimanan sareng katakwaan ka Alloh swt. Takwa anu ngandung hartos tumut kana sagala rupi parentah Alloh oge nebihan tina sagala rupi panyegah Mantenna.
Hadirin rohimakumulloh
Dina sababaraha minggon terakhir, sabagian dulur urang nuju ditibanan musibah. Salah sawiosna musibah banjir anu tumiba ka wargi urang nu aya di Sumatra Barat. Nyakitu deui musibah longsor di Toraja, gempa di Garut, kahalodoan, gagal panen, wabah panyakit, sareng musibah sanesna.
Mun seug ku urang dititenan, alam sapertos anu tos murka kana kasarakahan manusa anu terus-terusan ngaeksploitasi hasilna. Terlepas tina sagala tingkah jeung kasalahan manusa, Al-Qur’an parantos nganyatakeun, yen sadayana musibah parantos digariskeun ku Alloh swt. Sakumaha dawuhan-Nana dina serat at-Taobat ayat 51:
قُلْ لَنْ يُصِيْبَنَا إلاَّ مَا كَتَبَ اللهُ لَنَا هُوَ مَوْلاَنَا وَعَلَى اللهِ فَلْيَتَوَكَّلِ اْلمُؤْمِنُوْنَ
Hartosna, “Dugikeun (Muhammad): Sama sakali moal nimpa kaula salian ti perkara anu tos ditetepkeun ku Alloh ka kaula. Anjeunna nu nangtayungan kaula, jeung ukur ka Allah jalma-jalma anu iman kudu tawakal.”
Dina ayat neme, Alloh ngajelaskeun yen satiap kajadian tos digariskeun ku Alloh. Sahingga ukur ka Alloh, urang nyuhunkeun perlindungan.
Pertarosannana naha Alloh nimpakeun bencana ka hamba-Na? Kalebet ka hamba-Na anu ariman? Kunaon teu nimpakeun musibah ka jalma kafir atanapi jalma anu teu iman? Jawabannana sabab di balik musibah anu terjadi aya hikmah sareng pelajaran anu kalintang ageungna.
Kumpulan Naskah Khutbah Jumat Bahasa Sunda
Materi Khutbah Jumat Bahasa Sunda
Naskah Khutbah Jumat Bahasa Sunda
Naskah Khutbah Jumat Bulan Safar Bahasa Sunda
Naskah Khutbah Jumat Bulan Safar
Kumpulan Teks Khutbah Jumat Tahun 2024
Isi Teks Khutbah Jumat
PDF Naskah Khutbah Jumat Terbaru
Tribunsumsel.com
Sholawat Burdah Lengkap 10 Pasal dalam Tulisan Arab, Latin dan Terjemahannya |
![]() |
---|
Bacaan Doa Sebelum dan Sesudah Bekerja Lengkap Tulisan Latin Serta Artinya |
![]() |
---|
Doa Sujud Sahwi Lengkap Tulisan Arab, Latin dan Terjemahan Indonesia |
![]() |
---|
Jadwal Puasa Ayyamul Bidh Bulan Agustus 2025 - Safar 1447 H Beserta Bacaan Niatnya |
![]() |
---|
Lafal Doa Sebelum dan Sesudah Baca Surat Yasin Malam Jumat, Lengkap Mudah Diamalkan |
![]() |
---|
Isi komentar sepenuhnya adalah tanggung jawab pengguna dan diatur dalam UU ITE.