Seputar Islam
Isi Naskah Khutbah Jumat Bulan Syawal Edisi 19 April 2024 dalam Bahasa Sunda, Menyentuh dan Ada PDF
Berikut akan disajikan contoh naskah Khutbah Jumat dalam Bahasa Sunda edisi 19 April 2024 tentang bulan Syawal yang menyentuh dan penuh makna. Adapun
Penulis: Putri Kusuma Rinjani | Editor: Putri Kusuma Rinjani
Hadirin Rohimakumulloh !
Sapantesna dina poean lebaran dibulan syawal di antara urang aya rasa kagumbiraan jeung kabagjaan anu dirasakeun sahingga nimbulkeun dorongan kahayang sangkan indit ka kadang wargi leumpang ka sobat-sobat. Kalayan bari ngucapkeun
”Taqabbalallahu Minna Wa Minkum Shiyamana Washiamakum”.
Mugi-mugi Allah nampi shaum urang sadayana sareng shaum aranjeuna.
Saterasna Rosul masihan conto amaliah, anu ieu padamelan teh kacida ageung pisan ganjaranna, nalika sabadana rengse shaum sasih ramadhan di sunatkeun shaum genep dinten di bulan syawal. Rasulullah SAW ngadawuh :
مَنْ صَامَ رَمَضَانَ وَأَتْبَعَهُ سِتَّا مِنْ شَوَّلٍ, كَانَ كَصَوْمِ الدَّهْرِ
Hartosna: ”Sing saha jalma anu puasa di bulan romadhan sareng neraskeun genep dinten tina bulan syawal, kaya-kaya saperti anu puasa sataun lamina”. (HR. Muslim)
Dumasar kana katerangan ieu hadits, sabab dina satahun teh aya 360 dinten jeung puasa ramadhan 30 dinten kali 10 jadi 300 dinten ditambih genep dinten puasa di sasih syawal kali 10 sami sareng genep puluh dinten, jadi jumlah sadayana sami sareng satahun lamina.
Sabagian ulama aya anu ngamakruhkeun puasa dibulan syawal anu tujuanna pikeun nyegah kajadianna, tasyabbuh (nyarupaan) sareng ahli kitab anu sok nambah-nambah fardlu, atanapi ku ayana poean lebaran iedul fithri, tiasa misahkeun / ngabedakeun puasa ramadhan tina puasa sasih syawal, mangka leungit bentuk tasyabbuh anu dipikasieun teh, kumargi anu kahiji puasa ramadhan ngarupakeun puasa wajib sedengkeun puasa syawal ngarupakeun puasa sunah.
Numutkeun Abdul Wahab, rahasiahna disunatkeun puasa genep dinteun di bulan syawal, kusabab aya kamungkinan hawa nafsu jalma-jalma baralik deui kana perkara-perkara anu dilarang dicarek ku Allah SWT., anu akibatna eta jalma bakal lalei sareng teu sadar kana prilaku anu teu luyu sareng ajaran agama / pendidikan anu tos dibina dina sasih ramadhan.
Maka puasa genep dinteun ieu ngarupakeun prisai atanapi tameng tina kakurangan ngalakonan puasa dina bulan ramadhan.
Hadirin jamaah jum’ah Rohimakumullah !
Ngalangkungan khutbah ieu hayu urang sami-sami ningkatkeun ka taqwaan ka Allah SWT, nyalindung ka mantenna supados tiasa nguatkeun kaimanan urang kanggo nglaksanakeun ibadah ka mantenna sangkan kenging kabagjaan dunya rawuh akherat.
Mudah-mudahan urang digolongkeun jalmi-jalmi anu kenging ridho mantena. Amin ya robbal ’Alamin.
بَارَكَ اللهُ لِىْ وَلَكُمْ فِى الْقُرْانِ الْعَظِيْمِ, وَنَفَعَنِيْ مِنَ اْلايَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ اِنَّهُ هُوَالسَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ
Contoh Naskah Khutbah Jumat Bulan Syawal
Isi Khutbah Jumat Bulan Syawal 1445H
Kumpulan Naskah Khutbah Jumat Bahasa Sunda
Naskah Khutbah Jumat Terbaru
PDF Naskah Khutbah Jumat Terbaru
Isi Teks Khutbah Jumat
Kumpulan Teks Khutbah Jumat Tahun 2024
Tribunsumsel.com
Doa Sujud Sahwi Lengkap Tulisan Arab, Latin dan Terjemahan Indonesia |
![]() |
---|
Jadwal Puasa Ayyamul Bidh Bulan Agustus 2025 - Safar 1447 H Beserta Bacaan Niatnya |
![]() |
---|
Lafal Doa Sebelum dan Sesudah Baca Surat Yasin Malam Jumat, Lengkap Mudah Diamalkan |
![]() |
---|
Bacaan Surat Yasin Latin Mudah Dibaca Lengkap Artinya PDF, Ayat 1- 83 |
![]() |
---|
Teks Khutbah Jumat Bahasa Jawa Tentang Hari Kemerdekaan, Tersedia File PDF |
![]() |
---|
Isi komentar sepenuhnya adalah tanggung jawab pengguna dan diatur dalam UU ITE.