Seputar Islam

Contoh Naskah Khutbah Sholat Ied Idul Adha 2024 Bahasa Sunda, Khidmat dan Penuh Makna, Ada PDF

Berikut akan disajikan contoh naskah Khutbah setelah sholat Ied Idul Adha 2024 dalam Bahasa Sunda, singkat dan penuh makna, tersedia format PDF yang b

Tribunsumsel.com
Contoh Naskah Khutbah Sholat Ied Idul Adha 2024 Bahasa Sunda, Khidmat dan Penuh Makna, Ada PDF 

TRIBUNSUMSEL.COM - Berikut akan disajikan contoh naskah Khutbah setelah sholat Ied Idul Adha 2024 dalam Bahasa Sunda, singkat dan penuh makna, tersedia format PDF yang bisa Anda unduh melalui link tautan dibawah ini.

  • Unduh PDF Naskah Khutbah Ied Idul Adha >>> [Disini:]

__________

"Hade Sangka Kana Parentah ti Allah"

Khutbah I

اَللهُ أَكْبَرُ اَللهُ أَكْبَرُ اَللهُ أَكْبَرُ. اَللهُ أَكْبَرُ اَللهُ أَكْبَرُ اَللهُ أَكْبَرُ. اَللهُ أَكْبَرُ اَللهُ أَكْبَرُ اَللهُ أَكْبَرُ. اَللهُ أَكْبَرْ كَبِيْرًا وَالْحَمْدُ للهِ كَثِيْرًا وَسُبْحَانَ اللهِ بُكْرَةً وَأَصِيْلاً، لَاإِلهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ، صَدَقَ وَعْدَهُ وَنَصَرَ عَبْدَهُ وَأَعَزَّ جُنْدَهُ وَهَزَمَ الْأَحْزَابَ وَحْدَهُ، لاَإِلهَ إِلاَّ اللهُ وَاللهُ أَكْبَرُ، اَللهُ أَكْبَرُ وَللهِ اْلحَمْدُ. الحَمْدُ لِلهِ الَّذِيْ خَلَقَ الزّمَانَ وَفَضَّلَ بَعْضَهُ عَلَى بَعْضٍ فَخَصَّ بَعْضُ الشُّهُوْرِ وَالأَيَّامِ وَالَليَالِي بِمَزَايَا وَفَضَائِلَ يُعَظَّمُ فِيْهَا الأَجْرُ والحَسَنَاتُ. أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى بِقَوْلِهِ وَفِعْلِهِ إِلَى الرَّشَادِ. اللّهُمَّ صَلّ وسّلِّمْ علَى عَبْدِكَ وَرَسُوْلِكَ مُحَمّدٍ وِعَلَى آلِه وأصْحَابِهِ هُدَاةِ الأَنَامِ في أَنْحَاءِ البِلاَدِ. أمَّا بعْدُ، فيَا أَيُّهَا النَّاسُ اتَّقُوا اللهَ تَعَالَى بِفِعْلِ الطَّاعَاتِ. قَالَ اللهُ تَعَالىَ فِي كِتَابِهِ الْكَرِيْمِ: إِنَّا أَعْطَيْنَاكَ الْكَوْثَرَ. فَصَلِّ لِرَبِّكَ وَانْحَرْ. إِنَّ شَانِئَكَ هُوَ الْأَبْتَرُ

Puji sareng syukur urang sanggakeun ka Dzat Allah anu maha Ghafur. Shalawat sareng salam mugi didugikeun ka Kanjeng Nabi Muhammad Saw, oge ka para kulawargana, sahabatna mudah-mudahan dugi ka urang sadaya salaku umatna.

Allahu Akbar 3x

Hadirin Rahimakumullah

Dina ngamalkeun ajaran agama Islam urang kudu husnudzon ka gusti Allah Swt, hartina urang teu meunang suudzon. sabab teu aya ajaran Islam nu bakal ngarugikeun umatna, conto dina parentah puasa mun dilaksanakeun pasti moal madarat, sanajan ti isuk nepi ka burit henteu barang dahar.

Atuh sakalieun indit-inditan atawa gering atawa aya udzur, ku Allah dibere rukhsoh supaya henteu puasa. Jadi eces pisan ajaran agama Islam teh merhatikeun kana kasalametan jiwa jeung kasehatan.

Urang kudu yakin yen tiap-tiap parentah agama pasti manfaatna bakal balik ka urang sorangan. Mun urang ninggalkeun ajaran Islam, pasti bakal rugi kacida akibatna. Keur ngabuktikeun yen parentah agama teh moal ngarugikeun pikeun ummat.contona loba pisan saperti:

Kahiji, Nabi Ibrohim As, nalika ninggalkeun Siti Hajar jeung putrana nu jenengannana Ismail, di hiji lengkob nu nenggang teu aya lembur, sedengkeun Ismail harita masih orok. Nabi Ibrahim cukup ku ngadoakeun supaya kulawargana daek solat, boga akhlak nu hade, sarta dibere rizki ku Allah. Dawuh Allah dina Al-Qur’an

رَّبَّنَا إِنِّى أَسْكَنتُ مِن ذُرِّيَّتِى بِوَادٍ غَيْرِ ذِى زَرْعٍ عِندَ بَيْتِكَ ٱلْمُحَرَّمِ رَبَّنَا لِيُقِيمُوا ٱلصَّلَوٰةَ فَٱجْعَلْ أَفْـِٔدَةً مِّنَ ٱلنَّاسِ تَهْوِى إِلَيْهِمْ وَٱرْزُقْهُم مِّنَ ٱلثَّمَرَٰتِ لَعَلَّهُمْ يَشْكُرُونَ

“Nun gusti pangeran abdi sadaya, sayaktosna abdi parantos merenahkeun sabagian turunan abdidina hiji lengkob nu henteu aya tutuwuhanna, anu pernahna caket bumi Gusti (baitullah) anu dimulyaken. Nun Gusti pangeran abdi sadaya, mugia maranehna kersa ngaradegkeun salat, mugia hatena jalmi-jalmi janten manteng kersa darongkap ka (tempat) maranehna, sareng mugia gusti maparin rizki ka maranehna mangrupi bubuahan, supados maranehna muji sukur. (Qs. Ibrahim: 37)

Terus kanyataanna,kulawarga Nabi Ibrahim As kacida dipikanyaahna ku Allah. Ismail salamet, atuh indungna oge salamet, malah aya sumur zamzam bukti kanyaah Allah anu masih aya dugi ka ayeuna.

Halaman
123
Berita Terkait
  • Ikuti kami di
    AA

    Berita Terkini

    © 2025 TRIBUNnews.com Network,a subsidiary of KG Media.
    All Right Reserved