Seputar Islam
Naskah Khutbah Jumat 23 Februari 2024 Bertema Malam Nisfu Syaban dalam Bahasa Sunda, Beserta PDF
Berikut ini akan disajikan isi Naskah Khutbah Jumat edisi 23 Februari 2024 bertemakan Malam Nisfu Syaban yang menyentuh dan penuh makna dalam Bahasa S
Penulis: Putri Kusuma Rinjani | Editor: Putri Kusuma Rinjani
Ngalangkungan hadis riwayat Anas bin Malik, Kangjeng Rosul ngadawuh:
إِنَّمَا سُمِيَ شَعْبَانَ لِأَنَّهُ يَتَشَعَّبُ فِيْهِ خَيْرٌ كَثِيْرٌ لِلصَّائِمِ فِيْهِ حَتَّى يَدْخُلَ الْجَنَّةَ
Hartosna: “Dinamian Sya’ban margi di lebetna seueur kasaean, terutami keur jalmi anu nyeueurkeun puasa, dugikan balesananana dilebetkeun ka surga.” (HR Anas bin Malik).
Hadirin kaom Muslimin sadayana,
Rasulullah nyalira salaku conto sareng teladan kanggo urang sadaya, sok ngelebetan sasih Sya’ban ku nyeueurkeun puasa sunat. Malihan, jumlah puasa anu dipidamelna ngalangkungan puasa dina bulan-bulan anu sanes salian ti bulan Romadon.
Ternyata nalika ditaros ku para sahabat, mantenna ngawaler yen bulan ieu mangrupikeun bulan diangkatnya sadaya laporan ibadah urang ka Allah swt. Sakumaha anu ditetelakeun dina pidawuhna di luhur. Salian ti eta, seueur pisan kajadian luar biasa anu terjadi dina bulan Sya’ban. Salah sawiosna kajadian dialihkeunnana arah kiblat ti Masjidil Aqsha ka Masjidil Haram.
Hal ieu sakumaha anu parantos disebatkeun dina Al-Quran,
قَدْ نَرَى تَقَلُّبَ وَجْهِكَ فِي السَّمَاءِ فَلَنُوَلِّيَنَّكَ قِبْلَةً تَرْضَاهَا فَوَلِّ وَجْهَكَ شَطْرَ الْمَسْجِدِ الْحَرَامِ وَحَيْثُ مَا كُنْتُمْ فَوَلُّوا وُجُوهَكُمْ شَطْرَهُ
Hartosna, “Kaula ninggal wajah anjeun (Muhammad) sering tangah ka langit, maka Kaula ngalihkeun anjeun ka kiblat anu dipika rido ku anjeun. Maka sanghareupeun wajah anjeun ka arah Masjidil Haram,” (QS. Al-Baqarah [2]: 144).
Hikmah tina peristiwa eta, Allah hoyong uninga ka jalmi-jalmi anu bener-bener iman kana ajaran anu dibawa ku nabina, oge hoyong uninga ka jalmi-jalmi anu ingkar ka anjeuna. Sakumaha dina ayat, “Kaula teu pati-pati ngajadikeun kiblat anu baheula kecuali supaya Kaula uningan saja anu nuturkeun Rasul oge saha anu malengos ka tukang,” (QS. Al-Baqarah [2]: 143).
Hadirin kaom Muslimin sadayana,
Dina peristiwa peralihan arah kiblat ieu, umat Islam bener-bener diuji kaimanannana ku Allah. Teu saeutik maranehna anu ingkar jeung kaluar deui tina ajaran Islam. Nanging, teu saeutik oge anu kaimanananana mingkin kuat ka ajaran anu parantos dicandak ku nabi.
Salian ti eta, bulan Sya’ban oge dikenal salaku bulan solawat ka Kangjeng Nabi. Ku sabab kitu, khususna dina bulan ieu, hayu urang sami-sami ningkatkeun amalan solawat ka mantenna, loyog sareng ayat parentah solawat anu sering pisan ku urang diaoskeun:
إِنَّ اللَّهَ وَمَلَائِكَتَهُ يُصَلُّونَ عَلَى النَّبِيِّ يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا صَلُّوا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوا تَسْلِيمًا
Hiji deui, salah sawios perkara luar biasa anu terjadi dina sasih Sya’ban teh nyaeta dicatetkeunnana jalmi-jalmi anu bakal pupus dina taun eta, sakumaha anu diuningakeun Kangjeng Rosul dina riwayat Abu Ya’la:
Naskah Khutbah Jumat Bulan Syaban
Khutbah Jumat Syaban Bahasa Sunda
Naskah Khutbah Jumat Terbaru
PDF Naskah Khutbah Jumat Terbaru
Kumpulan Teks Khutbah Jumat Tahun 2024
Kumpulan Naskah Khutbah Jumat Bahasa Sunda
Tribunsumsel.com
Khutbah Jumat Rabiul Awal Bahasa Sunda Edisi 29 Agustus 2025, Menyentuh dan Penuh Makna |
![]() |
---|
Teks Khutbah Jumat Bahasa Jawa Maulid Nabi Muhammad SAW, Khidmat dan Menyentuh, Ada LINK PDF |
![]() |
---|
Doa dan Zikir Jumat Pagi, Lengkap Tulisan Arab, Latin Serta Terjemahannya |
![]() |
---|
Doa Nabi Ibrahim Setelah Membangun Ka'bah, Cocok Untuk Berangkat Haji dan Umroh, Arab Latin dan Arti |
![]() |
---|
Teks Khutbah Jumat Bahasa Sunda 29 Agustus 2025, Tema Maulid Nabi Muhammad |
![]() |
---|
Isi komentar sepenuhnya adalah tanggung jawab pengguna dan diatur dalam UU ITE.