Seputar Islam

Contoh Naskah Khutbah Jumat 2 Februari 2024 Dalam Bahasa Sunda, Berkesan dan Penuh Makna, Ada PDF

Berikut adalah contoh naskah Khutbah Jum'at edisi 2 Februari 2024 (bulan Rajab 1445H) Bahasa Sunda yang singkat, berkesan dan penuh makna. Tersedia pu

Tribunsumsel.com
Contoh Naskah Khutbah Jumat 2 Februari 2024 Dalam Bahasa Sunda, Berkesan dan Penuh Makna, Ada PDF 

Permusuhan jeung ancaman ti kaum Quraisy kacida gedena, tekanan demi tekanan kalintang beuratna.

Anjeuna diboikot ku kaum musyrikin anu lumangsung salami 3 tahun.

Teras Kangjeng Nabi SAW, ditimpa musibah nyaeta ku wafatnya Abu Tholib pamanna anu ngasuh jeung anu teras ngajaga anjeuna tina gangguan-gangguan kafir quraisy dina da’wah.

Teras dina taun eta oge anjeunna kedah ikhlas dikantunkeun ku Istrina nyaeta Siti Khadijah, anu teras-terasan ngabantos sareng ngabela da’wahna Rasulullah. Siti Khadijah istrina Kangjeng Nabi, sareng Abu Tholib pamanna, mangrupikeun dua Jalmi anu disegani ku kafir Quraisy, dina taun eta dipanggil ku Allah SWT

Sahingga Kangjeng Nabi SAW teu ngagaduhan deui pembela anu kuat dina mayunan ancaman sareng panyiksaan ti kafir Quraisy. Kalintang sedihna Kangjeng Nabi Muhammad dikantunkeun ku Istri anu kacida mulyana dina waktos anu kacida dibutuhkeunana dugikeun ka anjeuna nyarios:

 وَاللَّهِ مَا أَخْلَفَ اللَّهُ لِى خَيْرًا مِنْهَا ، وَقَدْ آمَنَتْ بِى إِذْ كَفَرَ بِيَ النَّاسُ وَصَدَّقَتْنِى وَكَذَّبَنِى النَّاسُ ، وَوَاسَتْنِى مِنْ مَالِهَا إِذْ حَرَمَنِى النَّاسُ وَرَزَقَنِى اللَّهُ عَزَّ وَجَلَّ الْأَوْلاَدَ مِنْهَا ، إِذْ حَرَمَنِى أَوْلاَدَ النِّسَاءِ

Hartosna: “Sareng Allah anu ngagentos anu langkung sae tianjeuna. anjeuna iman kakami saat manusa ingkar ka kami. Anjeuna anu ngabenerkeun kami saat manusa ngabohongkeun ka kami. Anjeuna anu ngahibur kami ku hartana saat manusa pelit. jeung Allah masihan kami anak lalaki saat aya nu ngaharamkeun anak awewe.” (HR. Ahmad)

Saparantosna dikantunkeun ku Abu Tholib RA sareng Siti Khadijah RA, Akhirna Kangjeng Nabi SAW ngizinkeun ka para sahabatna supados hijrah ka Thoif.

Nanging penduduk Thoif, henteu nyambut ka Kangjeng Nabi SAW malahan maranehanana ngusir ka Kangjang Nabi sareng pengikutna bari maledogan ku batu, Akhirna Kangjeng Nabi mulih deui bari kaayaan salirana seueur ku tatu.

Hadirin Jamaah Jum’at Rahimakumullah

Nya dina waktos eta Kangjeng Nabi kacida pisan ngaraos sedih, teras anjeuna ngado’a nyuhunkeun perlindungan kalayan pasrah ka Allah SWT. Doa anu kacida miris pinuh ku kasedihan, sahingga Allah ngutus hiji Malaikat pangjaga Gunung kanggo nawiskeun bantuan:

“Hei Muhammad, saestuna Allah nguping omongan kaom anjeun ka anjeun. kami malaikat pangjaga gunung, teras Allah ngutus kami ka anjeun pikeun ngalaksanakeun naon anu diparentahkeun ku anjeun, upama anjeun menta ka kami, kami bakal ngahijikeun dua gunung pikeun ngahancurkeun manehanana.

Tapi kumaha waleran Rasululloh ?…“Kami miharep sangkan Allah ngaluarkeun tina sulbi-sulbi manehanana, sahingga jalma-jalma daek nyembah ka Allah anu Esa, jeung henteu Musyrik ku naon-naon bae oge. (HR. Bukhori wa Muslim)

Eta mangrupikeun salah sawios kaluhuran akhlaq Rasulullah SAW anu henteu ngagaduhan rasa dendam oge kebencian, sanajan ka jalma anu aniaya ka anjeuna. Sadaya cobaan beurat anu dialaman ku Rasulullah sareng para sahabatna eta moal sanggup dipayunan ku sadaya jalmi di alam dunya ayeuna.

Salajengna cobaan anu kacida beuratna dina taun eta, maka Allah ngaisrokeun sareng ngami’rojkeun Kangjeng Nabi Muhammad SAW, dina hiji wengi pasna dina wengian 27 Rajab.

Halaman
123
Berita Terkait
Ikuti kami di
AA

Berita Terkini

© 2025 TRIBUNnews.com Network,a subsidiary of KG Media.
All Right Reserved