Seputar Islam
Materi Khutbah Jumat Edisi 24 November 2023 dalam Bahasa Sunda, Khidmat dan Penuh Motivasi, Ada PDF
Berikut ini adalah materi khutbah jum'at dalam bahasa Sunda edisi 24 November 2023 yang bisa dijadikan referensi, mengandung makna terbaik, khidmat da
Penulis: Putri Kusuma Rinjani | Editor: Novaldi Hibaturrahman
Hartosna, “Sing uninga, yen ku eling ka Alloh hate aranjeun bakal tengtrem,” (QS. ar-Ra’du [13]: 28).
3. Tobat sareng Sumerah Diri ka Alloh Tiap jalma tangtosna ngagaduhan dosa. Ubarna nyaeta tobat sanduk-sanduk ka Alloh. Ibarat urang tos bobolokot kotor terus mandi. Tah eta gambaran jalma anu tobat ka Alloh. Ningal hambana anu tobat, Alloh kalintang bingahna.
Oge sagigireun ti tobat, lamun urang hayang tenang hate teh nyaeta sumerah kana naon nu janten papasten Alloh. Saena atanapi gorengna. Nanging, sing yakin, sagala rupa perkara anu datang ti Alloh, pasti sae.
Goreng soteh di payunen paningal urang. Mungguh Alloh mah, sakali deui, teu aya gorengna. Teras kumaha deuih jaminan Allah keur jalma anu tawekal atawa sumerah diri ka Alloh?
Dina Al-Quran parantos ditetelakeun:
وَمَنْ يَتَوَكَّلْ عَلَى اللَّهِ فَهُوَ حَسْبُهُ إِنَّ اللَّهَ بَالِغُ أَمْرِهِ
Hartosna, “Sing saha-saha jalma anu tawakal ka Alloh, maka Alloh bakal nyukupkeun (kaperluan)-na.” (QS. ath-Thalaq [65]: 2-3).
Hadirin sidang Jumah anu mulya
Walhasil, dina sagala rupa perkara urang kedah tumarima kana papasten Alloh. Rezeki urang bade seueur saalit kedah bersyukur ka Alloh.
Sabadana ikhtiar anu maksimal, urang kedah sumerah ka Alloh. Pokona dina sagala widang urang kedah gumantung ka Alloh.
Lamun urang atos kitu, tangtu hate urang bakal tenang jeung lega. Sing emut anu matak nyumpekkeun hati teh nyaeta totojrokna hate urang sorangan. Bingungna urusan sadayana diemutan ku urang, teu dipasrahkeun ka Alloh.
Teu narimana hate kana papasten Alloh. Teu syukurna hate ka Alloh. Nu akibatna urang ngarandapan karugian. Di dunya teu syukur, teu kaburu ibadah, oge di akherat teu kenging rido Alloh. Kacida rugina.
4. Nungtut Elmu Alloh Sidang Jumah anu mulya, peryogi kauninga ku urang sadayana, yen nyiar elmu teh kalebet sabab tenang jeung caangna hate tina poekna kabodoan. Ku hal sakitu, urang ulah pere tina nyiar elmu Alloh.
Katambih nyiar elmu teh mangrupakeun kawajiban urang paripaos ti mimiti diais nepika dipais harti lebet liang kubur. Sabab, elmu teh cahaya anu bakal nganteurkeun pemilikna kana jalan kasalametan.
5. Tulung tinulung jeung Mere Mangfaat ka Papada Jalma Sakumaha hadis anu tos didugikeun di awal khutbah, yen jalma anu nulungan bubutuh batur, maka bakal ditulungan deui bubutuhna ku Alloh. Sing saha-saha jalma anu nulungan kasusah hiji jalma, maka bakal ditulungan kasusahna ku Alloh dina poe kiamah.
Kumpulan Hadits Hikmah Bersholawat, Diampuni Dosa, Dikabulkan Hajat Dikumpulkan di Surga |
![]() |
---|
Kumpulan Doa Saat Ikut atau Melihat Aksi Demonstrasi, Mohon Perlindungan Allah, Doa-doa Nabi Musa |
![]() |
---|
Catat Tanggalnya, Jadwal Puasa Senin-Kamis dan Puasa Ayyamul Bidh September 2025, Ada 11 Hari |
![]() |
---|
Doa Agar Dijauhkan dari Pemimpin yang Zalim, Lengkap Tulisan Arab, Latin dan Artinya |
![]() |
---|
Arti Ayat Ya Ayyuhalladzina Amanu Shollu Alaihi Wa Sallimu Taslima, Perintah Allah untuk Bershalawat |
![]() |
---|
Isi komentar sepenuhnya adalah tanggung jawab pengguna dan diatur dalam UU ITE.