Seputar Islam

Naskah Khutbah Jumat 23 Februari 2024 Bertema Malam Nisfu Syaban dalam Bahasa Sunda, Beserta PDF

Berikut ini akan disajikan isi Naskah Khutbah Jumat edisi 23 Februari 2024 bertemakan Malam Nisfu Syaban yang menyentuh dan penuh makna dalam Bahasa S

Tribunsumsel.com
Naskah Khutbah Jumat 23 Februari 2024 Bertema Malam Nisfu Syaban dalam Bahasa Sunda, Beserta PDF 

“Ya Rosulallah, abdi ningal salira saum dina sasih Sya’ban ieu anu teu sasering sasih-sasih sanesna iwal ti sasih Romadon.”

Waleran Kangjeng Rosul:

فَذَلِكَ شَهْرٌ يَغْفُلُ النَّاسُ عَنْهُ، بَيْنَ شَهْرِ رَجَبٍ وَشَهْرِ رَمَضَانَ، تُرْفَعُ فِيهِ أَعْمَالُ النَّاسِ، فَأُحِبُّ أَنْ لَا يُرْفَعَ عَمَلِي إِلَّا وَأَنَا صَائِمٌ

Hartosna, “Ieu teh sasih di mana jalmi-jalmi seueur anu poho. Sasih nu aya di antawis sasih Rojab sareng sasih Romadon. Sasih diangkatna amal-amal manusa. Tah, kaula teh hoyong pisan amal kaula diangkat dina kaayaan puasa.”

Ku hal sakitu, ngalangkungan ieu minbar, khotib wasiat ka diri khatib khususnya, oge ka sadaya jamaah Jum’ah umumna. Hayu urang sami-sami ningkatkeun kaimanan tur katakwaan ka Allah swt. Sanaos ningkatkeun kaimanan sareng katakwaan di tengah zaman anu mingkin sulit sepertos kiwari, sanes perkara anu gampang.

Nanging, sahenteuna kaimanan anu tos aya ulah dugika leupas, ku sabab godaan dunya nu teu sapira, sabari tetap urang waspada supados teu tigebrus kana kahanjakalan anu lana. Margi, teu aya jalan keur nyanghareupan zaman anu mingkin sulit saperti ayeuna, anging ngabentengan diri ku kaimanan jeung katakwaan ka Allah swt.

Hadirin anu mulya,

Salaku jalmi biasa, urang tangtu moal luput tina salah jeung dosa. Tapi, kaayan ieu parantos diantisipasi ku Allah swt, Dzat anu maha ngadamel oge Dzat nu maha unginga kana kaayaan makhluk nu diciptakeunnana.

Ku sabab kitu, Allah parantos marentahkeun urang sadayana keur tobat, sakumaha anu diunggelkeun dina surah at-Tahrim ayat 8 anu parantos ku khotib diaoskeun dina muqodimah:

يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا تُوبُوا إِلَى اللَّهِ تَوْبَةً نَصُوحًا
Ma’nana wallahu a’lam bimurodih:

“He jalma-jalma anu ariman, tarobat anjeun sadaya ka Allah swt kalayan tobat anu nasuha (nyaeta tobat anu samurni-murnina).”

Ngalangkungan ieu ayat, sanaos teu sacara langsung, Allah oge wasiat ka hamba-hamba-Na yen Mantenna muka panto panghampura keur urang sadayana. Sabab teu mungkin Allah marentahkeun hamba-Na keur ngalaksanakeun tobat, mun teu muka panto panghampura.

Nanging, panghampura teu serta merta dibikeun ka urang sadayana salaku hamba kecuali urang kudu usaha keras ngahasilkeunnana. Salah sawiosna ku tobat nasuha tadi. Hadirin kaom Muslimin sadayana, Tah eta perkara anu ku urang kedah ditingkatkeun salami dina sasih Sya’ban ieu.

Alhamdulillah, dina danget ieu urang tos ngalangkungan nisfu Sya’ban atanapi pertengahan sasih Sya’ban. Nanging sanes hartos urang kenging leha-leha, tapi sawangsulna urang kedah langkung ningkat, terutami dina raragi nyambut sasih anu suci, nyaeta sasih Romadon.

Numutkeun para ulama, sasih Sya’ban oge mangrupikeun sasih anu mulya tur agung. Di lebetna seueur rurahasiah sareng kaistimewaan anu ku Allah dikhususkeun kanggo ieu sasih. Salah sawiosna, sakumaha anu diuningakeun ku Kangjeng Rosul, yen sasih Sya’ban teh matak dinamian sya’ban oge margi janten sasih anu seueur cabang kasaeannana.

Halaman
1234
Berita Terkait
Ikuti kami di
AA

Berita Terkini

© 2025 TRIBUNnews.com Network,a subsidiary of KG Media.
All Right Reserved