Seputar Islam

Materi Khutbah Jumat dalam Bahasa Sunda: Islam Agama Nu Nanjeurkeun Kadameyan, Lengkap LINK PDF

Berikut akan disajikan materi Khutbah Jumat dalam Bahasa Sunda berjudul "Islam Agama Nu Nanjeurkeun Kadameyan jeung Kamanusaan", yang menyentuh hati d

Tribunsumsel.com
Materi Khutbah Jumat dalam Bahasa Sunda: Islam Agama Nu Nanjeurkeun Kadameyan, Lengkap LINK PDF 

Ku kituna hayu urang soson-soson nyukuran ni’mat ieu, ku ngalaksanakeun ibadah oge kumaula ka Allah swt, samemeh kasempetan berharga ieu leungit ti diri urang sadayana.

Kanggo langkung ningkatkeun rasa syukur eta, cobi urang tingal dulur-dulur urang nu aya di Palestina. Kumaha kaayaan aranjeuna ayeuna.

Hirup kadungsang-dungsang dibayang-bayang kapaur, karisi, jeung karempan mayunan serangan lawan. Estu teu aya kajongjonan pisan nalika ngajalankeun ibadah nyakitu deui aktivitas sejenna.

Sawalerna urang di Indonesia mah nuju dina katengtreman sareng pohara luginana sapertos ayeuna, piraku teu rek disyukuran ku urang, piraku ieu kasempetan teh teu rek dieusian ku rupa-rupa ibadah jeung ngabakti ka Pangeran?

Asa kabina-bina, batur mah katingal masih nyempetkeun ibadah jeung ngaos Al-Quran sanajan dina kaayaan darurat perang, piraku urang teu rek nyempetkeun ibadah pisan bari dina kaayaan aman jeung lugina?

فَبِأَيِّ آلاءِ رَبِّكُمَا تُكَذِّبَانِ

Ni’mat Allah anu mana deui nu rek dibohongkeun ku urang? Ngan mudah-mudahan wae, ewuh pakewuh nu dirandapan ku dulur-dulur urang di Palestina sing saengalna rengse. Sing sapapaosna Allah maparin kasalametan oge kameunangan ka aranjeuna.

Allah saengalna ngalungsurkeun kadameyan ka aranjeuna. Sabab, teu aya senjata nu tiasa dianggo ku urang salian ti doa sareng ngumpulkeun sasieureun sabeunyeureun rezeki keur ngaringankeun katalangsaraan aranjeuna.

Sakumaha dawuhan Allah:

وَمَا رَمَيْتَ إِذْ رَمَيْتَ وَلَٰكِنَّ اللَّهَ رَمَىٰ ۚ وَلِيُبْلِيَ الْمُؤْمِنِينَ مِنْهُ بَلَاءً حَسَنًا ۚ إِنَّ اللَّهَ سَمِيعٌ عَلِيمٌ

Hartosna: “Sanes anjeun anu mabet nalika anjeun mabet, tapi Allah anu mabet. Saenya-enyana Allah maparin ujian ka jalma-jalma anu arman mangrupa ujian anu hade.” (QS. Al-Anfal [8]: 17).

Mudah-mudahan, bangsa Palestina sing kenging pitulung Allah, oge musuh-musuh aranjeuna sing buburu dielehkeun ku Allah. Sabab, teu aya sesahna kanggo Alloh. Nalika tos dikersakeun, sakumaha kuatna lawan pasti kaelehkeun.

Sanajan numutkeun zohir perang kurang saimbang, nanging nalika Allah parantos ngersakeun, pasti maparin kakuatan jeung kameunangan.

Sabab, yakin jeung tetela, gempuran jeung serangan ka kota Gaza di Palestina, bener-bener kajadian anu tos ngarampas kadameyan sareng kamanusaan. Bener-bener jauh jeung sumanget agama Islam anu ngajungjung kadameyan, kasalametan, sareng sikap ramah tur toleran.

Hadirin sidang Jumah anu mulya

Halaman
1234
Berita Terkait
  • Ikuti kami di
    AA

    Berita Terkini

    © 2025 TRIBUNnews.com Network,a subsidiary of KG Media.
    All Right Reserved