Seputar Islam
Contoh Naskah Khutbah Jumat 12 Januari 2024 Bertema Rajab dalam Bahasa Sunda Menyentuh Hati, Ada PDF
Berikut merupakan contoh naskah Khutbah Jum'at edisi 12 Januari 2024 dalam Bahasa Sunda bertemakan bulan Rajab yang menyentuh hati dan penuh makna. Te
Penulis: Putri Kusuma Rinjani | Editor: Putri Kusuma Rinjani
من لم تَنْهَهُ صَلَاتُهُ عن الفَحْشَاءِ وَالمنكرِ لم يَزْدَدْ من اللّهِ إلّا بُعْدًا
“Sing saha jalma anu solatna henteu matak nyegah tina pagawean anu matak dosa jeung munkar, maka eta jalma teh tambah jauh tina rohmat Allah” (Riwayat Thobroni)
Ku margi kitu, solat teh janten tihang agama. Kuat atwa henteuna nyekel agama gumantung kana solatna, sakumaha pidawuh kangjeng Nabi Muhammad Saw. :
الصلاة عماد الدين، فمن أقامها فقد أقام الدين ومن تركها فقد هدم الدين
“Ari solat teh tihang agama. Saha jalma anu ngalakonan solat, mangka eta jalma the nangtungkeun agamana jeung saha jalma ninggalkeun solat, maka eta jalma ngarugrugkeun agamana.” (Riwayat Baihaqi)
Malah di akherat oge anu pangpayunna diparios teh ngeunaan solat pisan, sakumaha pidawuh kangjeng Nabi Muhammad Saw :
أول ما افترض الله تعالى على أمتي الصلوات الخمس، وأول ما يرفع من أعمالهم الصلوات الخمس، وأول ما يسألون عن الصلوات الخمس
“Anu pangheulana diwajibkeun ku Allah ka umat kaula, nyaeta ngalakonan solat lima waktu. Amal-amalan umat kaula anu pangheulana diangkat (kalangit), solat lima waktu. Amal-amalan umat kaula anu pangheulana bakal dipariksa teh nyaeta solat lima waktu keneh. “ (Riwayat Al Hakim)
Para hadirin sadaya
Sajaba ti eta ciri wanci anu eces pisan ngabedakeun antara jalma muslim jeung anu kafir oge ku ngalakonan solat, da pagawean sanesna mah ampir sami antara muslim sareng kafir teh.
Kumargi kitu ibadah solat teh perlu dimumule anu sasae-saena, ulah dilalaworakeun, sanaos repot sakumaha repotna oge, satungtung sanes daruratmah. Sakumaha pidawuh Nabi Saw :
ما من امرئ مسلم يحضره صلاة مكتوبة، فيحسن وضوءها وخشوعها وركوعها، إلا كانت له كفارة لما قبلها من الذنوب، ما لم يأت كبيرة و ذلك الدهر كله
“Teu pati pati aya jalma muslim anu nyanghareupan waktu solat fardu terus manehna wudu anu sampurna, solatna bari khusyu’ (henteu malaweung), ruku’ jeung sujudna beres, anging eta solatna teh bakal jadi kafarat (panglebur) kana dosana anu geus kaliwat, satungtung henteu ngalakonan dosa gede ( ari dosa gedemah bisa leburna ngan ku tobat anu nasuha / nyumponan pasaratanana ). Tah eta kitu teh tina salilana jaman.” (Riwayat Muslim)
Para hadirin sadaya
Ngalakonan solat fardu teh sajabi ti hikmah anu kasebat tadi anu sakitu pentingna, ngandung deui hikmah ngeunaan kasehatan rohani katut jasmani jeung kamajengan kabudayaan anu rongkah pisan, margi ngalakonan solat teh ngandung hartos deui kana:
Materi Khutbah Jumat Bahasa Sunda
Naskah Khutbah Jumat Bahasa Sunda
Khutbah Jumat Bahasa Sunda Tema Rajab
PDF Naskah Khutbah Jumat Terbaru
Naskah Khutbah Jumat Bulan Rajab
Kumpulan Teks Khutbah Jumat Tahun 2024
Tribunsumsel.com
3 Contoh Teks Khutbah Jumat Tema Bulan Rabiul Awal Bulan Maulid Nabi Muhammad SAW |
![]() |
---|
Materi Khutbah Jumat Maulid Nabi Muhammad SAW Edisi 29 Agustus 2025, Khidmat dan Ada PDF Disini |
![]() |
---|
Teks Doa Sebelum dan Sesudah Baca Al Quran, Lengkap Tulisan Latin Serta Artinya |
![]() |
---|
Bacaan Doa Ketenangan Hati Serta Pikiran, Lengkap Tulisan Arab, Latin dan Artinya |
![]() |
---|
Bacaan Doa Pagi dan Sore Hari untuk Dirutinkan Setiap Hari, Tulisan Arab, Latin, dan Arti |
![]() |
---|
Isi komentar sepenuhnya adalah tanggung jawab pengguna dan diatur dalam UU ITE.